Ku Aris Kumetir
AHAD kasorénakeun. Éar! Béjana gancang pisan sumebar. Ibur salelembur aya mayit di Cilabuhan-bulan. Mayit lalaki ngaréngkol dina susukan. Handapeun akar canir kiara kahot di hulu lebak. Tempat nu arang kasaba ku jalma lantaran tempatna hara-haraeun. Tungkeb urang lembur pada lalajo, noyék, basa pamong désa cuh-cih nitah sababaraha urang warga sangkan mindahkeun mayit ka nu leuwih negrak sabada dipariksa pulisi. Mayit dirurub ku daun cau.
“Beuki sungil baé lebak téh. Naha atuh los-losan ka dinya mayit téh?” cek Mang Salpi teu euleum-euleum daria pisan.
“Ari Si Salpi! Piraku teuing nu paéh leuleumpangan. Pastina ogé aya nu miceun deuleu! Ngan asa teu wawuh euy. Jiga lain urang dieu!” cek Aki Juhri bari tunga-tengo ngilikan mayit bangun panasaran.
Meni réang pada hayang nyaho. Saha, saha, cenah. Taya nu kenaleun ka éta mayit. Tacan kapanggih laratanana. Jaka uleng bari nitenan éta patempatan. Lian ti kiara kahot ogé dapuran awi ngagumpluk sapanjang lebak ka hilir. Harieum teu kasorot matapoé. Mun téa mah aya barang bukti pasti nyingkur ku sabab kandel kacida kalakay awina. Katambah tadi hujan ngagebrét kasubuhnakeun. Mupus tapak. Matak bangga pikeun ngungkab naon nu geus kajadian di éta patempatan. Najan disuay-suay kalakayna weléh teu papanggihan.
*
Jalan jajahan. Kasebut haneuteun loba nu ngaliwat mun beurang mah. Jalma-jalma nu rék ka sawah atawa kebon. Pon kitu deui nu rék miang ka dayeuh atawa ngaiangkeun hasil tatanén ka pasar. Ditaranggung meni tingrarekot sora rancatanna. Sakapeung kahar nu rék balik ka kidulkeun sok katémbong ngaliwat. Kahar hiji-hijina boga Ki Iding. Tukang balantik ti Karangpari. Maneuh unggal poé pasar, Rebo atawa Saptu. Pinuh ku rupa-rupa balanjaan. Lian ti éta malem Ahadna nu ngagiringkeun munding ti Kaso nu rék diiangkeun ka Bojong maneuh ngaliwat.
“Kadé jagaan di jalan cagak. Aya nu jiro, yeuh. Bisi labas ka Bihbul, euy!” Ngajorowok nu ti kalér.
Tingsaruit. Oncor tinggelebur. Matak narik-ati barudak nu mindeng megat ngalalajoan dina sela-sela dapuran eurih di kebon luhureun Jalan Jero. Jalan nu diapit ku gawir nu lungkawing. Jalan Jero jeung Lebak Cilabuhan-bulan jarakna teu pajauh. Sajalur. Sabada Lebak Cilabuhan-bulan bras baé ka Jalan Jero mun ti kalér mah. Basa peuting kajadian, malem Ahad, hujan ngaririncik ti soré kénéh. Barudak Kebonjati nu biasa megat ngadon lalajo, peuting éta mah taya nu kaluar imah saurang-urang acan. Ngaringkeb di pangkéngna séwang-séwangan.
“Kudu nepungan nu ngaiangkeun munding. Susuganan manggih katerangan sangkan gancang kaungkab ieu perkara téh,” cek Jaka ka baturna. Ngan nyamos deui baé cek nu ariang peuting éta maranéhna teu tepung jeung jalma lian iwal jeung batur-baturna wungkul nu babarengan ngagiringkeun munding. Malah teu nempo barudak saurang-urang acan nu biasa lalajo di luhureun Jalan Jero.
“Sawewengi sepi jempling. Ti Kaso kénéh tos ngaruy. Ngaririncik parat dugi ka Kiarapayung. Teras ngagebrét. Kaleresan aya saung kebon. Ahirna ngiuhan, ngarereb di Peujeuh,” pokna. Cenah, lian ti éta di pertelon lembur saacanna, tempat biasa ngareureuh, di garduh teu katémbong nu ngaronda saurang-urang acan.
“Muhun kamari ogé ka lebah dinya bada lohor tacan aya. Mung tadi siang basa badé milari deui pancar bet manggih mayit. Iiiih … kukurayeun baé dugika ayeuna,” cek Mang Salpi nu pangheulana manggihan bari ngabirigidig.
Can meunang katerangan jinek nu bisa mukakeun lalangsé, saha ieu mayit téh?
Jaka tuluy meuseuh uteuk. Ngahubung-hubungkeun kabéh katerangan. Tinggal saurang deui. Ki Iding nu acan ditalék téh. Basa Jaka ngahaja nepungan ka imahna kasampak suwung. Ceuk pamajikanna keur ka Bojong. Jajap barang pesenan.
“Ahad subuh sumpingna mah. Mung angkatna sanés ti dieu. Tapi ti Nanggéla,” cek pamajikanna Ki Iding.
“Ti Nanggéla? Boga dulur di ditu?” tanya Jaka. Nu ditanya pamuluna robah. Bangun asa-asa rék ngajawab ngan teu burung betus ogé.
“Ih, sanés. Kilir ka istri kaduana ti malem Jumaah kénéh,” tembalna satarabasna. Terus babalieuran bangun nyamunikeun kaayaan haténa nu sabenerna. Jaka tiba mésem. Tayohna kayungyun.
Sawatara waktu mah manéhna teu apapanjangan. Saheulaanan katerangan ti awéwé di hareupeunna cukup. Tuluy baé amitan undur rék mulang. Jol ka imahna nyampak kulisi désa keur diuk dina korsi.
“Moal lila. Ieu rék nepikeun papanggihan Mang Salpi di sabudeureun tempat perkara, ” cenah bari nyodorkeun cepuk. Gancang ku Jaka dirawatan.
*
Basa datang deui ka Karangpari rék nepungan Ki Iding kasampak suwung deui. Cek pamajikanna mah keur ngajajap deui barang ka Bunter. Inditna rebun-rebun. Teu bisa majar kumaha. Jaka terus amitan ngajugjug ka Nanggéla sanggeus meunang alamat pamajikan kadua Ki Iding.
Nepi ka tempat téh pabeubeurang. Barang jol ogé dibagéakeun ku tangtungan hiji awéwé ngora. Awakna sampulur kulit bersih bangun tapis ngarawatna. Ngan dangdanan asa kaleuleuwihi. Wedak kandel jeung lipstik burahay jigana teu perlu keur pameunteu kasebut manis. Mun saulas-saulas kawasna leuwih pantes. Perhiasan reunceum. Dina leungeun kénca jeung katuhu. Geus puguh dina beuheungna mah. Pantes daék dipihukum jadi pamajikan kadua.
Waktu Jaka ngawanohkeun manéh ka pamajikan Ki Iding, éta awéwé teu katémbong riuk geumpeur komo sieun. Kalah beuki maceuh kulat-kelétna. “Muhun, ti bada Asar tos di dieu pun lanceuk mah. Tos maneuh unggal dinten Kemis. Mung kamari mah Jumaah pasosonten ogé da tos mulih ka ditu,” pokna meni luway-liwey bari nyodorkeun opieun. Cai entéh ngebul kénéh jeung bolu kijing lalawuhna.
“Mulih ka ditu téh mulih ka mana?” cek Jaka ngaheureuyan nu sabenerna geus ngarti kamana jigna omongan téh. Éta awéwé katémbong bangun nu éra. Basa diuk ogé gutak-gitek baé teu daék cicing.
“Ka maru!” témbalna. Ti monyong-monyong. Tuluy nungkup biwirna. Ayeuna Jaka nu babalieuran nahan piseurieun.
“Ka dieu téh lian ti kajurung ku dines, aya nu badé ditaroskeun. Cobi ilikan sing telik dupi ieu téh barang nu Euceu?” cek Jaka bari muka cepuk dina méja. Manéhna nyoba-nyoba mancing susuganan baé aya hasilna. Bari teu lesot mencrong kana beungeut éta awéwé nu katénjo ngaranjug bangun reuwas. Ngan gancang pisan riukna robah. Tenang pisan.
“Cobi ningal. Ih, meni samodél sareng nu Euceu. Watangna meni percis ngan béda matana wungkul. Tapi da nu Euceu mah tos diical di pasar sasih kamari. Digentoskeun kanu ieu,” pokna bari némbongkeun ali dina jarijina. Jaka ngaluarkeun barang bukti hiji deui.
“Dupi kana seratan ieu kenal?”
*
Ki Iding. Lalaki tengah tuwuh nu sembada. Najan umuran katémbong jagjag kénéh. Awakna nu cangker dipasieup ku dangong piajriheun. Geus puguh sorot matana nu katémbong teu weléh waspada. Simaan.
“Saptu minggu kamari mah kuring dibarengan kusir. Barang mah tinggal nyokotan da geus mesen ti mangkukna kénéh. Kuring mulang ti heula tunggang kuda,” pokna tenang pisan. Tuluy ngenyot udud dina biwirna bari tipeureum-peureum bangun ni’mat. Haseupna diserebung-serebung. Tapi keur Jaka jadi hiji catetan ningal kaayaan kitu. Nyanghareupan rupa-rupa kasus jadi apal réngkak paripolah manusa.
Teu lila torojol pamajikan Ki Iding ti dapur bari mawa susuguh. Sajorélat pisan muncul dina pikiranna. Kusiwel ngaluarkeun cepuk terus dibuka dihareupeun éta awéwé.
“Jih! Naha ali téh bet sami jeung nu Ibi nu majar leungit téa Akangna?” pokna bari ngarérét ka salakina.
Jaka curinghak. Rét ka Ki Iding nu ngarobah posisi diukna.
“Dupi ieu leres tulisan Ki Iding?” cek Jaka bari ngaluarkeun kertas sacewir tina jékétna. Ki Iding katémbong bangun nu reuwas. Duanana ngilikan kertas.
“Sanés!” cek Ki Iding.
“Leres!” cek pamajikanna. Méh bareng. Dua jawaban nu papalingpang. Beungeut Ki Iding katémbong pias. Beuki nambah kayakinan keur Jaka kajadian di Cilabuhan-bulan aya pakuat-pakaitna jeung Ki Iding.
“Dua poé katukang kuring ka Nanggéla nepungan Ceu Siti. Basa ditémbongkeun ieu barang kawas mangmang yén manéhna kenal. Tapi waktu ningal tulisan ieu meni yakin pisan yén ieu téh tulisan Ki Iding. Pon kitu deui si Ibi ogé gening wanoheun. Cukup ku dua katerangan kitu ogé pikeun kuring saparakanca mawa Ki Iding ka kantor!” cek Jaka. Dua urang pulisi geus nyantong di lawang.
*
Waktu ditalék, Ki Iding ahirna ngaku. Cenah, salila ieu manéhna kabéngbat deui ku hiji awéwé urang Dayeuhluhur. Hanjakalna geus boga salaki. Mun patepung susulumputan. Mindengna mah di pasar. Nepika poconghokna Saptu peuting basa manéhna sagebrug di imah éta awéwé. Manéhna luncat liwat jandéla. Tuluy salakina ngudag nepika galunganna di Cilabuhan-bulan. Nepi kasoranna salaki éta awéwé ku Ki Iding.
“Singhoréng éta lalaki téh buronan. Bégal di pakaléran. Urang wétan. Paingan hésé nyusudna. Atuda meuntas provinsi, euy!” cek Jaka ka batur-baturna bari nyerebung-nyerebung haseup rokona.
*
Pamoyanan, 10 Agustus 2021
Kantos dimuat di Majalah Mangle nu medal tahun 2022.
***
Aris Kumetir lahir di Blok Kebonjati, Dusun/Desa Cileungsir, Kecamatan Rancah, Kabupaten Ciamis. Resep maca jeung nulis ti bubudak. Karesep carponis nu resep ngalintrik ieu kana maca jeung nulis, tambah mekar sabada inyana ngumbara ka Kota Bandung awal tahun 1990-an. Teu aneh mun carpon-carpon karya Aris nu maneuh terbit di Majalah Mangle boga ciri nu mandiri. Leubeut ku saripatina kulawadet bacaan, diadu manis jeung jero-jerona pangalaman hirup .