BUDAYA  

CARPON Diari Kayas

Kénging Aris Kumetir

istockphoto 927845648 612x612 1
(Ilustrasi: IStock)

DUA poé ieu hujan turun. Sabada lohor. Noron najan sakeudeung. Taneuh di buruan teu ngebul teuing. Lantis. Teu kudu nyimbeuhan deui. Saban isuk-isuk jeung pasosoré. Jigana usum ngijih datang leuwih gancang miheulaan paneleng para ahli cuaca. Heueuh da alam mah hésé disungsina. Manusa saukur babalédogan. Ngandelkeun data jeung totondén sakurilingna. Aya nu meneran, lolobana mah nu misleuk. Jauh ka enya. Sanajan kitu tetep bisa keur cecekelan sangkan ati-ati nyanghareupan uusuman nu geus teu puguh mangsana.

Tutuwuhan leuwih seger tibatan mangkukna. Pakarangan hégar. Tangkal buah nu keur pentilan nguliat. Pucukna héjo. Pakél nu garing murag tina tangkayna.

“Jang, tara ti sasari wayah kieu geus ucul-ucul?” cék ema waktu uing kaluar ti pangkéng di samping anduk.

“Bayeungyang, Ma! Katurug-turug dinten ieu seueur bujengeun. Tugas ti padamelan,” cekéng téh.

Tuluy ngoloyor ka jamban. Nalika panto ditutupkeun, di pawon kadéngé nu kaprak-keprek. Gebrus mandi bari hahariringan.

Isuk-isuk kudu hudang,
Mandi ku cai nu hérang,
Daki kosok masing beunang.
Dina ceuli dina tarang.
Baju kudu dikancingan,
Bisi dada kaanginan,
Lamun dada kaanginan,
Matak batuk jeung geringan.

Meunang sababaraha balén. Nepi ka réngsé mandi. Awak harampang. Seger deui. Rereged leungit. Sabada hulu diceuceuh dikopyok. Tetempoan asa cénghar. Bus asup ka pangkéng. Rap maké calana. Sebrot. Sebrot parfum disemprotkeun saawak-awak. Tuluy dikameja. Saged.

“Jang, mun geus réngsé dangdan, geura sasarap!” géréwék ema ti pipir.

Gura-giru kaluar. Barang nyuaykeun rérégan lawang pawon, dahareun geus ngabarak dina méja. Haté nyérédét. Kasuat-suat. Sakedapan ngabigeu. Nyantong di lawang.

“Na kalah olohok kitu, Jang?” cék ema nu teu katangen asupna ka pawon.

Teu talangké ngoloyor ngadeukeutan méja makan. Korsi diséréd. Gék diuk. Tuluy ngalas sangu goréng. Ceg nyokot endog ceplok. Tutup kéler dibuka. Kurupuk udang ditumpangkeun di sisi piring. Dekul dahar meni ngalimed. Ngahaja teu maké séndok ambéh tambah ponyo. Jeung deuih beuteung téh kukurubukan ménta eusi ti tatadi. Puguh peuting tadi teu kararaban sangu. Nepi ka imah langsung ka pangkéng. Teu salin-salin acan. Saré tibra bakating ku capé.

“Ma, badé amitan. Bilih kabujeng macét.”

Méh unggal poé. Balik ti pagawéan sok pangpandeurina. Sasatna keur narékahan manéh mapalerkeun kajadian lawas. Samalah indit jeung balik gawé ogé geus tara liwat ka dinya. Muter ngajauhan.

“Tong kitu-kitu teuing. Leuwih hadé sanghareupan. Ĕta mah lin ngaréngsékeun mas’alah kalah tambah mas’alah. Béngsin gancang béak. Awak capé. Tangtuna ogé motor jadi sering ganti oli.”

Teu dihaminan waktu babaturan ngomong kitu. Saukur seuri konéng. Unggeuk bueuk. Ngaregepkeun. Ditarima. Dina prak-prakana mah teu dilaksanakeun.

“Brow, peuting ieu mah teu kudu ngalembur. Cuang ulin ka imah Si Dita. Aya babaturanna nu hayang wanoh jeung manéh,” Iwan umajak.

Ditolak. Nepi ka gododeg. Hanjelu jigana mah.

Wanci nyérélék. Gancang pisan. Lengo nempo ka buruan kantor. Rét ka langit. Ceudeum. Pihujaneun ngagarayot. Sabreg-bregeun. Rét ka jam dingding. Tabuh lima soré.

“Ieu téh malem Juma’ah. Pan aya ondangan ti Mang Unén sabada magrib?” cekéng téh.

Rurusuhan. Bébérés. Gancang kaluar. Pas hareupeun pos satpam…

“Sisinarieun tabuh sakieu tos badé mulih, Pa?” cék Unéd nu keur jaga.

“Aya ondangan ti tatangga, Kang. Nitip kantor nya. Bisi aya nu mangku,” témbal téh bari nepak taktakna.

Tuluy ngaléos teu nunggu jawaban. Kadéngé nu seuri ngabarakatak. Gura-giru ka palataran parkir. Rap hélm dipaké. Motor diselah. Digerung-gerung sakeudeung. Biur indit. Ngétan. Bras asup ka Jalan Supratman. Macét. Kandaraan ngantay. Balik téh mareng budalan kantor. Liwat PPI méngkol ka kénca. Asup ka Citamiang maksud rék motong jalan. Tuluy asup ka Cikaso Beusi. Barang jol ka Cicadas, macét parna! Cai hujan mimiti cluk-clak.

“Beu! Alamat nepi Magrib ieu mah.”

Untung geus sasadiaan ti anggalna. Motor digas deui sanggeus maké jas hujan. Sésélékét. Najan lolongkrang saeutik ogé. Heueuh da nu lian gé kitu. Paboro-boro hayang ti heula. Cai hujan turun ngerepan. Langit mimiti poék. Lampu mérkuri bruy-bray. Hurung. Kandaraan maju lalaunan. Teu méngkol ieuh waktu nepi ka parapatan Jalan Jakarta- Antapani. Kawantu palebah dinya macétna parna. Tuluy nyemprung lempeng ka Kiara Condong. Handapeun jambatan, méngkol ka Kebaktian. Lancar nepi ka Parakan Saat. Laju méngkol ka Cingised.

Pikiran geus nepi ka imah. Na ari bras téh ka dinya. Jalan di mana tepung munggaran jeung manéhna. Tempat wawanohan jeung manéhna. Teu bisa majar kumaha. Kudu liwat ka dinya. Jalan anu salila ieu disingkahan. Jalan Cinambo. Taunan teu kasaba. Gebrét hujan turun. Awak rancucut. Reg motor eureun. Di portal éta. Kuring ngiuhan.

***

Sanggeus mandi jeung dahar, ngagolér dina dipan. Ka ondangan teu kaburu. Lantaran nepi ka imah wanci isya. Tuluy ngahérang. Nangkeup hulu. Neuteup lalangit kamer. Haté rus-ras. Bray. Bray lalakon lawas narémbongan deui. Lalakon nu mawa kapeurih. Anu balukarna karasa kenéh nepi ka kiwari. Ras inget buku nu lawas teu ditéang. Tempat namplokeun sagala rasa. Ngedalkeun kemba nu embung katangen ku batur. Kuniang hudang. Ngoloyor ngadeukeutan rak buku. Ceg kana hiji buku. Sampul pulas kayas. Gék diuk dina sisi dipan. Tuluy buku dibuka. Ditingalian salambar-salambar. Bruh-bréh mangsa nu geus kaliwat. Nepi ka hiji titimangsa. Nu ngahaja ditulis ku mangsi beureum. Laju dibaca ngagerendeng.

19 Séptémber

Enung, na émut kénéh waktu tepang munggaran nalika ngiuhan di portal, apanan Gedé Bagé banjir cileuncang. Kiriman ti Manglayang. Hujan munggaran. Cai umpal-umpalan mudal ka jalan. Catang nongérak. Runtah ngahunyud di jambatan. Pakéan urang baseuh. Cipruk. Kasawéran tina taweuran. Hujan mingkin ngagebrét. Lajun kandaraan mimiti macét. Walungan Cinambo ngagulidag. Caina geunteul. Malidkeun kokotor ka hilir. Urang tingronghéap. Geumpeur. Nénjo cai sakitu tarikna. Ukur munajat. Neda salamet.

Enung, kuring ngawani-wani manéh. Muka gunéman. Nyieuhkeun kareuwas. Sangkan teu geueuman teuing. Atuda sepi. Saukur urang duaan. Nu aya didinya.

“Badé kamana?” cekéng téh harita.

Anjeun imut.

Hujan teu raat-raat. Kandaraan ngantay. Patalimarga macét. Urang kabulusan. Ngobrol mingkin pogot nepi ka anjeun waléh. Ménta pin BB kuring. Sabada tatit ngaburinyay di ponclot Manglayang tuluy gelap ngajelegér. Jajantung ratug. Istigpar sababaraha kali. Mingkin ratug waktu anjeun wakca ngajak tepung poé Minggu. Ngajak ulin ka Caringin Tilu. Kuring unggeuk. Tanda panuju.

Lampu sén kandaraan nu ngantay, reup bray. Urang teu hojah. Hujan ngaririncik. Ti kaanggangan lampu di mumunggang gunung tingkaretip. Lir cicika. Satungtung deuleu. Ti kulon nepi ka wétan. Tegalan imah. Anjeun nuduhkeuh hiji patempatan. Nu lampuna leuwih loba. Nya di dinya anjeun dumuk. Ngogan datang, sangkan nganjang.

23 Séptémbér

Heuleut tilu poé. Saptu peuting kuring datang. Nganjang. Nedunan jangji. Najan pras-pris. Jeun teuing. Najan lembur nyingkur. Jalan tarahal can kasaba aspal. Teu ieuh jadi hahalang. Harita téh Ambu nu muka panto. Kacida daréhdéhna. Soméah. Pakpikpek. Susuguh ngabarak. Dina méja. Bangun hayang nyugemakeun nu jadi tatamu.

“Rurumpaheun tamu ti Bandung,” pokna.

Waléh. Asa diaku. Katarima pisan Nyebut Bandung sababaraha kali. Reueus kacida, jigana mah. Matak kayungyun.

Nalika anjeun kaluar ti pangkéng, kuring hookeun. Dangdanan sahinasna. Buuk digelung jucung. Baju kurung pulas héjo. Samping batik wanda Garutan. Eunceup jeung pakulitan anjeun nu koneng umyang. Hégar katénjona. Bangun gahar karasana. Lamun Ambu teu ngadéhém mah moal miceun deuleu. Rék diteuteup saseubeuhna. Tuluy ngariung. Tiluan gunemcatur. Pancakaki sagala rupa. Moho ka wanci. Ngobrol ngalér ngidul.

Di luar. Hujan bet ngagedéan. Teu eureun-eureun. Nepi ka tengah peuting. Kuring dipernahkeun di kamer hareup. Teu ieuh gura-giru saré. Kalah ngahérang. Gulinggasahan. Basa kadéngé sora nu ngaguruh tuluy… Brak! Dingding imah rempag. Catang kai sakitu gedéna asup ka patengahan. Kuring luncat tina dipan. Nembrag panto nepi ka rujad.

Lat poho ka anjeun. Ka Ambu. Reup listrik pareum. Poék mongkléng buta rajin. Masih kadénge jerit dengék warga nu tagiwur. Nyalametkeun diri séwang-séwangan. Cul harta banda. Lat poho ka sanak ka baraya. Kaasup kuring. Longsor ngarungkup lembur.

24 Séptémbér

Kuring bati ngaheruk. Banjir cimata. Seungit campaka jeung kananga séséléké dina pangangseu. Haté ngageuri. Leungun ngarameus taneuh beureum. Jirim anjeun ilang. Diteureuy bumi. Saukur tutunggul nu jadi wawakil. Enung Retna Campaka. Kapanggih geus ngababatang di Curug Maja. Kembang nu teu kungsi kapimilik. Tresna nu hangkeut mangkak. Muguran saacan waktuna. Pukah kaburu dipetik pati. ***

Kios Ĕndah, 21 Séptémber 2012

Kantos dimuat di Majalah Manglé