CARPON Getih nu Busrat Basrét

carpon
Ilustrasi “Carpon Getih Nu Busrat Basrét”, (Foto: Kompas.com).

Kénging Otang K. Baddy

ISUK-ISUK guyur, Nyi Yuyun jadi korban rajapati. Getih busrat-basrét di jero imahna. Tapi anéh di sakujur awakna taya raheut tapak bedog atawa balati. Saupama lin manusa nu nelasana, upamana sato galak, taya tapak huntu atawa kuku urut nyoco. Budak parawan nu masih sakola SMP kelas tilu téh tilar dina kayaan guyang getih.

“Sanés aya nu mergasa, si nyai téh utah getih,” Ni Cicih indungna Yuyun, carinakdak ngomong dumareda ka nu anyar daratang ngalayad.

“Wayah kumaha kasorangna?” tanya nu pangdeukeutna sasat panasaran, utamana bangsa awéwé.

“Janari, kasubuhnakeun,” walon awéwé nu umurna katangen cuwet, meureun perbawa capé gawé nu geus lima taun ditinggalkeun ku salakina. Inyana hirup saimah katilu anak, nu cikal Kasbo masih bujang, sedeng bungsuna mah nyéta Yuyun téa.

Kabeh tingkelecrék bati gogodeg, Teu sangka cenah, budak geulis bari bageur rék pondok umurna. Kituna saméméh saladar yén umur mah geuning teu tangtu. Boh kolot boh budak ari waktuna dipundut ku Gusti mah teu bisa ditolak.

Kusabab sabenerna lin korban rajapati, sakumaha biasa sanggeus dimandian jeung disolatkeun layon teh geuwat dikurebkeun. Sajaba nu jajap téh sasatna tumplek sakampung, ti pihak sakola gé lin ukur guru tapi mangpirang murid atawa baturna marilu jajap ka pasaréan. Sanggeus talkin dibacakeun kabéh ngaburiak, sejak marulang séwang-séwangan.

Sajajalan aya ogé nu tingkecewis ngeunaan tilarna Nyi Yuyun. Malah tina sabagian aleutan aya nu ngahaja mandeurikeun manéh.

“Cukang lantaran nu kaitung teu sawajar,” omong Jumahdi,

“Utah getih lalambaran!”

Nu ngadéngé kabéh tingpuringis nandakeun ketir jeung kairut ku hiji bahasan.

“Mun geus kieu mah kudu cepet dibéréskeun!” masih cek Jumahdi, lalaki leuwih ti kolot nu kaitung boga pangaruh di ieu kampung. Malah ampir sakabéh masyarakat -kaitung Olog di kampung éta mah sasatna mikolot. Inyana nu kungsi jadi paraji sunat, sok remen dipénta tulung boh masalah ngubaran panyakit atawa dipénta bonglongan saupama aya rereged dina urusan kampung. Nya samodél budama-badami ngatur metakeun panitia pangwangunan kampung sangkan tong pacorok pamadegan.

Mana teu anéh basa mulang ti pajaratan, omongana pada ngahaminan. Teu bina ti rapat darurat nu ngahasilkeun kasimpulan nu klop, yén tilarnya Nyi Yuyun cukang lantaranna alatan aya nu neluh.

***

Sanggeus ngariung tahlil sadugna, bada isya Rukmini digedor panto imahna. Terus dibawa ka balé kampung. Iwal ti barudak leutik, sasatna sakampung mah tumplek ngaliud wangunan ukuran 4X6 meter nu sakapeung mah sok dipaké posyandu.

Rukmini nu hirupna rarandaan ampir sapuluh taun tur can boga budak, sasatna pada-pada ngagénjang kenca katuhu. Taya binana saurang koruptor atawa bangsat, pelaku kriminal nu anyar kecerek. Ngan bedana teu dibangkol wungkul, sabab boga bangkol ti mana ari bangsa hansip mah. Terus éta nyi randa teh dipetakeun dina korsi, nyanghareupan dua méja nu direndegkeun sakaligus nu dikawasa ku Jumahdi -salaku pasepuh, RT jeung Olog. Saliwat mah taya bédana ampir sarua jeung rék sidang di pengadilan.

“Ari manéh ku teu boga rasrasan Ruk, naha atuh bet téga nelasan budak nu teu tuah teu dosa,” omong Jumahdi ditorojolbetonkeun langsung kana persoalan.

Rukmini teu némbal, malah katangen molohok.

“Gablog teu ngaku mah, gabloog…!”

“Séréd kaluaaar…!”

“Paingan teu payu atuh ari tukang teluh mah..!”

Rukmini ngadéngé sora tingcorowok ti luar, langsung ngeluk kawas bueuk beunang mabuk.

“Tuh, masa di luar geus narapsu. Mana kudu jawab sajujurna, kunaon manéh nepi téga nelasan pati Nyi Yuyun? Naon dosana, jawab sing jujur!” tandes Jumahdi. RT Rojak jeung Olog Rohman mah ukur karacam-keureuceum wé bangun ketir nempo kaayaan.

“Tukang teluh pantang ngaku mun teu disiksa heula!”

“Atawa hayang dijotos ku déwék hah, si randa begang téh!”

Kasbo nu ti tadi diréndéngan hansip Karmod teu pupuguh norojol ka jero. Untungna kaboro katéwak ku hansip Gacot nu ti tadi ngawal Rukmini. Da sasat mun teu katewak mah moal boa ieu nyi randa téh pejét. Munasabah ku kitu téa mah. Sajaba jadi ulon-ulon rajapati adina ogé Kasbo ngarasa ceuceub kana omongan ieu mangkeluk tatangga nu imahna sacurigan teh. Inyana akon-akon magar kungsi nyieun laku teu uni jeung dirina, malah sapeuting ngalakukeun tilu kali. Padahal eta bacot teh ukur hoax taya bukur nu eusina mah bakating hayang dikawin ku Kasbo. Nya memang antara bujang jeung nyi randa begang ieu teh kungsi aya hubungan, tapi ukur hubungan biasa. Kitu gé pedah wé Rukmini sasatna sok ngaraketan waé. Nya sajaba bogoh nataku ka bujang téh pédah we ongkoh bari imahna sacurugan. Rukmini sasatna sok remen pulang anting larsup ka imah ngudag-ngudag ieu jajaka.

“Jadol téh!” Kasbo cumiduh.

“Sabar Bo, sabar,” Hansip Gacot ngelelemu nu keur napsu.

“Percumah lah, asa teu ari-ari boga elmu teluh ge ari korbanna bangsa cacah kuricakan mah!” corowok ti luar.

“Mun kitu mah bisa neluhan bangsat duit nagara rék didukung!”

“Bener, malah mun teluhna bisa numpes para koruptor mah sakalian uing ge rék guguru!”

“Hust!” saurang nyiku ka nu gareuwah. Sawarehna tingcikikik, pangrasa asa keur hiburan. Hansip paciweuh ngusahakeun mepes nu riweuh.

Sakedapan mah kaayaan jempé, utamana waktu Jumahdi kucuwas-kecewis mapatkeun jampé pamakéna bari nyekel gelas nu eusina ciherang. Sabada dikekemukeun terus diburakeun ka hareupeun Rukmini. Nu diparabunan ngeluk. Taya réaksi nu lian memang ti tatadi ge ngeluk.

“Sok lah rék mungkir kumaha,” omong Jumahdi.

Tapi Rukmini angger mugen. Di pikirna aya rasa tambah cua ka ieu lalaki nu kungsi miharep ka dirina sangkan daék jadi jikan nu kadua. Rukmini harita nolak ku cara lemes, alesanna karunya ka Wa Karsah, pamajikan Jumahdi. Teu hayang ngaraheut atawa ngudawangkeun haté batur ku alasan ngarebut salakina, kitu basana. Teu cukup kitu, sabab piraku ongkoh ari kudu daék dicandung ku pantaran aki-aki bari ekonomina nu kaitung teu sabaraha. Sok komo Jumahdi kiwari geus teu payu jadi paraji sunat sabab kaléléd ku dunia medis. Nu nyarunatan teh lolobana ka dokter, sabab pangantén sunat teu kudu kasiksa ku raheutna. Sajaba kitu, Rukmini leuwih katarik ati ku Kasbo.

Kabéh nu aya di dinya bangun nu kasirep basa Jumahdi ngaluarkeun bungkusan lawon bodas, terus diteundeun dina meja.

“Sok rék lumpat ka mana, tanda bukti geus nemrak kieu,” omong Jumahdi bari terus muka éta bungkusan lawon bodas, di jerona aya sababaraha entepan jarum.

Kabéh jalma ngaréok, papada panasaran hayang apal nu kumaha ari pakakas teluh.

“Rumasa teu ngubur bungkusan ieu dina curugan imah?” Rukmini gideug.

“Aya kamungkinan, bisa waé niat males kanyeri ka lanceukna nu apes adina,” masih cek Jumahdi katangen kalem.

Atuh barang ngadéngé kitu Kasbo asa kahuru, terus ngahoak, “Naha atuh lain podaran langsung déwék téh Beruuuk. Kunaon atuh bet selang maké ku cara gaib, geuning bet salah sasaran, goblooog!” Kasbo gegebés tina talikungan Hansip.

Gacot, leungeuna teu kaampeuh hayang nyiksa éta awéwé nu tungkul waé bangun nu nembongkeun karumasaan lakuna. Tapi Kasbo teu walakaya, utamana basa harita ujug-ujug aya pulisi jeung kuwu sasatna sakilat ngiwat awéwé nu dituduh neluh. Alesannana rék diamankeun ku cara prosés nu leuwih merenah cenah. Najan kitu sabubuhan lalaki aya ogé nu rék nyegah Rukmini sangkan urusan diberaskeun di TKP. Tapi bolay, sabab kaboro dibawa nyemprung dina mobil pulisi.

***

Can ogé tujuhna sabada tilar Yuyun, Ni Cicih tambah raheut atina. Sasat katurug katutuh ku bancang pakéwuh. Kasbo bet teu pupuguh gering parna. Malah kaitung mahiwal, muriang panas bari ngocoblak. Leuheung mun bari cicing ngedeng di imah, da ieu mah aya kalana sok kaluar sagala.

Nu jadi bibir catur, mimitina mah basa hiji poé Kasbo téh gogorowokan dina lawang panto. Sakapeung nyorowokna kawas penyanyi rock dangdut …

muari huajaar …, suantééééét …! tétét, tolaléét …!
muari kita basmiiii … tukang teluuuh …! hoax …, hoaax!
nipu cacah, bunuh cacaah …! Soak … soaaaaaakk …!”

Teuing kumaha perasaaan nu gering teh. Teuing perbawa puas nyowarakeun laguna atawa bakat geringna parna bet Kasbo teh terus ngajoprak. Lir rocker nu lagrag tina panggung, ieu jajaka nu teu tamat kuliah di UPI jurusan sastra téh namru dina curugan imah.

“Tulung, batuur …!” Ni Cicih ngagero soak. Tapi da teu hésé bubuhan ti tadina ge polah Kasbo geus pada nangenkeun. Sanggeus dirampa masih ruménghap, terus nu gering teh dibawa ka tengah imah. Sakumaha biasa mun aya nu gering mahiwal kitu teh taya deui nu jadi pamuntangan utama iwal ti Jumahdi.

Teuing geus aya nu ngiberan teuing kumaha, éta kasepuhan teh sasatna rikat norojol muru nu keur teu éling di bumi alam. Pribumi hideng nyantongkeun cihérang dina gelas, terus dijiad ku Jumahdi. Tapi can ogé tamat ngecewis mapatkeun jampéna, Kasbo ngorejat bari tutunjuk. Panona nu buringas langsung nyépak gelas nu keur dijampé ku Jumahdi. Cleng, praak …!

“Rék nanahaon silaing kadieu, hah? Percumah ari ukur bisa ngahoak mah, mending mantog atawa mulang ka sodong Moronggong!” Kasbo nu panonna hurung tur soarana ngadadak handaruan wuwuh matak ngahuru dada Jumahdi.

“Ati-ati ngabacot teh, celik. Atawa hayang diteruskeun modar sia téh?” Jumahdi nu teu kuat nahan gedur napsuna langsung rék ngarontok Kasbo. Tapi can ogé gaprok saurang wanoja nontot na lawang panto.

“Meunggeus, Jumahdi. Tong pedah geus kabokér kedok, wani mah hayu cuang galungan jeung di dieu!” pokna meupeus perhatian nu aya di dinya. Mémang lin ukur laga, naon nu bieu diucapkeun ku ieu semah téh sasatna jadi konci pikeun muka rusiah nu mangpuluh taun mungkus sagala laku nircana ieu kokolot. Satiap aya rajapati nu teu ilahar Jumahdi memang sok teu weléh jadi tokoh pangnyongcolangna.

Haluan dadak sakala robah. Nu saméméhna nanggeuh ka Jumahdi jadi ngaléok ka nyi randa. Teu cukup kitu, rasa simpati nu liwat saking téh ngawujud dina bancang pakewuh. Haok jeung gorowok nu rongkah ngajadikeun getih leuwih busrat-basrét di jero imahna Ni Cicih. Alatan éta Kasbo geus teu bisa ngacacang deui. ***

Sumber: Majalah Mangle No. 2615/ 9-15 Februari 2017.

 

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *