JEBRÉT! Gurawil bajing téh tisolédat tina palapah kalapa. Tuluy nyorosod. Katénjo suku hareupna ruwal-rawél kana daun. Roroésan sanggeus suku tukang péngkor beunang ku mimis. Kapireng sorana cecekotan lir jumerit nahan kanyeri, ménta tulung. Di handap geus haliwu.
“Ah, sia mah apla-éplé! Kagatis wungkul tamah! Mun ku déwék sakali misir ogé beunang. Haling!” cék Juha nu ti tatadi ngahéphép, da bisi ngagareuwahkeun nu keur ngincer boroannana, cengkat.
Dudi teu ngahaminan. Beungeutna ngembang-wéra. Manéhna ukur ngulangkeun leungeun katuhuna. Nyaram. Mimis nu diheumheum tuluy diasupkeun kana laras bedil. Laju dilelebah, dilelempeng deui. Ngéker bajing nu masih roroésan.
Juha tiba ngulapéskeun bedilna. Rét ka Dudi. Tuluy tanggah. Mencrong kana sasaran nu roroésan kénéh. Huntuna rerekétan. Kawasna mah geregeteun. Jebrét! Bedil ngabekas deui. Koléang sakadang bajing ragrag. Suku nu hareup ngaranggeum daun kalapa.
Di handap, nu moro, curinghak. Tingberetek, tingkorosak. Paboro-boro ka lebah dapuran kapol tempat sakadang bajing ragrag. Sapakarang-pakarangna. Pon kitu deui Dudi. Muru ka lebah dinya. Nyamos. Boroan téh teu katimu.
“Jigana teu keuna kana bajingna. Aya daun kalapana mah, euy!” jorowok Juha nu keur nyuay-nyuaykeun dapuran kapol.
Nu lian ogé migawé nu sarua da biasana bajing téh sok nyulumun.
“Beunang, euy!” kapireng di lempong pisan.
Séak Dudi muru ka lebah nu ngajorowok tadi. Tuturubun. Bréh katénjo bajing téh ditincak ku Maman nu maké sapatu bot. Teu walakaya. Matana molotot. Gep ditéwak.
Niat ingsun meregatkeun sato,
Beusi ngahudang sari,
Waja ngahudang rasa,
Nu pait pindah ka getih,
Nu pahang pindah ka tulang,
Suka suci badan sampurna,
Sampurna.
Kécécét dipeuncit. Kekejetan, sakarat.
“Yeuh, brow! Hasil moro manéh nu munggaran,” cenah bari ngaludat-ladutkeun péso nu baloboran ku getih kana bodogol cau. Laju bajing ditampanan ku manéhna.
“Jigana reuneuh, brow!” cék Maman tuluy ngaléos sabada nepak taktakna. Di tonggoh kapireng nu silih-sepét, silih gonjak jeung papadana. Dipungkas ku tingbarakatak.
“Hayu, brow! Cuang ka kontrak. Di ditu mah pagulandang geura!” jorowok Maman.
Dudi nu kurang-kerung laju nanjak bari ngajijiwir bajing. Srangéngé beuki manceran. Daun kalapa tingarulang katebak angin.
__________
GEUS ampir saminggu manéhna nyirekem di imah. Huleng jentul di tepas atawa pawon. Bapana haben ngajujurung ulin ngarah liar. Teu dipiroséa. Cukup ditémbal ku horéam. Samalah, tilu poé katukang mah noron nu ngarajak moro daratang deui ka imahna. Sangkan milu ngagabung. Ku manéhna ditolak. Nepi ka Juha murang-maring.
“Teu kudu ngomong dosa. Geus puguh éta téh hama, ngagalaksak kana tatanén. Ditaritah diala ku warga ogé! Apanan bapa sia ogé sakapeung mah sok katénjo bebedil. Ngajual kalapana ka déwék. Munapék geuning satéh!” cenah bari sosorongot bakating ka sigeung.
Teu nyalahan. Memang ngahasilkeun bajing téh. Di pipir imahna rapang buntutna nepi ka gararing diselapkeun dina bilik bukti yén ngala kalapa dua hulu téh dihilian ku buntut bajing.
Lian ti éta kungsi jadi pangupajiwa bapana nu ngaligeuh nalika manéhna keur sakola menengah. Apanan tina ngajual kalapa hasil moro nambah-nambah biaya téh nepi ka jucungna. Tapi ieu salah! Teu bisa diantepkeun.
Dudi mingkin ngageremet, ambek kapegung. Komo nénjo bedil nu ngagantung di patengahan imah mah. Kekejotan geus hayang ngabalangkeun atawa ngaragaji nepi ka jadi dua potong. Ngan, ras inget ka kolotna nu tinggal sabeulah. Apanan éta téh alat hiburan bapana tisaprak indungna euweuh dua puluh taun kalarung. Maot teu katulungan lantaran pendarahan basa ngalahirkeun manéhna. Kitu cék nini manéhna mah.
Saminggu katukang, basa bajing dibelék beuteungna, katénjo anakna beureum kénéh lebah pianakkeunana. Manéhna nepi ka ngembeng cimata. Ras ka diri sorangan. Geuning telenges kabina-bina? Lamun heulang teu ditarémbakkan mah kawasna hama bajing nu keur mahabu téh bisa diungkulan.
Inget ka indungna nu ngan tinggal foto, ngagantung di patengahan. Geuning kieu rasana teu boga indung téh. Tuluy ajam yén éta téh moro nu munggaran ogé nu pamungkas. Moal deui-deui. Manéhna cengkat. Asup ka kamar. Nyokot kertas salambar. Gutrut nulis: ‘Teu meunang némbak sasatoan jarah di lembur jeung sabudeureuna. Sabab bakal aya mamala!’
Jut turun tina golodog. Muru ka tempat fotokopi, tunggang sapédah. Motokopi. Laju babagi ka unggal jalma nu amprok jeung manéhna. Nepi ka nékad ditémpélkeun di balé-désa.
Juha nu ti tatadi nyérangkeun, nyel ambek. Nunutur. Waktu perewis di galengan balong, sapédah ditéjéh satakerna. Galéong. Gubrag! Dudi ngajurahroh.
“Ku bapa déwék nu kuwu waé dihempékkeun, na ari sia kumawani curam-caram!” cék Juha, nyerenteng bari ngaheumbatkeun peureup ka lebah beungeutna.
Jebrod! Dudi nu karék nangtung ngabangkieung. Ujug-ujug gep, tukangeun, ngarejeng manéhna. Atuh teu manggap mulya. Tuluy dicehcer nepi ka ngajoprakna. Irungna baloboran getih.
Juha ngabadega, nulak cangkéng. Dudi asa manggih lolongkrang. Sesa tanaga ngayonan nu ngereyuk téh dipaké ngajejek Juha nepi ka ngagujubar ka balong.
“Aaaa…!” jorowok Juha, sorana handaruan. Roroésan.
Barang diilikan cai balong robah jadi beureum. Cohcor awi ngagabres kana puhu pingpingna.
Nénjo kitu babaturan Juha kahudang amarahna. Tuluy nyehcer Dudi nepi ka kapiuhan.
__________
SATAUN ti harita. Kuwu pada ngadémo dipaksa ngecagkeun kalungguhanna. Lian ti tangkulak kalapa nu ngarugikeun patani ogé kasibat kasus korupsi nilep bantuan pamaréntah.
Juha pinced tisaprak kajadian éta. Sedengkeun Dudi teuing ka mendi. Ceuk béja milu pelatihan, ngalamar jadi polisi kehutanan. ***
Cisaranten Kulon, 01/09/2014
Kantos dimuat di Tribun Jabar, September 2014
Aris Kumetir lahir di Blok Kebonjati, Dusun/Desa Cileungsir, Kecamatan Rancah, Kabupaten Ciamis. Resep maca jeung nulis ti bubudak. Karesep carponis nu resep ngalintrik ieu kana maca jeung nulis, tambah mekar sabada inyana ngumbara ka Kota Bandung awal tahun 1990-an. Teu anéh mun carpon-carpon karya Aris nu maneuh terbit di sababaraha media, sepertos Majalah Manglé sareng Tribun Jabar, boga ciri nu mandiri. Leubeut ku saripatina kulawadet bacaan, diadu manis jeung jero-jerona pangalaman hirup .