Abah jeung Vaksin

FOTO ARTIKEL 5
Suryatno Suharma, (Foto: Dok. Pribadi).

Ku Kang Yatno

AYA angin. Poe ieu mah teu nongtoreng teuing. Tereh usum hujan sugan. Asa rea usum di lembur teh. Geus korona mah, mahal beas mah, usum narkoba, jeung … Ah, sagala!

“Abah mah!”

“Naon, Jang?

“Vaksin!”

Tah, lebah dieu Abah teu wakca. Naha enggeus atawa acan. Padahal batur mah geus loba nu kadua oge. Malah nakes mah katilu.

“Ari Abah?”

Tara nembal. Aya nu nyangka enggeus. Pan sok dipikolot. Mere conto ka batur.

Tapi aya nu keukeuh teu percaya.

“Pasti Abah mah moal divaksin!”

Sabab …

Teuing sieun, teuing ngarasa kuat atawa sehat. Pokona kitu sangkaan sawareh.

Kumaha ceuk jinisna? Abah karek balaka peuting ieu.

Kieu cenah …

Anu matak elat teu divaksin, lantaran,

Kahiji, Abah hoream ngantayna. Kumaha tuda sok kesel,
cangkeul, bari embung we. Sok teu tegaan mun miheulaan batur. Ari rek ngelehan, majar sok beakeun.

Kadua, nya eta hayang anu laluasa. Teu jauh deuih. Pokona hate kudu teteg.

Da ari awak mah asa taya nanaon. Sehat lah …

“Leuwih hade daptar heula!” ceuk patugas ka warga.

“Siap!” tembal ibu-ibu.

Anu dikumpulkeun teh katepe jeung KK. Fotocopina. Biasa aya lambaran eusianeun.

Tah, Abah teh sok hoream. Motocopi, kudu naek ojeg. Inditna ka kantor desa atawa puskesmas kudu boga duit. Ongkos jeung keur jajan. Ari Abah duit ti mendi.

Ah, pokona embung rudet. Jade we kamomorekeun. Antukna nepi ka Minggu kamari can keneh divaksin.

Isuk keneh gujrud nu keur ngurus sarat. Majar aya vaksin di aula kacamatan.

Abah ge mikir saeutik. Ret kana tembok tembong fotocopi KTP. Nanya ka Nini fotokcopi KK aya. Noongan dompet aya eusian.

Gedig ka pangkalan ojeg. Si Kutil ngajengjen. Cle.

“Ka mana?”

“Ulin!”

“Ka handap?”

“Luhur!”

Geus nepi ka tukang fotocopi, song dua lambar KTP jeung KK tea. Ngieun lima!

Tuluy meuli pulpen jeung buku. Maksudna ngarah aya keur tamba kesel mun kudu antri.

“Hayu!”

“Siap!”

Turun tina ojeg. Song mere ongkos.

“Balik we bisi lila!”

Ojeg mulang, Abah mah kana antrian.

Doa nu kuat. Itikad ge hade da hayang mere conto ka nu lian.

“Sok ka dieu!”

Soldadu nitah asup antriian. Tiluan.

Hareupeun aya aki-aki dianteur ku incuna. Abah nuturkeun. Tukangeun Abah we saurang.

“Langsung!”

Fotocopian KTP jeung KK siap. Tuluy diaping ku kavaleri muru aula.

Nepi ka golodog aula tea loba pulisi, soldadu, jeung panitia. Mun teu salah harita aya jatah 5000 vaksin. Eta we ti jalan jelema ngajengjreng.

Buruan kantor kecamatan ditata nu dariuk pinuh dina antayan. Golodog aula jeung jerona pinuh. Dokter jeung patugas nyuntik saribuk naker.

“Mana lambaran daftarna?”

“Teu dipasihan, da kedah teras antri!”

Abah ngahuleng. Tapi angger teu galideur. Aki, Abah, jeung nu tukangeun ge sarua teu mawa daftar eusian tea.

“Ieu we isi!”

“Siap!”

Aya korsi kosong dua, da nu diukna cengkat dipanggil.
Gek Abah diuk. Ah, nulis ngaran jeung alamat. Kampung jeung desa. Ceuk Abah cukup. Tanggal lahir bae. Teu ngeusian nu lian da ngarah gancang.

“Nambut pulpen!” ceuk nu hareupeun.

Song dibere nginjeum. Teu lila. Anu gigireun ku Abah dipangnuliskeun ngaranna jeung alamat saperluna. Taun lahirna deuih.

Song dibikeun ka patugas.

“Di ditu!”

“Oke!”

Dokter mariksa tensi, tekanan darah.

“Sae!” pokna

“Aya keluhan?”

“Teu aya!”

Someah dokter teh ngora keneh.

“Di mana tugas?”

“RS Anu!”

“Mangga ka ditu!”

Abah pindah ka patugas nyuntik. Awewe geuning.

“Yuswa?”

“Meh genep puluh!”

Muka leungeun baju. Teu karasa beres deui.

“Bapa teras uih! Da kartu mah engke ka unggal desa aya wartosna.”

“Mangga!”

Kurang ti sapuluh menit Abah geus aya deui di luar. Neangan jalan anu diwates rapia.

Reret kenca-katuhu. Beuh jelema nyayeud kitu. Karunya!

Mulangna lugina. Abah ngareret ka tukang batu ali. Milih tuluy meuli hiji.

Laju ka terminal. Lila taya angkot indit. Kana ojeg? Teu karenal. Kaduhung ojeg tadi dititah mulang.

“Lila oge,” ceuk Abah Jero hate.

Ngajanteng sisi jalan. Mobil, motor, jelema asa rame. Pisan ranena ge. Eta mah dasar milik.

“Ted … Tediiii …!”

Anu digentraan eureun rada jauh. Teu dihelem. Abah nyampeurkeun Tedi.

Clak diuk. Biur mulang.

“Tas ti mana?”

“Jajap Bi Nining!”

“Mana?”

“Ka Mokla.”

Geus nepi lembur. Duit receh dikeupeul ka Tedikeun.

“Nuhun!”

Geuning teu lila divaksin teh. ***

Kang Yatno, alumni Jurusan Bahasa & Sastra Sunda FBPS IKIP Bandung. Kiwari ngokolakeun Yayasan Insan Basajan di Cihideung, Parongpong, Bandung Barat.