Sawates catetan Mang Aep tina #balagonjangsumedang
keur mang Jankz Wahyudi
MANGSA bumén-bumén kénéh di Sumedang, sok pirajeunan nataan ngaran-ngaran jalan. Éta ogé sakalieun indit tur balik sakola kétah. Ti dituna mah, ngarah teu bolonyon teuing mun aya nu nanyakeun patempatan-patempatan waé mah. Masih kénéh manteng dina ingetan, aya jalan Pangéran Kornél, Gending, Suriaatmadja, Ragadiem, Tegalkalong, Mayor Abdurahman, jrrd.
Éta ngaran jalan téh aya anu nyoko kana hal-hal anu bisa kasebut “luar biasa” kawas Pangkor, Suriaatmadja, Mayor Abdurahman nu diraketkeun kana ngaran jalan ku alatan katokohanana tur boga ajén anu gedé. Aya oge ngaran jalan nu memang nyoko kana patempatan atawa kampung, kawas Ragadiem, Rancapurut, jlsté.
Baheula, upama baé urang badarat di jalan Tegalkalong ti tebéh Taman Endog tug Tegalkalong, satukangeun Bioskop Pacific baheula, aya hiji jalan anu nyiku. Harita, duka dugi ka taun sabaraha, éta jalan téh ngarana Jalan Jang Ka’ih, ayeuna mah ngarana jadi Jalan Talun. Ceuk sajorélatan pikir harita, éta “Jang Ka’ih” téh tokoh nu mibanda ajén gedé oge pikeun Sumedang atawa naon?. Ku rasa panasaran, —saha sih ari Jang Ka’ih téh? Kuring kungsi tatanya ti mimiti ka kolot sorangan nepi ka kokolot nu aya di sabudeureun éta jalan, weléh taya waleran anu nyugemankeun. Aya waleran kalah ngabalukarkeun kapanasaran anu leuwih. Kieu walerna téh, “Ulah waka ayeuna jang, nyahona. Ké waé mun geus waktuna.” Di séjén wayah, malah aya nu ngawaler samodél kieu, “Pancén didinya maluruhna, Jang. Sok paluruh keur ema mah cukup yén Kaih téh hirupna dina jaman Pangéran Suriaatmadja!”
“Haaar … karah, abong kolot … sok embung wé ari ditaléngténg téh. Hehehe.”
Circa 2008, basa keur nalusur kaayaan Sumedang Pasca-“Gerakan Nyi Atjiah”. Lebeng pisan geuning! Dina mangsa “Jaman Bergerak” di awal abad ka-20, Sumedang mah disebutna ogé “daerah aman”.
“Aman kumaha Jang?!” ceuk mang Suhé.
“Kieu mang …”
Sapanjang kapamingpinan Pangéran Soegih (1836 – 1882) dugi ka putrana Pangéran Soeriaatmadja (1882 – 1919), aranjeuna nerapkeun aturan yén di Sumedang teu meunang aya organisasi pulitik. Ku kituna sapanjang taun-taun harita mah Sumedang téh adem ayem nggelenggem, tur tilem tina raraméan zaman pergerakan kebangsaan.
“Euleuh… kitu nyah, mendedempés wé nya urang Sumedang mah harita téh?”
“Euweuh gadag pisan!” ceuk Mang Sakim nu harita ilubiung dina forumbalagonjang.
“His, kéla Mang, nyenteg waé ateun téh,” ceuk kuring ngagebés. “Ga segitunya kaleee! Urang Sumedang oge weweg sihungna. Tengetkeun geura yeuh mang!”
“Sababaraha pentolan gerakan kebangsaan gurujagna ti Sumedang. Di antarana waé, Gatot Mangkoepraja –anu dina taun 1943 katompérnakeun ngadorong lahirna PETA (Pembela Tanah Air), dina mangsa bergerak inyana aktif di Perhimpoenan Indonesia jeung Partéy Nasional Indonesia (PNI). Inyana ogé anu salibét jeung Soekarno dina “Peristiwa” Indonesia Menggoegat 1930”. Cékéng tandes.
“Balik deui mang ah! Cuang tuluykeun Jang Kaih téa”
Tina korant De Indische courant, wedalan 11 April 1928, kaca 1 anu di judulan Naar Boven Digoel; (Dibuang) Ke Digul, kaunggel kieu.
“…Op dezelfde overwegingen als bij vorige besluiten, zullen de volgende personen geïnterneerd worden naar den Boven-Digoel: Kaih Soekanadria, als kind genaamd Kaih, oud 35 jaar, landbouwer, voorzitter der Sarekat Rajat te Soemedang, laatstelijk woonachtig te Soemedang, afdeeling Midden Priangan;…”
“…Atas dasar yang sama seperti dalam keputusan sebelumnya, orang-orang berikut akan diasingkan ke Boven-Digul: Kaih Sukanadria, atau Kaih, berusia 35 tahun, petani, ketua Sarekat Rajat di Soemedang, tinggal di Soemedang, daerah Priangan Tengah;…”
Tina éta berichten, bisa kajudi dina taun-taun 1920 – 1940 Sumedang teu tiiseun teuing. Ayana berita sual diasingkeunana Kaih nu jadi pupuhu Sarékat Rakyat ngabuktikeun ayana tina aktivitas pulitik di Sumedang. Salian Sarekat Rakyat, aya ogé orhanisasi séjén, nyéta Sarékat Hedjo. Demi sarékat Hedjo; gerakanana kooperatif ka pamaréntah harita; koopératip, sedengkeun sarékat Rakjat sipatna non koopératip jeung radikal ka pamaréntah jajahan.
Disebutkeun ogé yén Kaih téh pakasabana kana tani, ketua Sarekat Rakyat Sumedang, nu dibuang ka digoel. Ari nu ngabalukarkeun dibuangna ka Digul, kulantaran dina mangsa harita Sarekat Rakyat mangrupa ormas anu dipikaceuceub ku pamaréntah Walanda kusabab gerakanana radikal non-co téa. Katurug-turug, harita di Sumedang aya kajadian “Ririboetan di Bioskop Pacific” anu ngalibetkeun anggota Sarékat Rakyat, pengelola bioskop, anggota Sarekat Hedjo, jeung masyarakat sabudeureun bioskop.
Ieu kasus henteu tunggal, tapi dimimitian ku ditolakna permohonan ngagunakeun Gedong Bioskop Pacific pikeun vergardering (rapat) SR Sumedang. Teu tarima ku éta penolakan, anggota SR ngaluarkeun émbaran laju ngayakeun boikot supaya warga ulah nongton di Bioskop anu diadegkeun ku Meneer Boesee téa. Ku sabab nu nongton beuki ngorotan, bioskop ngaluarkeun potongan harga karcis pikeun warga komo deui anu jadi anggota Sarékat Hedjo mah.
Kulantaran anggota Sarekat Rakyat teu dibéré diskon karcis, laju arinyana langsung madep ka pangurus bioskop; ménta diskon. Hanjakal ditampik. Ngarasa dibéda-béda, antukna, anggota Sarekat Rakyat nyerang pengelola jeung satpam bioskop. Atuh campuh garelut. Teu ukur pangurus nu papuket jeung anggota SR harita, warga anu boga label anggota Sarekat Hedjo oge milu mantuan ka pangurus bioskop.
Ku ayana ieu riributan, tungtungna datang sakaut. Cenah sababaraha urang anggota SR ditéwak. Malah sababaraha poé ti harita, pupuhu SR Sumedang nu pas poé kajadian keur aya di Bandung dicangkalak ku sakaut. Katurug-turug, di Hindia Belanda harita, SR geus jadi bahan omongan ku alatan salibet dina aksi “Perlawanan Nopember 1926”, hiji perlawanan anu ngangkat kasadaran pulitik jeung pembebasan Enonesa tina imperialisme jeung kapitalisme.
Dumasar kana catetan Ramidjo salah sahiji “orang buangan” Digoel, Kaih maot di Digoel ku alatan panah suku kaya-kaya basa kabur di tanah buangan jeung lima baturna, di antarana Gunawan ti Bandung.***