Ku Suryatno Suharma
SAKOLA teh gampang sarta murah. Naon sababna? Ih, pan rea sakola ayeuna mah. Komo deui zaman kiwari, meh unggal lelewek aya nu diajar calistung.
Enya, memang bener. Tandana, yen diajar teh bisa iraha, jeung di mana bae. Turta teu kudu katalikung ku umur.
Enya kitu?
Ih, benul! Bener sarta betul! Anu matak… Gampang da guruna oge geus rea. Samalah, indung-bapa geus kungsi jadi guru. Gara-gara korona gitu, loh!
Lanceuk ge loba nu ngadadak ngajar adina. Alatan daring apanan. Eta meureun minangka kakaren korona teh. Bener naker.
Tuda waragad sakola jadi mahal teh lain elmuna nu kudu dibayar, lin? Tapi keur beya itu-inih. Cing tataan naon wae? Eta, geura pek sebut hiji-hiji nu ngabalukarkeun tolab jadi mahal.
Kahiji,
– Daftar jeung uang pangkal (acan mun nitip);
– Saragam jeung atribut lianna;
– Aya dana pengenalan;
– Ongkos;
– Jeung rea-rea deui.
Buku?
Tah, kadua, buku katut alat tulis. Tuluy sok aya ekstrakurikuler nu tangtu we kudu make anggaran husus deui bae.
Katiluna, patali jeung budakna. Butuh hape, laptop, motor, pakean sejen luareun saragam. Acan duit keur jajan atawa uang saku.
Sok gunukkeun geura! Jadi gede oge geuning. Rea anu ngabirigidig. Acan bulanan, taunan, piknik misilna. Wisuda atawa paturay tineung.
Ah, pokona, mahal.
Sedeng elmuna? Duka teuing nerap duka henteu kana jero sirah budak. Sok hemeng, Den!
Make dun-den sagala atuh. Biasa bae da jeung dulur!
Keun bae basa mah da teu meuli!
Heueuh, mun basa kudu meuli beuki beurat bae sakola teh. Ari geus tamat kudu neang gawe. Geus mancen kudu…
Heup, ah!
Tah, eta nu hase ngajawabna!
Anu matak … Heup, heula!
Suryatno Suharma, ngokolakeun Yayasan Insan Basajan di Cihideung, Parongpong, Bandung Barat.