BUDAYA  

CARPON Imut Bulan

Kénging Maman, S.Pd., M.Pd.

Gambar1 4
Maman, S.Pd., M.Pd., guru Bahasa Indonesia SMAN 1 Kadugede, Kabupaten Kuningan. (Foto: Dok. Pribadi)

GEULIS? Tangtos wé salira geulis, Nyi. Mun henteu, pamohalan kuring kabungbulengan ku salira. Malah ogé salira leuwih geulis batan widadari. Naon margi? Pan téa widadari mah ukur fiksi, ukur dongéng, ngabobodo anu céngéng. Salira mah aya bungkeuleukna. Widadari mah ukur disawang-sawang, siga kitu siga kieu.

Keur kuring, Nyi, salira minangka totondén kaéndahan nu dilungsurkeun ku Gusti Alloh ka alam dunya. Jalaran kitu, punten, nyuhunkeun widi nya, kuring seja micinta anjeun, cinta lain pupulasan. Tambih lami neuteup pameunteu salira, tambih kabungbulengan ieu haté. Ah, asa teu aya babandingannana tuda. Salira enyaan geulis béh ditueun ti geulis.

Poé ieu, nya dina poé ieu pisan anu jadi hanjuang siang, tempat urang mitembeyan léngkah. Nya dina poé ieu pisan urang hirup. Nya kitu pisan, dina poé ieu pisan urang kedah nyieun lampah anu panghadé-hadéna, malar hirup leubeut ku wibawa. Supaya urang salaku manusa langkung-langkung manusiawi. Nya kitu, poé ieu salira katingali geulis kawanti-wanti éndah kabina-bina. Kuring yakin béh ditueun ti yakin, sakabéh lalaki katarik kapati-pati kapentang asmara cinta ku pameunteu anjeun. Saban lalaki tayohna mah hayang ngagaléntor waruga salira. Alami éta téh, Nyi, lir alamina kuda ngahakanan jukut. Sing percanten, Nyi, teu aya nu bisa ngahahalang cinta. Malah déwa pisan, teu aya nu wasa ngahahalang cinta lalaki  ka awéwé nu geulis kawas salira.

Leres, Nyi. Hirup téh nya poé ieu. Poé nu geus nukangkeun mah moal karandap deui. Atuh mangsa nu bakal dongkap, masih poék mongkléng, da teu apal urang bakal kumaha ka hareupna. Poé ieu, nu nyata, nu karandap ayeuna, kuring nyaksi salira jadi totondén kaéndahan téa. Salira geulis mapakan widadari. Da widadari mah apan dongéng téa, teu aya bungkeuleukna.

“Kang, kaula kantos dilamar ku lalaki da. Ngakuna mah boss perusahaan. Kaya saurna mah. Banget beurat beungharna. Anjeunna langsung datang nepangan pun bapa. Langsung kana pokona, seja ngalamar kaula. Tapi pun bapa henteu golojo. Teu langsung ujug-ujug nampi. Di tukangeun, di pangkéng, pun bapa téh ngaharéwos, daék henteuna mun kuring dipihukum ku éta lalaki jugala. Kuring ngabetem, Kang. Teu lémék najan sakemék. Kang, anjeun oge apal panginten, cicingna hiji wanoja nalika ditalék daék henteuna dipihukum ku lalaki, baris dihartikeun enya, enya daékna. Tapi pun bapa henteu kitu. Anjeunna horéng banget ku surti. Lamaran éta lalaki téh ditolak, Kang. Lajeng éta lalaki teu sirikna ngusap birit bari indit. Karunya kana kituna mah, Kang, ngaligincing bari teu aya kajingjing.

Ngan geuning pamustungannana téh matak reuwas, Kang. Teu lami ti tas éta lalaki ditampik sapajodogan, teu kurah-karuh imah kaula, nya imah pun bapa, aya nu ngaduruk. Atuh imah téh ngabebela, api ngempur hurung mapakan langit. Balukarna, imah téh tinggal ruhak baé jeung lebu, Kang. “

Kitu anjeun dodongéng. Reuh, karunya teuing, Nyi. Kedahna mah salira téh hirup senang ngahenang-ngahening, da boga pameunteu punjul ti nu séjén. Geulis anjeun téh, Nyi. Kuduna mah bru di juru bro di panto ngalayah di tengah imah, da meureun bakal loba lalaki nu maparin naon baé ka salira, dapon haténa ngarasa bungah bisa papanggih sareng salira. Tapi nya tos wé lah, mana kitu ogé gurat nasib salira kedah kitu.

“Masih untung salira salamet, Nyi. Gusti Alloh maha uninga, tapi Gusti Alloh ogé maha kawasa maparin ujian ka hamba-Na. Candak hikmahna baé, Nyi. Mun disalangsurupkeun téa mah sareng nu digurat dina kitab suci, réhna Pangéran moal ngarobah nasib hiji kaum, lamun téa éta kaom teu daék ngarobahna sorangan. Nah, ayeuna, cing cobi salira tatarékah supados nasib salira tiasa ised, tiasa robih. Tapi kétang teu kedah tipoporoséh tatarékah. Da tos kudratna salira jadi awéwé, nu cenah awéwé mah dulang tinandé. Teu kedah tipoporoséh tatarékah, da engké ogé salira bakal gaduh salaki nu bakal tanggung jawab kana hirup-hurip salira. Komo-komo salira geulis campernik tanding widadari. Bakal dongkap lalaki sinatria nu bakal ngalamar salira, nu tanggung jawabna ka salira bakal mapakan raja. Sok sanaos padamelan salira engké ukur ulukutek baé di bumi, tapi carogé salira bakal ngajamin kana sagala kabutuh salira. Sing percanten, Nyi. Sing percanten, Gusti Alloh bakal maparin rejeki medah-meduh ka salira ngalangkungan carogé salira,” kitu ceuk kuring ka salira. Aéh, punten, bet ngaluluhuranan ustad ieu téh. Ngadon ceramah. Tapi wios nya, Nyi.

“Hatur nuhun, Kang. Anjeun tos maparin saripati hirup-hurip ka kaula. Jadi tingtrim ieu haté, alatan disimbeuhan asih ku salira,” kitu salira sasaur.

“Waduh, puitis naker sasauran téh, Nyi,” ceuk kuring ka salira. Lajeng salira imut manis. Matak ratug jajantung nu banget micinta. Balaka baé, geulis tambih geulis palebah salira ngagelenyu imut. Imut anjeun leuwih éndah batan bulan purnama.

“Tapi punten, neda widi, abdi palay janten guru, Kang. Basajan baé alesanna mah, kaula téh hoyong disebut Ibu Guru. Hoyong janten guru kanggo murid-murid kaula, hoyong janten guru keur anak-anak urang jaga,” kitu kasauran salira. Nya tangtos Akang ngawidian, Nyi. Anjeun apan mahasiswa keguruan. Anjeun calon guru. Guru bahasa Indonesia tegesna. Wah, kerééén pokona mah.

“Punten, Nyi, ngiring képo. Naha kuliah téh bet milih ka jurusan Basa Indonesia? Naon nu pulunganeunnana kuliah di jurusan Basa Indonesia? Masing teu kuliah di jurusan Basa Indonesia ogé salira téh tos parigel nyarita ku Basa Indonesia,” kitu ceuk kuring ka salira.

“Kaula téh kabita ku cariosan Guru Basa Indonesia waktos di SMA, Kang. Namina téh Pa Maman. Saur anjeunna, Basa Indonesia téh basa nu banget ageung wibawana. Kadududukanna ogé minangka basa nagara. Mertéla ngembang boléd, témbong dina gurat pasal 36 UUD ’45, anu nandeskeun yén Basa Indonesia téh basa nagara, tegesna basa nagara Indonesia.  Jalaran kitu, di sakola mana baé, sapanjang éta sakola aya di wilayah hukum Indonesia, Basa Indonesia bakal jadi mata pelajaran wajib. Atuh di paguron luhur, teu weléh dibuka jurusan Basa Indonesia. Diagéhkeun boh keur jadi ahli basa, boh keur ajangkeuneun jadi guru Basa Indonesia. Ogé tumali sareng kapentingan sosial politik. Dumasar kana hal éta, Basa Indonesia jadi basa nomer hiji di Indonesia. Matak urang téh kedah ngagaduhan rasa reueus gaduh Basa Indonesia téh. Apan teu sadaya nagara basa nagarana bijil ti éta nagara. Filipina pan basa nagarana téh Basa Inggris. Malaysia ogé sami, basa nagarana Basa Inggris. India ogé, Basa Inggris. Bangsa Indonesia mah gaduh basa sorangan. Bangsa Indonesia nandeskeun yén basa nagarana Basa Indonesia.

“Nya ku kitu, Kang, sim kuring banget micinta kana Basa Indonesia, nurutan guru Basa Indonesia nu kantos ngawulang kaula, Pa Maman téa, Kang,” kitu salira sasauran, panjang barina lébar.

Jalaran kitu, punten pisan lamun kacinta kuring ka salira langkung teleb langkung jero. Salira hébat. Sanés baé geulis geuningan, tapi ogé hébat, tapi ogé smart.  Hatur uninga, wanoja geulis campernik téh sueueur. Tapi nu geulis tur pinter mah asana ukur salira.

“Waduh, saé pisan éta Pa Guru Maman, nu tos maparin sumanget ka salira, nepi ka salira kapincut hoyong nurutan jadi guru Basa Indonesia. Lamun téa jaga urang kasinugrahaan jatukrami ngahiji jadi salaki jeung pamajikan, salira deuk diajak da, diajak ngadeuheus ka éta guru Basa Indonesia, Pa Maman téa baruk,  pikeun nganuhunkeun ka éta Bapa Guru. Mulai semet dinten ayeuna, Akang ogé jadi milu reueus gaduh Basa Indonesia,” kitu ceuk kuring ka salira.

“Saéna mah ulah ti semet dinten ayeuna, tapi ti semet dikandung na rahim indung urang tos kedah reueus ngagaduhan Basa Indonesia,” kitu kasauran salira ka kuring, bari imut ngagelenyu. Imut salira bener-bener matak sawan kaom Adam.

***

Jadol téh, éta sora alarem hapé kuat ka ngagareuwah. Kuring hudang, najan bari lulungu. Luak-lieuk ka sakuriling bungking. Gap kana hape nu disada alarna téa. Cet dipaéhan. Lieuk deui ka sakuriling. Oh, geuningan indung barudak masih kénéh ngageubra. Si bungsu ogé tibra. Si cikal, si panengah, talibra ogé. Jut kuring turun tina ranjang. Koloyong ka patengahan. Katémbong jam dinding ngadaplok dina bilik. Geuning karék jam dua, janari gedé. Di luar kapireng sora hansip nabeuhan tihang listrik,  totondén yén manéhna keur piket peuting. Koloyong kuring ka luar. Di langit bulan purnama mabra. Diteuteup éta bulan, ku panon nu mencrong ka langit. Pok kuring tumaros.

“Hei, purnama nu ngempray caang, disumputkeun di mana wanoja geulis nu tapi nepungan kaula na jero impénan?”

“Ah, Ki Silah, kahadé ulah jadi tukang bubur, halusinasi. Anggursi geura énggal-énggal ka jamban, pék wudu. Ayeuna waktuna Ki Silah ngaharéwos ka Pangéran, ngalangkungan shalat tahajud,” kitu waler sakadang bulan, bari imut ngagelenyu. ***

Maman, S.Pd., M.Pd., guru Bahasa Indonesia SMAN 1 Kadugede, Kabupaten Kuningan, Jawa Barat, ogé minangka Ketua MGMP (Musyawarah Guru Mata Pelajaran) Bahasa Indonesia SMA Kabupaten Kuningan.