CARPON Poé Ieu Kuring Mimiti Pangsiun

Holisoh
Ilustrasi “Carpon Poe Ieu Kuring Mimiti Pansiun”, (Foto: Istimewa).

Kénging Holisoh ME

POÉ  ieu panceg umur téh genep puluh taun. Geus cueut ka hareup. Geus Magrib mun dina waktu mah. Boa ampir isya, da apan leuwih ti genep puluh taun mah bonus. Poé ieu jalma-jalma bakal eureun nyebut kuring Ibu Guru. Sabab ti mimiti poé ieu kuring geus moal bisa ngajar deui, da geus dibéré pangajén ku pamaréntah mangrupa duit pangsiun nu ngocor unggal bulan.

Kuring disenangkeun ku pamarentah, sina bebetah di imah, sina istirahat di imah. Sina suhud ibadah, sina loba nafakuran diri. Tur dibéré bekelna keur sapopoé. Poé ieu haté guligah. Asa merdéka. Asa teu boga ganjelan pagawéan. Sabab sanajan enya guru, tapi tanggung jawabna lewih-leuwih ti pajabat ésélon opat.

Kapinteranna, kaparigelan, budi pekerti nu hadé, akhlak nu hadé, éta teh meureun tanggung jawab guru. Sabab guru mah langsung jeung budak. Unggal usik paadu hareupan. Unggal poé panggih, unggal poé tepung. Moral barudak, kapinteran jeung kaparigelan barudak, kabéh aya dina leungeun guru.

Poé ieu kuring teu maké baju dines, teu indit ka sakola, tapi cicing di imah bari meus-meus mukakeun lomari, meus-meus mukakeun lomari, nempoan baju dines nu ngagarantung aya dalapan setélna. Baju batik rupa-rupa. Baju Korpri, saragam kabupatén nu héjo gambar angklung, saragam batik nu dipaké poé Juma’ah.

Loba pisan nu ngagarantung na lomari téh. Malah aya hiji batik sutra nu dipusti-pusti, sabab éta batik tina sutra téh paméré ti sobat kuring nu kiwari geus mulang ka kalanggengan, Ceu Endén. Méréna téh pisabulaneun deui ka pupus. Harita téh balik sakola, manéhna keukeuh ngangajak ka imahna. Boga jambal roti cenah. Harita méréna téh .

“Ieu téh paméré si Cikal ti Bandung, ku Euceu téh dipusti-pusti , tapi da ayeuna mah sereg, pék wé keur Ayi. Kenang-kenangan ti Euceu. Bisi teu panggih deui,” omongna harita téh bari ngagikgik seuri.

Kuring gé seuri, da sugan téa heureuy. Bener wé, sabulan ti harita ibur yén Ceu Enden pupus jam sapuluh peuting, alatan serangan jantung. Innalillahi, kuring banjir cimata. Sedih. Da puguh tempat curhat si Euceu téh. Di mana manggih kariweuh, boh sual anak boh sual salaki, pasti ka euceu ngadongéng téh.

Batik sutra nu ngagantung diusap-usap. Lemes, tara kusut. Moal, moal dibikeun najan geus sereg gé di kuring, sina ngagantung wé na lomari. Bréh beungeut Ceu Endén. Beungeut nu soméah, sabar, nyaahan ka sasaha, asak hampura ka batur. Duh, naha rata-rata ari jalma anu saé sok diheulakeun ku Gusti teh dicandakna. Kuring ngarénghap panjang.

Rét deui kana saragam warna khaki, saragam hejo paranti poé Senen, saragam Pramuka paranti poé Saptu, nu warna khaki nu panglobana teh, aya genep setélna. Mun dikumpulkan mah, waaah geus pinuh lomari téh ku saragam warna khaki, ngan apan sok dibikeun ka batur mun geus bosen atawa geus sereg.

Geus dipacang-pacang tatéh, keur Alo nu di Tasik, da sarua dedegannana, saawak. Geus teu kudu ngaleutikeun ngagedékeun. Nu saragam Hansip éta mah keur sobat nu masih kénéh dines, ké cenah mun pagawéan di kantor nyalsé, érék dicokot ka imah. Keun wé babaturan nu ngaranjang ka imah, bari butuheun saragam mah pasti dibikeun. Da keur naon disimpen waé dina lomari kaheurin-heurin.

Asa betah ning nya cicing di imah téh, pedah kakara sapoé kitu aya di imah? Asa peré sakola wé. Boa engké mah bakal ngarasa aral cicing waé di imah. Boa isuk géto mah bakal kesel cicing waé di imah téh. Ah, naha maké sieun pedah cicing di imah, atuh hayang indit-inditan mah nya indit wé ka pangaosan. Indit ka tempat senam jantung séhat nu husus keur manula.

Heuy deuh, geus asup golongan manula nya kuring téh? Hé hé hé. Tapi pangrasa téh asa jagjag wé, asa kuat kénéh. Bet barina gé kuat kénéh pantes, da keur gedé tanaga téh teu diumbar, kadar ngajar ngatik budak, bari ukur gawé ti jam tujuh nepi ka satengah satu. Pantes kuat kénéh gé. Da lamun kuring gawéna lain guru mah, wah umur genep puluh téh geus sagala karasa sagala nyareri. Moal boa geus kaserang encok, geus kaserang asma.

Léos kuring ka tukang. Di gang antara dapur jeung jamban, aya rak sapatu dua, nu hiji pinuh ku sapatu, nu hiji pinuh ku sendal. Da keur dines mah teu sirikna unggal bulan meuli sendal atawa sapatu teh. Kabéh gé kitu meureun ari pagawé mah. Resep kukumpul barang, resep kukumpul parabot imah. Komo awéwé mah. Lila kuring ngajengjen di dinya. Neuteup sapatu nu rupa-rupa kelirna, rupa-rupa modélna. Komo sendal mah aralus modélna teh. Tatéh mun balanja sapatu atawa barang téh tara sorangan, tapi sok ngaleut jeung babaturan, aya opatan, mana sok seragam modélna, ukur kelir nu beda.

Kuring ngarénghap panjang. Iraha deui rék aleut-aleutan ka kota mun entas nyarokot duit ti Bang Jabar, duit sertipikasi? Rék iraha deui ka Bang Jabar nyokot duit sértipikasi, da geus pangsiun mah geus dieureunkeun. Gedé duit sértipikasi téh, da dibayarna teu unggal bulan, tapi tilu bulan sakali. Bisa dipaké meuli motor, bisa nyumponan budak sakola, bisa dipaké meuli tanah najan ukur sapuluh tumbak. Mangfaat.

Tapi na geus kakésangan bener-bener duit sértipikasi téh? Boa nya can bener gawéna? Mun teu balener gawéna teh karunya ka pamaréntah, ari kasejahteraan guru dicumponan, ari guruna sorangan gawéna teu calageur. Gawé ukur puraga tamba kadenda. Malah aya nu melidna luar biasa. Kalan-kalan teu asup gawéna téh nepi ka bulan-bulan. Kurang tanggung jawab kana pendidikan. Tapi anéhna téh sakitu diramékeun ku wartawan nu sok jul-jol ka sakola, atasan taya nu opénan. Haré-haré wé. Kawasna téh dikonpirmasi ku wartawan ge seunggah ngawalon. Éta guru nu karurang tanggung jawab téh, loba pisan. Di unggal tempat. Komo guru nu geus boga watek melid mah, ukur natanyakeun iraha cairna duit sértipikasi ka kepala sekolah téh, ari ku kepala sakola dititah milu penataran atawa milu rapat atawa dititah ngaping barudak milu kagiatan mah, tingharunted, mumul. Paribasa wios di kelas wé, abdi mah teu kaop kapanasan sok rieut! Aaah karurang wéh kana tanggung jawabna téh.

Ayeuna kuring bisa nalék diri téh, geus kuring pangsiun. Geus loba waktu keur nafakuran diri. Enya kudu sing telik nginget-nginget kalakuan dina mancén tugas téh, da bisi matak, duit nu teu kakesangan didahar téh.

Na teu matak kitu? Leng kuring ngahuleng. Nginget-nginget kalakuan basa keur dines. Pernah mangkir bulan-bulan? Henteu! Henteu ! Karék teu asup tilu poé gé alatan gering, haté teh mani marojengja inget waé ka murid. Sieun aya nu gelut, sieun aya nu tatalu, sieun aya nu cilaka. Da sanajan geus dipihapékeun ka guru séjén gé angger wé haté mah teu bisa dibangbalérkeun.

Naon pancén ti kapala sakola nu teu kungsi kagawéan? Nyieun daftar hiji, unggal bulan dijieun tara elat. Ngeusian buku klaper mun aya murid anyar atawa nu pindah, sok digawéan. Ngawal barudak kémping ka Kiara Payung atawa ka luar kota mun aya kagiatan Pramuka, tara dipungpang najan tilu poé tilu peuting. Bari kuring teh ninggalkeun nu di imah. Ngan untung salaki téh ngarti, najan ditinggalkeun saminggu gé ari sidik pancén ti pamarentah mah tara nyarék.

Ah, cohagna mah sagala panitah atasan tara aya nu dipungpang. Sakapeung mah asa diteungteuinganan ku atasan téh, dititahan. Komo basa kudu milu pembekalan keur para pembina Pramuka mah, lian ti dipelak lima poé téh, oge kudu nepikeun ka guru-guru nu séjén di kacamatan kuring. Capé pisan. Tapi kuring teu meunang nyebut embung! Teu meunang mungpang! Apan kuring geus jadi guru propésional. Geus boga sértipikatna. Geus undak gajihna. Tolol kacida lamun kuring ditugaskeun milu itu milu ieu ku atasan masih nolak.

Kumaha lamun tunjangan propésina dicabut deui? Maenya geus jadi guru propésional masih ngangkrang, masih ngalawan kana paréntah kepala sakola, teu meunang atuh. Kudu diturut da lain nitah teu bener. Nitah nambahan elmu. Kuring ngoloyong ka tengah imah. Erak buku, lomari, pinuh ku buku, majalah, jeung koran. Rupa-rupa buku, ti mimiti buku-buku urut kuliah [najan teu kungsi tamat], novél-novél percintaan nepi ka buku-buku kriminal, komik, buku pawayangan, aya dina lomari buku kuring.

Gék kuring diuk dina korsi hoé paranti kuring ngajéngjéhé bari maca. Rét kana meja di juru. Aya komputer jeung léptop. Éta kabéh ladang sertipikasi. Apan ceuk Ibu Hj. Cicih, kepala dinas Cileunyi, lamun mareunang sértipikasi teh gancang beulikeun léptop jeung buku-buku sabagé penunjang pendidikan. Ulah waka laha-loho ka déaler mobil. Ulah waka laha-loho ka butik! Perlukeun heula alat penunjang karir urang. Enya karasa pisan boga komputer boga léptop mah, sagala pancén bisa barérés. Jaba aya undakna, elmu panemu bisa ngalebaran ka mancanagara, lamun urang daék muka internét. Sabab da daék teu daék, lamun geus boga léptop mah pasti hayang muka internét. Énteng da ayeuna mah, kari meuli modem. Teu susah.

Kuring ngarénghap. Bréh beungeut babaturan, guru-guru narémbongan hiji-hiji. Bu Hajah Fat, asli urang Kulonprogo Jawa Tenah. Ngajarna di kelas tilu, ambéh geus barisa make bahasa pengantarna ku bahasa Indonesia. Da teu bisaeun basa Sunda, ari ukur bisa saeutik-eutik mah kajeun ku bahasa Indonesia. Pan nu ngajar basa Sunda mah aya Ibu Kepala. Malah aya duaan nu ngajar basa Sunda téh jeung Ibu Rini sarjana sastra Sunda wedalan ti Unpad, haneut kénéh. Tapi kadieunakeun saréréa pada nyaraho, yén neng Rini téh tulen urang Kebumen, ti Kacamatan Prembun. Cenah mah kataji ku budaya jeung basa Sunda. Wajib diconto tah! Da geuning aslina urang Sunda loba nu wegah asup ka sastra Sunda. Malah nyarita ku basa Sunda ge geus arembungeun, géngsi, semu-semu aréra nyarita ku basa Sunda téh. Saralah kolotna atuda. Ti barang brol nu diwawuhkeun téh bet bahasa Indonesia lain bahasa Indung. Mana tong nyalah-nyalahkeun teuing barudak lamun barudak téh arembungeun nyararita ku basa Sunda. Nu salah mah kolotna!

Bréh deui beungeut babaturan nu sejenna. Bu Wiwi, Néng Héni, Néng Pupu, Néng Nani, Bu Éli , Néng Upi, Pa Nandar guru bahasa Inggris bari nyantri kacida. Pa Tétén urang Baginda Sumedang, bulak-balik unggal poé Sumedang Cileunyi. Tapi teu réngrot-réngrot awakna téh bubuhan guru olahraga. Angger wé atlétis, dedeg hadé balung kuat.

Aya deui Pa Iyan, guru nu kacida idéalisna. Asana di zaman kiwari nu idéalis kitu mah rada hésé. Idéalis pisan. Ku kuring remen diduakeun sing jadi Bupati atawa Gupernur. Méh nagara aman sejahtera, rahayat sarugih mukti. Manéhna ukur seuri mun diduakeun kitu téh.

Da bener, lamun urusan duit urusan pagawéan, tangtu butuh ku jalma idéalis. Moal aya rekayasa. Moal aya duit nu leungit teu puguh. Pa Iyan saeneng-eneng dipercaya jadi bendahara BOS. Aman, bérés roés.

Aya deui sobat kuring nu satia, sobat sahaté, Mang Endang. Pancénna aya di front panghareupna alias di pakarangan sakola. Ngurus pepelakan. Lain kekembangan wungkul nu ngajajar dina pot-pot taneuh nu galedé, tapi aya lahan nu kosong dipelakan rupa-rupa tangkal, tanaman obat jeung sarupaning bungbu-bungbu dapur. Malah laja jeung honjé gé dipelak méh barudak arapaleun.

Pagawéan Mang Endang sok dibantuan ku kuring. Komo pepelakan mah da resep. Meus-meus meuli kembang jeung potna. Mun aya kembang nu rada layu teu kacebor, kuring sok gancang nyokot emrat. Karunya teu katanagaan meureun ku manéhna mah, da puguh lain pakarangan waé urusannana téh, tapi ogé dapur sakola, ruangan sakola kabéh, kudu diurus.

Tapi dasar jelema, nempo kuring rajin mantuan Mang Endang téh kalah ngomongkeun, hayang kapuji cenah! Lailahailalloh! Abong jelema, suudzon téh dikukut. Teu nyahoeun haté kuring mah paling teu paya nempo pakarangan barala. Nempo pepelakan tingkulahék kurang nginum. Nempo kantor sakola bayatak gé kuring mah embung. Hayang rarapih, hayang bararesih. Sareungit rohangan gé. Karék kuring betah.

Aya hiji deui guru nu babarengan téh Bu Limah. Masih kénéh ngahonor. Duka iraha deuk diangkatna, seug geus ti taun dua rebu genep kénéh ngahonorna téh. Tapi da teu guru pé én és teu guru honor, ari geus ngarariung di kantor téh sok bébas. Balakécrakan lamun waktu istirahat.

Sok nineung, Neng Héni nu sok remen mekel mah. Nasi goréng kornét maké peuteuy, mekelna satepak didedet. Sok didahar teh duaan babarengan. Nimat pisan. Kuring sok ngaheureuyan, kudu digurat ku jidar, bisi beak ku Ibu! Manehna ukur seuri. Ari kuring da rumasa rada gembul.

Biwir kéom, mun geus inget ka Neng Upi, Neng Rini, Bu Nani, Bu Eli, marekel rujakeun. Ngarujak téh ladana teu euleun-euleum. Matak nyareri beuteung. Uyuhan. Kuring mah noél rujak gé tara. Tapi éta kagiatan barang dahar téh dilaksanakeunana waktu istirahat. Disiplin kabéh gé! Waktuna ngajar nya ngajar. Mana geus pantes sakola kuring mah guru-guruna diarangkat jadi guru propésional, mareunang sértipikasi. Meujeuh.

Kolébat beungeut Sri, murid Bu Wiwi nu tulén urang Solo, tapi ngomong jeung logat nyunda pisan. Malah remen jadi juara ngadongéng basa Sunda atawa pidato basa Sunda.

Kalangkang-kalangkang murid kuring nu rupa-rupa watekna. Nu bageur, nu lungguh, nu bangor, nu pinter, nu bodo, nu sok ngalawan, kabéh narémbongan. Komo da ngajar téh di kelas genep. Barudakna geus galedé, geus laloba momonés, da sakeudeung deui naringkat rumaja.

Kuring geus biasa nyanghareupan barudak kelas genep. Eukeur mah geus aya lima taunna ngajar téh di kelas genep waé. Jadi geus apal. Sakapeung mah asa geus bosen ngajar di kelas genep waé téh, asa geus capé! Tapi da tara aya guru séjén nu daék ngajar di kelas genep mah. Paribasa, teu bisa ngajarkeun matématika! Teu bisa ngajarkeun IPA! Padahal haroréameun wé ngajar di kelas genep téh, da puguh kudu tuntas nepi ka ngadaptarkeunnana ka és ém pé.

Resep mun keur pésta naékeun kelas. Nyéwa gedong olahraga nu désa. Derrr mentaskeun hasil didikan Néng Hésti, guru seni lulusan STSI. Rupa-rupa kasenian dipintonkeun. Éstu seni urang Sunda wungkul. Tari Sunda klasik. Tari-tarian Sunda modéren, Angklung. Ah, matak reueus.

Kabéh kagiatan nu diayakeun di sakola, kabéh kakurangan sakola, boh kurang guru, boh kurang tanaga nu ngalatih Pramuka, kabéh sok diobrolkeun jeung ketua Komite Sakola. Dibadamikeun. Dirundingkeun. Matak tara aya pabentar paham, tara silih curiga. Nyaman di sakola téh.

Kuring ngajéngjéhé na korsi hoé paranti istirahat bari maca buku. Lus-les beungeut guru-guru nu keur sareuhah ngararujak. Beungeut Pa Iyan nu kerung sabab duit leungit opat ratus rebu tina gepokan, bari karék nyokot ti bang. Padahal nyelap na amplopna. Atawa duit BOS tacan turun-turun geus tilu bulan. Duit keur kagiatan murid geus euweuh, duit keur mayar tanaga honor euweuh, duit keur pangabutuh sakola euweuh. Pusing meureun.

Beungeut guru-guru nu murukusunu alatan duit kagiatan can dibagikeun ku Pa Iyan. Heeh, apan telat duit BOS-na ge. Naon anu kudu dibagikeun atuh.

Beungeut Mang Endang nu luut-leét kesang, entas papanasan meresihan kebon sacangkewok hareupeun kantor. Kabéh ngiles. Ngaleungit. Kari diri kuring jeung haté nu galécok bacéo téh, nyieun jadwal anyar saminggueun-saminggueun, keur saumur hirupeun. ***

Sukasari 2014

Muga kabaca ku guru-guru SDN Cileunyi I, Kabupaten Bandung.

Holisoh ME, sastrawan Sunda produktif nu kantos kénging penghargaan Hadiah Sastra Rancagé kanggo karya roman “Kembang-kembang Petingan” tahun 2003. Karya-karya carponna sumebar di sababaraha média, sapertos Manglé, Galura, Sunda Midang, Suara Daérah, sareng Zonaliterasi.id.

 

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *