Kénging Maman, S.Pd., M.Pd.
SABAN ngaliwat ka éta jalan, jalan parapatan di puseur kota, si Aki sok kasampak keur ngajentréng. Bari ngahaleuang. Lain kuring baé nu manggihan manéhna keur ngacapi téh. Nya tangtu saban nu ngaliwat ka lebah dinya, bakal manggihan si Aki nu keur ngajentréng bari ngahaleuang.
Aya nu saukur ngarérét ku juru panon, teuing katajieun teuing héran. Aya nu nu ngadon sélpi, latar tukangna si Aki nu keur ngacapi. Aya ogé nu ngupah, ngagubragan récéh, kana kaléng nu ngahaja disadiakeun ku si Aki. Tangtos wé nu langkung seueurna mah nu apilain. Boroampar kana ngahaja ngadadangukeun.
Manéhna, si Aki téa, sila andékak bari anteng ngajentréng. Ukur kacapi. Kacapi indung. Teu aya nu ngalokan ku kacapi anak. Teu aya nu nyuling. Teu aya juru kawih awéwé nu ngahaleuang. Ku sorangan wé, nya manéhna nu ngajentréng, manéhna nu mirig ku haleuang. Haleuang has cianjuran. Nu dihaleuangkeunana aya Bulan Tumanggal, Jemplang Karang, Ceurik Rahwana, atawa Papatet.
Ngan jigana téh teu aya nu eungeuheun kana éta haleuang, salian ti si Akina sorangan. Éta wé buktina, jiga nu teu katarajieun ku jentréng kacapi si Aki téh. Teu aya nu daékeun ngareungeu kana kawihna. Budak sakola nu ngaraliwat, tara-tara acan nu pirajeunan ngaméra, ngajeprét ku hapé, langsung diaplod. Teu. Teu kaharti meureun, bororaah hayang miralkeun nu kararitu. Komo kana hayang nurutan mah, kana hayang diajar mah ka si Aki.
Sakuringeun, ari pareng miang ka puseur kota, sok ngahaja calik gigireunana. Milu mirengkeun. Aya ku genah éta haleuang si Aki. Asa nyerep kana haté. Komo palebah ngahaleuangkeun Bulan Tumanggal. Diregepkeun, dihartikeun: Langit lénglang, padang taya aling-aling, indung peuting nu ngadingding, kasilir… kasilir angin, nu nyaangan, nu nyaangan ukur bulan nu tumanggal.
Leuh, asa manggih naon boa mah genahna téh. Ceuk kuring sotéh, nu mikaresep cianjuran. Pan ti keur sakola kénéh sok disumangetan ku Pa Somad, guru Seni Budaya. “Kudu dimumulé kasenian teh. Komo-komo seni cianjuran. Saampar jagat ukur aya di tatar Sunda. Di nagara deungeun mah euweuh,” kitu pokna téh.
“Yeuh, barudak. Anjeun téh seuweu-siwi nu bakal neruskeun tapak lacak perjuangan kolot-kolot aranjeun. Saha nu bakal ngaganti Bapa, nu bakal ngajar seni budaya, salian ti hidep. Kalebet ieu seni cianjuran. Kudu boga karep neuleuman jeung ngamumuléna. Saayeunaeun diajarkeun ku Bapa. Isuk jaganing pagéto mah aranjeun nu kudu bisa ngajarkeun. Sing inget, ieu seni minangka warisan karuhun. Lain ukur milik urang Cianjur, tapi milik Sunda, milik bangsa, milik nagara. Samalah jadi milik budaya dunya. Jadi, anjeun minangka seuweu-siwi Sunda, seuweu-siwi Indonesia, kudu daék jeung mampuh ngamumuléna,” kitu amanah Pa Guru Somad.
Kacarios, diéstokeun pisan éta amanah Pa Somad téh. Sakuringeun tapi, nu lain mah duka teuing. Da éta wé saban rék latihan téh loba nu bolos. Nu hadir téh saukur opatan: si Ujang, Kurdi, Kasda, jeung kuring. Si Ujang sok dilatih nyepeng kacapi indung, si Kurdi nyepeng kacapi rincik. Kasda sok dititah nyuling. Ari kuring, da pangawak awéwé, sok dilatih ngahaleuangna.
“Sakieu ogé lumayan, Dak. Ari soson-soson mah, bakal jadi lingkung seni anu tanggoh,” kitu Pa Somad méré sumanget. Kituna téh lain ukur papaés lambé, tapi jeung ngalatihna. Sina barisa.
Mimitina mah mémang hésé. Tapi balas dikucileng saban poé, ahirna bisa. Si Ujang jadi parigel ngajentréng kacapi indung. Nya kitu deui Kurdi, kana kacapi rincik. Kasda, bari rada-rada males ogé jadi parigel kana nyuling. Atuh kuring, dak dumadak resep jeung bisa ngahaleuang cianjuran.
“Hebat, Euis hébat. Geus cukup keur makalangan di nu hajat. Sora Euis cocok keur cianjuran,” kitu Pak Somad ngahatéan.
Kacarios, saban-saban aya pasanggiri cianjuran, sakola kuring sok milu aub. Da diluluguan ku Pa Somad. Sok bungah ari rék diilukeun pasanggiri téh. Rék meunang rék henteu, nu penting miluan. Da seseringna mah meunang. Atuh asa kembung pangambung, bungah ku dua-ku tilu. Pokokna mah banjir pamuji. Dipuji ku bupati, ku kepala dinas pendidikan, ku kepala sakola. Geus puguh ku réngréngan balad-balad mah di sakola.
“Ari budak mah kumaha guruna. Mun guruna parigel, nya tangtu muridna ogé parigel,” kitu Bapa Kepala muji-muji ka Pa Somad.
Tapi éta mah mangsa nu geus kalarung, basa kuring masih kénéh jadi siswa SMA. Satutas lulus mah jadi papencar. Si Ujang neruskeun ka akademi militer, jadi tentara. Si Kurdi, milu ka bapana ka Jakarta, dagang hordéng. Da rék neruskeun kuliah teu bogaeun biaya. Kasda nya kitu kénéh, ukur boga ijzah SMA. Sarua nurutan bapana. Di lembur tapi, sok naraktor di sawah. Bebelokan jeung leutak sawah. Ari kuring, nya rada-rada kasinugrahaan, da kabual neruskeun ka UPI, jurusan PGSD, kajeun rada-rada seuseut seuat ogé. Nya kuring mah kantenan jadi guru, guru SD. Kabeneran ditempatkeun ngajar téh di lembur rada nyingkur, rada anggang ka puseur kota.
Teuing ti jam sabaraha saban poéna si Aki mangkat ngacapi. Da sok geus nyampak aya di dinya mun kuring balanja ka kota téh. Balanja keur kabutuhan bulanan, saban-saban tas gajihan. Sok dianteur ku salaki kalan-kalan mah. Tapi seseringna mah sok mawa motor wé sorangan. Sok tuluy ngadon nyimpang heula ka lebah si Aki ngacapi, sok resep mirengkeun. Untungna téh teu aya Satpol PP nu bisa baé ngusir ka si Aki. Da atuh di jajalaneun puseur kota. Matak sareukseuk, ceuk nu teu resepeun mah. Untung Pa Bupati téh wijaksana, teu ngagusur tempat ramé kawas kitu, teu ngagusur si Aki sina indit. Bet kuring ngiringan deudeul do’a, muga-muga si Aki teu keuna ku penertiban pengemis jeung galandangan. Deudeul do’a supaya si Aki tetep ngacapi, tetep ngahaleuang, sok sanajan loba nu apilain.
Hiji poé, masih disaragem sépé, kuring, cara biasa, indit ka kota. Rék balanja téa. Cara sasarina, balanja téh ngaliwatan si Aki. Kabeneran si Aki téh aya. Nya, keur ngacapi. Pirajeunan kuring nyampeurkeun. Gék gigireun.
“Aki, cing cobi ngacapi deui. Kuring rék ngiring ngahaleuang,” pok téh.
“Oh, mangga,” waler si Aki, bari paromanna semu nu bungaheun.
“Lagu Bulan Tumanggal nya, Ki,” kuring.
“Siap, Bu Geulis,” walon si Aki. Ah, si Aki. Maké nyebut Bu Geulis sagala.
Si Aki ngamimitian ngajentréng. Kuring ngong ngawih. Keun waé batur sing rarérét ogé. Naha aya ibu make sépé, miluan ngahaleuang, kitu meureun pamikirna. Ah, keun baé, kuma dinya. Ngan téa, éta geuning nu muragkeun récéh téh bet ngalobaan.
“Hatur nuhun, Bu Geulis. Ku alpukah Bu Geulis, pangasilan Aki poé ieu mucekil,” ceuk si Aki.
“Sami-sami, Aki,” pok téh.
Panasaran, hayang nanya, saha sabenerna ieu si Aki téh? Dina tangtungan mah asa lain jalma sangsara, lain tukang ngamén biasa. Pangawakan beresih. Ngacapi da lain di nu mentrang kapoé, ieu mah di handapeun tangkal caringin, nu ngaroyom ka jalan.
Satutas ngahaleuang, kuring nyoba-nyoba nanya. Hayang nyaho kasang tukang kahirupanana.
Kagét lain meumeueusan, sihoréng si Aki téh pangsiunan tentara. Nurutkeun pangakuanana mah.
“Naha atuh kersa kikieuan, Aki? Padahal mah calik wé di bumi. Masing teu barang damel ogé da gaduh gajih panginten,” kuring pok deui.
Ari pokna téh. “Kieu, Nyi. Punten nya mang-Nyai-keun, Bu Geulis. Aki téh hayang ngacapi tanpa kasungkeret ku waktu. Da atuh Aki téh bisa jeung biasa ngacapi ti lelembut. Aki hayang ngacapi jeung ngahaleuang sakadaékna. Nya lajeng aki mangkal di ieu tempat. Itung-itung ngahibur nu pareng ngaliwat. Sanés seja néangan artos, da teu butuh ku artos Aki mah. Matak keun teuing rék aya nu méré rék henteu ogé. Da éta mah teu jadi udagan hirup. Keur bekel sapopoé mah tina artos gajih ogé masih kénéh aya langkungna,” ceuk si Aki.
“Waktos mancén tugas jadi tentara, sok ngacapi ogé, Ki?” kuring nanya.
“Atuh kantenan. Saban-saban aya upacara ketentaraan, upamina dina acara milangkala TNI, Aki sok kapeto ngacapi. Nya bungah wé. Keur mah hobi, dipiwarang pisan. Diburuhan deuih. Asa mobok manggih gorowong,” si Aki.
“Oh, saé atuh.”
“Da cianjuran téh aya, Nyi, sanes diaya-aya. Sanés dipapaksa supaya aya, sapertos dina acara lomba-lomba geuningan, anu dalihna mah keur ngamumulé budaya daerah. Alus kitu ogé. Tapi da ari lomba mah teu jiga ayana dina kahirupan. Matak dina lomba mah pamilonna ogé saeutik. Kalan-kalan mah sok diteu-ayakeun, da pamilonna teu aya. Atuh saha nu badé keresa ngacapi, dina zaman nu cenah modéren kieu. Cianjuran mah dianggap kampungan, Nyi. Matak teu seueur nu resep kana cianjuran mah,” ceuk si Aki.
Asa ras ka sorangan, sok milu pasanggiri cianjuran keur mangsa sakola di SMA. Teu pindo, da enya kitu. Saban pasanggiri, sakola kuring wé nu unggulna téh, da nu miluanana ogé ngan sakola kuring wungkul. Paling banter aya lima grup. Nya puguh sakola kuring sok meunang baé.
Ras deui kana pangalaman milu pasanggiri nembang pupuh. Kuring ogé kapeto miluan kategori guru. Nya kuring jadi pinunjulna. Enya, tembang (pupuh) ogé ukur aya dina pasanggiri geuning. Dina kahirupan sapopoé mah tara aya nu taram-taram nembang.
“Aki kagungan putra?” satuluyna mah ngobrol nu lain-lain.
“Alhamdulillah, gaduh Nyi. Gaduh hiji Aki mah, irit,” pokna.
“Henteu nga-ulahkeun Aki ngajentréng kacapi di jalan?”
“Soléh budak Aki mah, Nyi. Tara wani-wani ngahulag karesep nu jadi bapa.”
“Oh, kitu. Dupi tuang putra, sok ngacapi ogé?”
“Henteu, Nyi. Manéhna mah langkung kataji kana widang politik.”
“Kutan kitu nya, Ki?”
“Leres, Nyi.”
“Punten atuh bet képo ieu téh. Ari tuang putra damel naon atuh?”
“Janten bupati,” jawab si Aki.
Kagét lain meumeueusan. Putra si Aki jadi bupati? Naha bener si Aki téh kitu? Atawa halusinasi? Ngahayal? Tapi da mireungeuh kana kekecapanana mah bangun nu jauh tina bohong.
“Leres éta téh, Ki?”
“Da Aki mah teu nyuhunkeun dipercanten.”
“Percanten, Ki, percanten.”
“Nyai, naha bet henteu tumaros ‘naha Pa Bupati ngantep nu jadi sepuhna ngacapi di pinggir jalan?’ Kieu, Nyi. Aki téh teu hoyong nyusahkeun nu jadi anak. Malah Aki mah teu kantos ngalanto ka kantor bupati. Karunya, bisi ragrag wibawa sang bupati. Keur pangabutuh sapopoé, tara ngadak-ngadak nyuhunkeun ka nu jadi anak. Da tina gajih pangsiun ogé cekap.”
“Teu nyuhunkeun difasilitasi, Ki, kana hobi Aki ngacapi?” pok téh.
“Henteu, Nyi. Aki mah ngan ukur menta sahiji ka Pa Bupati téh.”
“Naon téa, Ki?”
“Ménta supaya Pa Bupati masihan ijin resmi, ijin resmi keur Aki ngacapi di pinggir jalan. Nya di dieu téa. Ménta supaya teu aya Satpol PP sangkan Aki nyingkah ti ieu tempat. Ménta supaya Aki bisa ngacapi dina umur nu geus nyedek ka mumunggang. Aki hoyong hirup senang ku ngajentréng kacapi, saméméh nyawa dipundut ku Rahayu. Sakalian itung-itung méré béwara ka balaeréa yén kawih cianjuran teh aya, atawa kungsi aya,” si Aki jiga nu manggih batur keur nembrakkeun eusi haté.
Réhé sakedapan. Lajengna mah si Aki nyambung deui. “Iraha-iraha sindang deui ka dieu, Nyi. Urang ngacapi. Keun Aki nu ngacapina, si Nyai nu ngahaleuangna. Soanten si Nyai halimpu pisan, resep keur nu ngadanguna. Aki percanten, Nyai gaduh karesep anu sarua jeung Aki, resep kana cianjuran. Aki percanten Bu Geulis resep ngawih ti bubudak. Lajengkeun, Nyi!” si Aki.
“Siap, Komandan!” témbal téh.
Ngan hanjakal, saminggu ti harita, si Aki téh geuning teu aya. Dunya téh asa jadi sepi. Ongkohna mah kuring téh rék ménta dipangacapikeun keur engké perpisahan kelas VI. Bet suwung si Aki-na ogé. Tempatna ogé geus keur dibérésan. Panasaran, kuring tumanya ka Satpol PP nu keur cakah-cikih bébérés.
“Punten, Pa Satpol, badé tumaros.”
“Perkawis naon, Bu?”
“Dupi si Aki nu sok ngacapi di dieu ka mana?”
“Tos pupus, Bu.”
“Pupus? Innalillahi wa inna ilaihi roji’un.”
“Dikurebkeunana ogé nganggo upacara militer, Bu. Da pangsiunan tentara. Pa Bupati nu janten inspektur upacarana ogé.”
“Oh, kitu? Ké…, ké…, ké…, punten badé tumaros deui. Leres si Aki téh ramana Pa Bupati?”
“Leres, Bu. Matak tara digarah-geureuh ogé.” ***
Maman, S.Pd., M.Pd., Guru Bahasa Indonesia SMAN 1 Kadugede, Kab. Kuningan, Jawa Barat. Oge minangka ketua MGMP Bahasa Indonesia SMA Kabupaten Kuningan Jawa Barat.
Sumber: Manglé nomer 2766, Mangle.id