CARPON Nu Tunggu Gunung

WhatsApp Image 2025 05 27 at 07.06.39
Ilustrasi “Carpon Nu Tunggu Gunung”. (Foto: Dok. Mangle)

UMURNA geus tunggang gunung, meujeuhna cicing di imah. Ngahenang-ngahening. Keur nu tanaga suda, mun téa mah hayang baranggawé tinggal malipir ngoréd di pakarangan. Éta nu kaduga kénéh ku manéhna. Mangtaun-taun cicing di lembur kasab ngandelkeun hasil tatanén. Sawah jeung kebon nu lega geus digarap ku pagawé. Manéhna mah tinggal utuh-étah baé. Modal curuk bentik. Mangsana panén tinggal narima laporan jeung hasilna. Tuluy ngitung duit ladang ngajual sayuran; kawas Haji Ipin, bandar keusik, waktu mayar pagawé. Impian nu tug nepi ka kiwari teu jadi nyata.

Kungsi manéhna ngararancang éta cita-cita téh. Basa umurna belasan taun. Ngalalanyah mimilu bapana ka sawah jeung kebonna nu lega kacida. Kakoncara bandar sayuran di lemburna, geus sohor ti jaman révolusi kénéh. Nu hasilna diiangkeun ka pasar. Lian ti kitu pada ngadeugdeug ku tangkulak ti mana-mendi. Harita dina pikirna piraku teu ngarojong nu jadi kolotna kana cita-cita nu jadi anakna. Najan manéhna anak tunggal embung nyusahkeun kolotna. Hayang bisa nyumponan kabutuhna tina ladang usaha sorangan. Hayang kawas nu jadi kolotna nu boga pamadegan kukuh, pokna gé, “Ulah hayang ngajual tanah tapi kudu bisa meuli!” Kitu papagah bapana. Éta omongan téh matri dina ingetanna. Hanjakal cita-citana kaburu kapegat ku kaayaan nagara nu keur perang. Nepi ka manéhna sakulawarga milu hijrah ka wétan.

“Républik ukur tinggal Jogja, nu lainna milik Walanda,” cek bapana, tanaga sukaréla nu ngagabung jadi tentara.

“Urang kapaksa kudu ninggalkeun heula lembur, engké mun salamet, balik, baris digarap deui kebon mah. Lamun aman kitu ogé!”

Bring ngaleut. Leumpang ratusan kilométer ka wétan. Seja némbongkeun kasatiaan jeung ngarojong républik. Mun téa mah nepi kahanteuna ogé geus teu paduli. Salila di Jogja bapana milu numpes gorombolan kominis nu nyieun kakacowan sabudeureun Tanah Jawa. Nya ti harita kabéjakeun Tan Malaka, salasaurang tokoh pergerakan ngahiang. Teu kapaluruh laratanana. Basa aya paréntah balik ka sarakan kacida bungahna.

Ngan waktu rék mulang, hawar-hawar meunang béja, di kulon aya nu nyieun ririweuh. Béjana éta kelompok jalma téh cicing di gunung. Ngan kasono ka lembur teu kaampeuh. Teu ditolih béja nu matak haté ngariut téh. Nepi ka ngalaman dipegat di tapel wates. Bapana uculan bebekelan sangkan salamet saréréa. Bener banda tatalang raga téh. Basa nepi ka lemburna, bapana ngabaladah ngagarap sawah jeung kebonna nu kungsi ditinggalkeun. Sabada mundur tina katentaraanna. Najan disebut ngabangkang sabab teu tunduk kana paréntah. Nagara keur butuh tanaga kaamanan.

Tuluy bumetah di lembur. Ngan salila sapuluh taun téh diririwan ku urang gunung. Ingon-ingon bapana dipaling méh unggal waktu. Kaasup munding paranti ngawuluku. Ukur disésakeun hulu jeung kulitna. Geus puguh kebon jagong mah. Dina mangsana panén tinggal tangkalna. Nepi ka hiji peuting, bapana lumpat ka pos ronda nihtir waktu urang gunung ngarurug lembur. Kawasna kagareuwahkeun éta gorombolan baralik deui. Bari ingkah téh jiga nu babalédogan, miceun salasah, ku manéhna ogé kapireng teu kurang ti lima kali bedil ngabekas, sorana ngaweuhan satungkebing lengkob. Taya nu wani kaluar imah. Bubuhan  kaayaan matak keueung. Urang lembur kabéh nyarumput di imahna séwang-séwang. Réhé nepi ka subuh.

Karék isuk-isukna ibur. Bapana kapanggih geus ngababatang di pos ronda. Pakéanna cipruk ku getih nu ngageunteulan. Tuluy layonna dikurebkeun di handapeun tangkal pineus di kebon bapana. Luyu jeung wasiatna: mun bapa maot kubur di gunung. Ti harita kebon gaplah teu kaurus. Manéhna teu werat nuluykeun lantaran tuna kabisa. Teu bisa tatanén. Tungtungna tanah gamblung. Indungna kagegeringan. Gering ngalanglayung. Nu boga kebon jeung sawah sagédéngeun pakaya bapana daratang. Ngolo sangkan sawah jeung kebon dijual baé tibatan ngajejembrung. Ahirna ku indungna nungtutan dijual. Lian ti keur kabutuhan sapopoé ogé keur uubar. Ngan lainna cageur kalah beuki parna. Nepi ka hanteuna, indungna ogé maot lantaran kaleleban. Manéhna ngaheruk nandangan kasedih nu taya duana basa ngurebkeun indungna sagédéngeun makam bapana.

“Gorombolan kadéséh nyedek ka gunung dikepung tentara jeung rakyat!” cek tatanggana.

Aya nu ngagedur dina dadana. Pangjurung laku. Tuluy  manéhna ngagabung jeung tentara. Milu pager bitis ngepung urang gunung. Nepi ka mangbulan-bulan. Urang gunung nu biasana ngencar ngaranjah lembur serah bongkokan. Sasatna ditingker, jajalaneun ka lembur dijaga beurang peuting. Ahirna langlayeuseun kulantaran kurang dahareun. Unggal aya nu turun gunung nyerahkeun diri, manéhna nyerenteng tuluy nampiling satakerna. Nepi ka ngabangkieung nu ditampiling téh. Mun teu kaburu dipisah ku tentara mah kawasna galungan. Dina haténa nyaliara kasugema najan teu bisa males kanyeri sagemblengna. Waktu gegedugna katéwak manéhna geus nyiapkeun balati satukangeun sarungna. Ngan kaburu kabaca galagatna ku Mang Ipin, dulur misanna nu jadi OKD harita. Mun teu kaburu karéwak jeung ditotog sirahna ku pohpor bedil mah bakal geunjleng dicatet dina sajarah. Dina kaayaan ngajehjer digusur ka pos. Tuluy pada ngaguguyah. Basa sadar jiga nu linglung. Ti harita manéhna sok katémbong hulang-huleng. Kawas nu leungit pangacian. Remen kapanggih saré di kuburan indung-bapana. Mang Ipin mindeng mawa dahareun.

“Kawasna mah kaleleban ku kolotna. Keun baé ku kuring rék diubaran!” cek Mang Ipin ka urang lembur. Mangtaun-taun teu katénjo hasilna. Kalah teu inget ka sasaha. Beuki mindeng saré di kuburan indung-bapana. Teu nolih hujan jeung panas. Sakapeung sok katénjo diiringkeun ka pancuran ku Mang Ipin. Sina mandi. Ku Mang Ipin dipangnyieunkeun saung. Kaitung tohaga. Karunya bisi gering, cenah. Tungtungna ku urang lembur teu dipalire. Pokna gé teu kudu hariwang geus aya nu ngurus, Mang Ipin téa nu jadi dulurna. Kadieunakeun kawas aya nu direncanakeun, waktu Mang Ipin ngagali tanah bapana dibaturan ku manéhna. Daék sotéh lantaran satengah dipaksa ku Mang Ipin. Duaan ngecruk di kebon titinggal bapana. Digugunduk. Ngala keusik. Ti poé ka poé beuki loba nu ngala keusikna. Dikeridkeun ku Mang Ipin nu jadi bandar keusikna. Lolobana urang jauh nu diajakna téh. Teu lila daratang nu mareuli. Ti harita Mang Ipin beuki jugala. Bisa nyieun imah jeung kabeuli motor sagala. Ari manéhna buburuh di Mang Ipin. Ngala keusik di tanah titinggal bapana. Sanajan teu puguh buruhna. Ari dahareun mah kasebut teu kakurangan.

“Sugan palér kanyerina. Kawasna mah maju ka cageur!” cek Mang Ipin ka urang lembur.

Nepika hiji peuting waktu manéhna keur di saung, Mang Ipin mawa salambar kertas. Disodorkeun ka manéhna nu katémbong linglung. Dipaksa sina nanda tangan.

“Manéh kudu bisa mulang tarima. Salila ieu ukur kami nu ngurus jeung nyumponan pangabutuh manéh!” Cenah ditompokeun kana ceulina.

Manéhna ukur bisa unggeuk teu wani mungpang. Teu ngendek lila dina usum haji, Mang Ipin jaroh ka Tanah Suci. Sedeng nasib manéhna teu menyat-menyat ukur dibéré saung deukeut kuburan kolotna. Tempat iuh-iuh mangsa hujan jeung panas.

“Mun téa mah manéhna pribumi urang dieu, moal rudin jadi tukang ngala keusik atuh. Mun téa mah manéhna kungsi boga tanah di dieu, meureun jegud kawas Haji Ipin, bandar keusik téa. Sawah jeung kebonna lega. Ah, didéngé teuing nu owah mah!”

Mindeng manéhna ngadéngé nu ngomong kitu. Teu bisa ngabibisani. Najan aya nu ngahéab dina haténa. Ngan teu paduli! Manéhna seja tigin kana jangji. Bapana kungsi ngomong sangkan tong ngajual tanah. Mun téa mah ayeuna dikokolakeun ku Mang Ipin, da teu rumasa ngajual. Taya ijab kabul. Komo narima duit mah. Ukur cap jempol dina kertas nu disodorkeun ku Mang Ipin. Teu leuwih ti éta.

Enya, manéhna moal bisa lunta ninggalkeun gunung. Seja tunggu nepi ka iraha ogé.

Umurna geus tunggang gunung. Mun téa mah harita manéhna jadi tentara atawa OKD, meureun jalan caritana moal kieu. Gunung bakal ngémploh teu kawas kiwari: bulistir. ***

Pabaru 2022

Aris Kumetir, lahir di Blok Kebonjati, Dusun/Désa Cileungsir, Kecamatan Rancah, Kabupaten Ciamis. Resep maca jeung nulis ti bubudak. Karesep carponis nu resep ngalintrik ieu kana maca jeung nulis, tambah mekar sabada inyana ngumbara ka Kota Bandung awal tahun 1990-an. Teu anéh mun carpon-carpon karya Aris nu maneuh terbit di Majalah Sunda Manglé, Tribun Jabar, jeung Zonaliterasi.id boga ciri nu mandiri. Leubeut ku saripatina kulawadet bacaan, diadu manis jeung jero-jerona pangalaman hirup .

Sumber: Majalah Sunda Manglé