Ku Eha R.
SOK mang karunyakeun, ari ningali kana kaayaan kahirupanana mah. Salaki ukur jadi tukang kokorompong, sabaraha atuh pangalana, tapi teu kitu ari rezeki mah teu disangka-sangka da lain jalma anu ngatur. Ngan éta wé boga budak meni ngaderehdel, tunji ari alesan KB teu cocok. Ayeuna geus boga budak genep. Nya ngais, nya nuyun. Mang uyuhankeun kuat ngalahirkeunana. Saimah jeung indung, kamar opat téh kuopat kuren.
“Kang Abas, Ai rék ka pasar Si Dede hayang sapatu geus soék, tuh embung indit sakola ayeuna ogé.”
“Ai, can aya atuh duitna ogé, Akang can meunang karék ogé ayeuna rék balangsiarna.”
“Anu Si Sudin meureun meujeuhna, paké eta heula! Nomerna sarua lin?”
“Ih, ari Akang gomrang atuh.”
“Sendal wé atuh, guru bisi negor mah béjakeun wé, daripada teu sakola, jung jajapkeun jelaskeun kaayaan urang!
“Geus paké sendal wé De, tong ceurik, hayu ka sakola dianteur ku Ema!”
Budak mugen, keukeuh hayang disapatu. Tungtungna poé eta teu sakola.
Teett… teeett… bél asup. Barudak lalumpatan arasup ka kelas. Jam tujuh saparapat geus biasa barudak ngadu’a. Ketrok… ketrok sora sapatu di luar, geus apal barudak mah, éta sora sapatu saha. Jempling da puguh keur baca senyap téa. Jol Bu Fat guru bahasa Indonesia asup. KM nyiapkeun salam ka guru nu datang. Barudak neruskeun deui macana. Teu lila geus rengsé.
“Hadir sadaya dinten ieu?” Bu Fat ngamimitian muka obrolan.
“Dede Agung, Bu teu aya katerangan,” walon sekretaris kelas.
“Nya, mudah-mudahan upami teu damang sing enggal damang, izin enggal aya iber, alpa enggal disadarkeun.!” Barudak hempak ngajawab. Aamiin. Poé Saptu mah diajar ukur nepi ka jam duabelas. Barudak bubar. Bu Fat ogé sarua jeung guru nu liana marulang.
Tring… tring… sora WA Fat disada, laju dibuka ti salakina.
[Bun, Ayah dinten ieu moal wangsul, di kantor aya lembur, wayahna nyalira, sauran wé Bi Mimi upami teu aya rencang mah, piwarang ngawengi!”]
[Piraku Ayah, pan énjing dinten Ahad, damel waé?”]
[Bun, dinten Senen kedah laporan rengsé, pami teu percanten mah, sok tah telepon rérencangan Ayah, Pa Rudi!”]
[Percanten, Yah, pédah asa teu sapertos sasari wé biasana tara ngawengi.”
“Muhun ngadadak, Bun, wayahna nya!”]
[Muhun manga Yah, mulihna tong siang teuing!”] Klik WA ditutup, angkot geus nungguan, clak numpak angkot.
Reup peuting cungelik sorangan, geus rumah tangga lima taun can dipercaya boga turunan. Geus ka ditu ka dieu, ka dokter, ka alternatif ngubaran awak, sangkan boga budak, sakur anu nuduhan dilaksanakeun. Ceuk dokter mah séhat kandungan téh, kitu deui nu jadi salakina Herman. Teu karasa bari nongton TV reup kasaréan.
“Tarima abdi nikah, ka Néng Mila maskawin emas duapuluh gram kontan!”
“Sah?” Ceuk Amil, nu nyaksian hempak ngajawab sah.
“Alhamdulilah, Cép Herman. Ayeuna Néng Mila tos sah janten bojo Cép Herman. Ondangan nu datang sasalaman ngawilujengkeun. Geus réngsé bubar, ukur kulawarga jeung tatangga nu nyaksian.
“Kang Her, mangga bilih tos pules geura bobo, punten abdi wengi ayeuna nuju kadongkapan tamu, hapunten Kang!”
“Oh, teu sawios Néng, tos sabaraha dinten. Nembé dua dinten.” Herman ukur unggeuk.
Malem pangantén ngarana, tapi ukur bisa ngobrol wungkul. Teu karasa duanana saré tibra. Puguh capé beurangna loba kaditu ka dieu. Isuk-isuk Mila geus ka dapur, nyieun kopi keur Herman. Regot-regot Herman nginum kopi jiga nu aral. Teuing ku naon teu ngomong-ngomong. Rada hanjelu sugan peuting gagal. Manéhna mikir, kudu balik rada isuk kénéh.
“Mila, Akang sanés teu sono, badé wangsul heula di kantor tos ngarantosan badé ngarengsékeun padamelan. Wayahna geulis dikantun heula, nya?”
“Akang kin uihna badé ka mana ka dieu atanapi ka ditu?”
“Wayahna geulis, Akang da tos janji badé wangsul rada enjing.”
“Muhun Kang, abdi namina nu anom, panginten ngéléhan. Abdi teu aya hak ngalarang Akang, ku kersana Akang ka abdi ogé tos bingah, alhamdulillah.
Tiiit… tiiit… sora klakson di buruan. Fat geuwat ka hareup nyampeurkeun. Geus saged dangdan, laju muka panto gerbang, dipapag ku imut. Seger katingalina.
“Yah, tos réngsé, kunaon asa laleuleus kitu, aya nu karaos, lebet angin nya?” Fat nanya ni merelek, sieun salakina gering. Fat nyaah pisan ka Herman.
“Henteu, Bun, ieu rada capé sakedik kirang bobo panginten.” Témbal Herman bari ngoloyong ka kamer gebluk meubeutkeun manéh kana kasur. Fat geuwat nyieun susu panas, song diasongkeun ka Herman.
“Yah, leueut susuna heula bilih lebet angin!”
Herman nampanan gelas, leguk susu diinum, bener awakna asa karasa seger.
“Yah, siram heula supados seger salira teras tuang,nya!” Pokna bari mikeun anduk beresih tina lomari. Teu talangké Herman mandi. Réngsé mandi disalin, nu geus disampakkeun Fat di luhur kasur. Lajur muru rohangan dahar kasampak Fat geus ngawadahan sangu tinggal rěncangna.
“Enggal Yah, kabujeng tiis!”
“Yah, kumaha padamelan tos réngsé, asana téh nguluwut kitu, Ayah téh aya masalah? Sok atuh nyarios, manawi wé Bunda tiasa bantosan.” Fat nanya Herman daria.
“Henteu aya nanaon Bun, ieu panginten kirang bobo.”
“Ayah, kamari aya guru enggal ngalih ka sakola Bunda, kaleresan sami sareng Bunda sajurusan. Janten jam ngajar teu patos seuseur ayeuna mah.”
“Oh, saé atuh Bun, urang mana cenah?”
“Caket da bumina mah, saurna mah di Perum Cibeureum Permai, kamari saurna nikahna mung henteu nanaon cenah.”
“Muhun sukur Bunda teu repot teuing.”
Sanggeus dahar Fat jeung Herman arindit rék balanja bulanan. Mobil geus dipanaskeun, biur indit nyemprung meulah panasna panon poé nu keur éréng- éréngan.
Anjog kanu dituju, Fat langsung nyokot troly, Herman nuturkeun. Pikiran ngarancabang, inget ka Mila. Keur nyokotan kaperluan, HP Herman disada. Laju Herman muka HP, gebeg telepon ti Mila.
“Bun, aya telepon ti Rudi, Ayah, ka pengker heula nya, teu jelas palih dieu mah sinyalna awon.” Herman bébéja bari terus ngaléos, can ogé Fat ngajawab.
“Mila, aya naon geulis?”
“Akang tiasa teu sonten tabuh opat ka dieu, hoyong dijajap ka dokter.”
“Saha nu teu damang, Mila sanés?”
“Muhun, Kang teu raos awak, asa pasiksak, paranas titis. Tiasa nya Kang, sono ih”!
“Mila, sami Akang ogé sono, kin diusahakeun tabuh opat Akang ka dinya, atos heula nya, geulis!” Klik HP dipareuman ku Herman. Haté mah hayang terus ngobrol. Herman nyampeurkeun deui Fat, nu keur milihan buah, jigana réngsé balanjaan dapur mah.
“Ayah, ni lami, aya naon kitu Pa Rudi?”
“Eta Bun, kin tabuh opat kedah ka bumina aya laporan anu masih kirang. Laporan anu Ayah, keur horéam téh aya wé sésékélan téh.” Herman jiga nu enya wegah indit.
“Ayah sing taliti atuh barang damel téh!
“Nyaeta Bun, kirang fit awak Ayah téh, kacapean meureun.”
“Muhun da tara ti sasari atuh, damel lembur. Biasana ogé sok langsung réngsé.”
Réngsé balanja, dius mobil Herman jeung Fat mulang. Anjog ka imah. Bi Mimi muru Fat, mantuan mawa balanjaan. Kira wanci asar, Herman geus dangdan, nyalsé katingalina baju ukur maké kaos, calana jeans. Gerung manaskeun mobil. Fat nyampeurkeu pok nanya.
“Yah, cios angkat téh, kin tabuh sabaraha mulihna?”
“Cios Bun, da padamelan Ayah nu kirangna nu sanés moal uningaeun. Can tangtos kin wé Ayah ngibaran ka Bunda nya, kunaon meni sieun ditinggalkeun Bunda téh, sasari ogé sering Ayah tugas luar tara hariwang kitu,” témbal Herman bari neuteup Fat.
“Duka atuh Yah, asa benten haté téh, siueun Ayah ku batur.” Fat némbalan bari ngaheruk.
Meg, haté Herman asa aya nu nonjok, reuwas. Naha Fat ngomong kitu. Boa- boa terus rasa.
“Tos, Bun, piraku teuing atuh Ayah kitu ka Bunda.” Herman pura-pura ngelapan kaca spion mobil teu wani neuteup Fat.
Herman ngajajap ka dokter, lumayan jauh, geus matuh ka dokter éta, Mila geus cocok. Mulangna Mila ngajak heula balanja keur kaperluan awéwé. Herman nganteur, leumpang bari ngaléng Mila. Réngsé balanja langsung mulang nganteurkeun Mila.
“Kang nginep, nya!” Mila ngalendéan Herman. Herman ngusapan sirah Mila.
“Mila, geulis wayahna nya, sanés Akang teu sono, jujur Akang can tiasa terus terang. Mila kudu sabar heula. Peryogi waktos sareng proses Mil.” Herman nandeskeun. Sirahna kalah lieur. Geus amitan Herman mulang. Nepi ka imah geus jam sabelas leuwih. Fat nungguan dina sopa, nepi ka saréna, di imah dibaturan ku Bi Mimi. Ningali bojona geus saré dina korsi nungguan manéhna, aya rasa karunya, di meja makan can aya nu dahar, jigana nungguan Herman. Gap Herman nyekelan leungeun Fat, celengok dicium, bray Fat nyaring.
“Ayah, tos lami mulih, kunaon ditelepon, di-SMS teu diwaler?” Fat rada bangkenu. Kesel jigana mah.
“Bun punten, Ayah HP batunna lobet, teu nyandak charger.”
“Tos tuang teu acan Yah, itu tos tariis deui.”
“Bunda tos tuang teu acan?”
“Teu acan pan ngantosan, Ayah.”
“Bun, sok wé tuang ti payun, nging sok ngantosan Ayah!”
Fat heran teu biasana Herman nyarita kitu, asa loba nu robah dina diri Herman ayeuna-ayeuna. Tapi Fat teu wakca.
“Yu, geura bobo ngalih ka kamar Bun!” Fat nuturkeun Herman.
Keur jongjon mariksa hasil ulangan budak nu tinggal nganggeuskeun, aya nu uluk salam, Fat cengkat.
“Assalamualaikum,” pokna bari nyoloyong sasalaman. Laju sasalaman ka guru nu aya di rohangan.
“Ibu damang?” pokna bari gék diuk gigireun meja Fat, aya meja guru nu kosong.
“Oh, Bu Milla, alhamdulillah, kawit ti mana Bu? Fat nanya.
“Abdi ti Garut Bu.”
“Tos kulawargian?”
“Alhamdulilah Bu, nembé satengah taun.”
“Oh, masih panganten anyar atuh muhun wilujeng sing samawa!”
“Aamiin.”
“Dupi Ibu, linggih di mana, Ibu téh Bu Fathiya, pami teu lepat mah?”
“Muhun, abdi mah di Perum Anggrek. Amengan atuh, Bu Mila!”
“Hatur nuhun, Bu Fat. Sanés waktos pami aya taroskeuneum materi atanapi nu hubungan sareng padamelan, teu sawios, Bu?” Fat unggeuk bari imut. Teu karasa, bél asup. Guru-guru arasup ka kelasna masing-masing. Bu Fat bagean ngajar di kelas 7 G, ngadu’a, laju ngabsen budak.
“Wati, ka mana Dede Agung asa sering teu lebet?”
“Muhun, Bu, tos saminggu teu aya ibar,” ceuk Wati sekretaris kelas.
“Tos uningaeun wali kelas, cobi atuh dilayad, nu caket bumina heula saha?”
“Abdi Bu!”
“Saha anu terang Dede Agung kunaon teu sakola?”
“Bu, sapatuna soek teu gaduh deui cenah.”
“Salim, enjing piwarang sakola nya, tapi Ibu titip nya pasihkeun sapatu ka Dede, kabeneran ibu aya sapatu kangge alo, sanomer jigana sareng Dede mah.”
“Siap Bu!”
“Muhun cobi atuh Salim, tingali, nya!”
“Siap, Bu!”
“Kin, wartoskeun kedah sakola bade ulangan bilih kakantun nya!”
“Siap, Bu!”
Diajar dimimitian, materina ngeunaan carita Fabel, atuh barudak aratoh. Teu karasa waktu dua jam ngan sekedapan. Bél ganti mata pelajaran. Bu Fat, ka luar. Nuju ruang guru. Kabeneran Bu Mila bareng ka luar kelasna. Pasanggrok di hareupeun UKS.
“Ibu Fat, punten badé tumaros Bu,” pokna bari nyampeurkeun.
“Naroskeun naon Bu, Mila?”
“Bu, upami, materi kelas 7A, tos dugi ka mana, Bu?” Tanya Bu Mila, bari gék diuk deukeut Bu Fat.
“Bab dua, Bu, ngeunaan teks Fabel.”
“Oh, muhun, sami atuh pami kitu mah.” Témbal Bu Mila.
“Bu Mila, kunaon katingalina parias kitu, kirang sehat?”
“Lieur waé ibu, tos ampir saminggon. Duka kirang darah, duka kirang saré.”
“Parios atuh, ka dokter!”
“Muhun, Bu, pami dokter anu saé di didieu saha? Abdi teu acan patos terang.”
Keur ngobrolkeun materi, ujug-ujug brug… awak Mila labuh, untung kacekelan ku Fat. Mila dibawa ka puskesmas nu deukeut, Fat, nu nganteur ka Puskesmas. Dibarengan ku Pa Dahlan nu mawa mobil.
Sanggeus dipariksa, Fat nanyakeun ka dokter Puskesmas.
“Wilujeng Ibu, Bu Mila nuju kakandungan tos opat sasih.”
“Alhamdulilah Bu Mila, wilujeng!”
Fat, sasalaman jeung Mila. Mila atoh geuning boga turunan.
“Ibu hapunten ngarepotkeun ibu, teu terang ieu téh abdi nuju ngandeg.”
Fat, haténa asa sedih, ningali batur geus dipercaya boga turunan. Ari Fat geus rék nincak genep taun can aya tanda-tanda. Geus seger, Mila langsung mulang sina istirahat. Tadina rék dijajap ku Fat, ngan kekepehan ulah, da geus cageur. Jeung deui Fat aya kenéh jam KBM.
“Bun, Ayah aya tugas ti kantor ka luar kota, dua sasih, tah ieu seratna, ka Palembang.”
“Lumayan lami, Yah, sareng saha ditugaskeuna?”
“Tiluan, Bun, Pa Dasri, Pa Eman, sareng Ayah,”
“Muhun, mangga jaga kondisi kasehatan, nging telat tuang, ngopi cekap sadinten sakali, bilih karaos deui, magna!”
“Siap, Bun, emutan Ayah nya!”
“Iraha angkatna?”
“Énjing, tabuh sapuluh di bandara, ti dieu mah enjing-enjing bilih macet.” Herman ngajelaskeun. Sanggeus bébérés bawaan saperluna, langsung diasupkeun kana koper. Herman jeung Fat nuju ka kamar rék istirahat.
Herman sapeuting teu saré, inget ka Mila, jaba keur kakandungan. Ayeuna aya tugas ka luar kota, rada lila deuih. Mila geus bulan alaeun. Gulang-guling teu daék reup. Gap kana HP, muka WA, memeh ngirimkeun ngarérét ka Fat nu geus tibra. Diteuteup, nyaah ka Fat ogé, tapi nu jadi lantaran midua haté hayang boga turunan. Fat, hiji awéwé satia, nurut ka salaki, can pernah Fat mah, musingkeun salaki, narimakeun naon wae nu dibikeun. Merhatikeun sagala kaperluan salaki, nepi ka sulampé geus disiapkeun. Can kungsi Herman mah, nepi ka kalaparan atawa baju kotor. Herman estuning kaurus ku Fat. Celengok tarang Fat nu keur saré tibra dicium.
Herman jung nangtung, nuju rohangan gawéna. Muka WA Mila.
[Mila geulis, hampura Akang tadi siang teu ka bumi, Akang persiapan kanggé ka luar kota tugas ti kantor, kumaha sehat geulis? Wengi ieu Akang teu bisa saré emut ka salira, mugi salira séhat, utun inji ogé séhat. Akang tadi transfer kangge biaya ngalahirkeun, wayahna geulis Akang moal nungkulan ngalahirkeun. Pangdu’a ti Akang keur buah haté urang. Sing lungsur-langsar salamet, sehat sadayana, aamiin. Enjing Akang ka dinya sakedap, margi tabuh sapuluh tos kedah di Bandara. Akang aya kahoyong upami buah haté urang lahir pameget pasihan nami Racher Cinta. Upami istri kumaha Mila wé Akang ngiringan. Sakitu geulis ieu tos wengi. Hampura Akang teu bisa nelepon. Mila ogé ngartos.”]
Pung Wa dikirim, ceklis hiji. Herman indit ka kamer deui, geus aya rasa tunduh. Dug gigireun Fat. Simbut Fat ngaliglag. Herman nyimbutan buni Fat.
Geus ampir sabulan Herman ka Palembang, tiap poé geus biasa dina waktu istirahat atawa nyalsé sok ngibaran liwat telepon, SMS, atawa WA. Ka Fat, kitu deui ka Mila. Pangpangna nu tinggal sababaraha poé deui ngalahirkeun.
Mila geus cuti. Nurutkeun dokter dua poé deui. Tapi ti subuh kénéh geus jejeletitan. Mila ka bidan, ceuk bidan ka RS wé, ameh alat- alat kumplit. Kira jam opat soré Mila dibawa ka RS, Alhamdulilah lancar, orok salamet, kitu deui indungna. Geus pulih Mila dibawa ka roangan ibu bersalin. Gap Mila kana HP, laju mencet nomer Herman.
“Akang, alhamdulilah abdi tos ngalahirkeun salamet, iraha mulih?”
“Ahamdulilah geulis, hampura Akang teu nungkulan, buah haté urang gubrag ka alam dunya, istri atanapi pameget?”
“Sakahoyong Akang, pameget meni nyeples Akang, kasep.”
“Hatur nuhun geulis bojo Akang, tos masihan jimat.”
“Kang, tapi duka kunaon ieu awak abdi asa teu raos, abdi dicesar Kang.”
“Tong hariwang, pan aya dokter, Akang tilu dinten deui wangsul, geulis, sing sabar!”
“Muhun, kitu wé Kang, abdi hoyong istirahat.”
“Muhun, geulis, sok istirahat. Geura damang!”
Klik HP ditutup. Herman, atoh jeung bingung. Ke mun mulang geus diniatan arék balaka ka Fat, kumaha engké wé. Piraku teu ngarti Fat. Kana tujuan Herman boga pamajikan deui.
Ti sakola babaturan Mila biasa ngalongok, ngabring, ngan Fat nu teu bareng mah. Keur aya kagiatan MGMP di mata pelajaranana. Ke we pandeuri, beres kagiatan, atawa isukna.
Kabeneran poé Saptu mah libur, da sakola Fat geus ngalaksakan KBM lima hari, full day téa. Fat geus barang beuli kado keur orok. Jam sabelas anjog ka RS, kasampak Mila, jeung suster keur dipariksa. Beres dipariksa, Fat nyampeurkeun Mila.
”Bu Mila wilujeng, sing enggal sehat, putrana istri pameget Bu?” Tanya Fat bari ningali orok dina box.
“Hatur nuhun Bu Fat, pameget, kaleresan kahoyong pun lanceuk pameget.”
Fat nyampeurkeun box orok, dipangku, ditelek-telek, naha asa jiga salakina. Fat rada heran, ah…sarimbag meureun da pasti aya jalmi nu sok sarimbag.
“Asa teu acan ningali Apana bu Mila, panginten mirip Apana nya?”
“Muhun, Bu Fat, ceples Apana puguh, sieun teu diaku panginten.” Ceuk Mila bari seuri.
“Damel di mana kitu, carogé téh Bu Mila?”
“Di BMGK Bu.”
“Oh, BMKG mana kantorna?”
“Bandung, Bu?”
“Dibujeng mulihna?”
“Muhun.”
“Pun lanceuk ogé sami di BMKG, Bu Mila, damelna.”
“Oh, sami atuh, Bu?”
Orok nu dipangku ngadadak ceurik. Fat nyepeng bujur orok, baseuh. Fat buru ngagenti popokna. Mila ningalikeun, héran bisaan teu boga budak tapi pinter teu ngarasa paur. Orok langsung jempling. Ngahenen dina tangkeupan Fat.
“Bu, meni parigel, tiasaan teu pauran.”
“Tos biasa, alo-alo sok ku abdi diasuh.”
Teu karasa ngobrol ngalér-ngidul waktu besuk geus tutup. Fat amitan ka Mila. Ke mun mulang ti RS bejaan cenah, resep ningali orokna.
Bada magrib, Fat karék nepi, kasampak Herman.
“Ti mana waé Bun, di SMS, telepon teu diwaler?”
“Aeh, Ayah tos mulih tos lami, saurna tilu dinten deui?”
“Muhun, mung teu cios, da kunjungan di sadintenkeun. Ti mana Bun, magrib nembé dugi ka bumi?” Herman nanya deui.
“Oh, muhun nembé ningali nu ngalahirkeun, rerencangan di RS, Yah.”
“Oh.”
“Yah, éta mah putrana jiga Ayah, da,” ceuk Fat bari nyodorkeun caneuteun.
“Ari, Bunda, ma enya, ah!”
“Eh, leres, Yah.”
“Yah, da carogéna sami damelna sareng Ayah, di BMKG.”
“Maenya? Saha nami carogéna kitu?” Herman nanya, regot cai téh panas dileguk.
“Hilap, pisan teu ditaroskeun, Yah?”
“Ari istrina mah namina Bu Mila Rosma.”
“Urang mana, Bun?”
“Aslina mah Bu Mila Garut.”
“Oh.”
Haté Herman gegebegan, jajantung ratug, awak ngadadak bijil kesang, renung na tarang.
“Ayah, kirang sehat teu, ni kesangan kitu?”
“Asa lebet angin puguh, kerokan nya, Bun!”
“Bobokeun atuh, tos tuang teu acan, Yah?”
“Atos, neda mah, yu atuh kerokeun Bun!”
Koloyong Herman jeung Fat, ka kamar, Herman muka baju. Fat ngabalur ku minyak zaitun. Gesruk-gesruk tonggong Heman digosok ku bawang beureum. Enya wé beureum anu digosok téh. Réngsé ngerokan duanana dariuk dina kasur, nyanghunjang lambar bari nyarandé kana anggel nu disarandekeun kana risbang. Simbut ukur nepi kana cangkéng. Kamer nu lega pulas hejo ngora, dina luhur risbang potrét pangantén Herman jeung Fat. Gigireun meja lampu saré kenca katuhu.
Herman malik bari nyarandekeun Fat kana awakna, leungeuna ngarangkul kana taktak Fat, pok nyarita, anca, leuleuy tapi daria.
“Bun, aya picarioseun.”
“Naon téa, Ayah?”
“Bunda tong bendu, nya, sing ihlas, jembar manah da ieu dilakukeun ku Ayah, sanés hartosna, Ayah tos alim ka Bunda, tapi Ayah ogé gaduh hak, mung panginten Ayah lepat, ka Bunda awalna teu wawartos, teu nyungkeun heula widi.”
“Asa teu ngartos, Yah, naon maksadna.?”
“Tapi Bunda badé nampi, ihlas, Ayah mikacinta, mikanyaah Bunda. Da Bunda téh bojo Ayah, anu satia, solehah, perhatian.”
“Insya Allah, Bunda nampi, ihlas kana naon anu ku Ayah dilakukeun asal, kanggé kabagjaan Ayah, Bunda ngiringan, rumaos da Bunda mah, istri nu seueur kakirangan.”
Segruk Fat ceurik, awak leuleus, haté asa aya nu nurih, geus apal ka mana arah obrolan Herman.
“Bun, Ayah hapunten, nya!” Herman ngusapan sirah Fat bari ditangkeup kana dadana nu sambada, dikitukeun Fat beuki murubut cipanon maseuhan dada Herman.
“Upami Ayah, badé ngauihkeun Bunda ka sepuh, jajapkeun. Bilih Bunda tos teu kaanggé deui ku Ayah.”
“Bun, Ayah moal masihkeun Bunda, ka sasaha, Ayah tetep sareng Bunda. Moal incah balilahan. Bunda tetep di dieu sareng Ayah!”
“Yah, saha kitu, bojo Ayah anu anom téh?”
“Bunda, tos kenal, tos ngobrol, malah janten caket sareng Bunda, Mila, Bun.”
Jelengeng asa kabentar gelap tengah poé. Geuning anu salila ieu babarengan. Fat atawa Mila teu pada apal. Yen maranéhna boga salaki anu sarua.
Geus teu bisa digambarkeun kumaha kasedih Fat, pasrah geus papasten kudu hirup didua, lantaran teu boga turunan. Fat kudu narima kakurangan dirina. Duriat ka Herman teu bisa disisilihan. Sapeuting teu saré, kitu deui Herman. Tapi Herman ngarasa plong geus bisa ngedalkeun bangbaluh haté, nu geus lila disidem. Fat bisa narima kaayaan salakina kitu. Fat ogé nyadar dirina teu bisa meré katurunan ka Herman.
Teu karasa Racher Cinta, geus sataun, lucu budak téh, sok remen ngendong di imah Fat, apét ka Fat, jiga ka indungna. Mila pindah sakola tempat gawé, ngaragangan ka Fat, maranéhna alakur. Mun aya waktu sarua sok bareng piknik. Herman teu ngabedakeun nu kolot jeung nu ngora. Sok nitah musyawarah mun aya hal anu kudu dibereskeun. Kadang Mila nu sok datang ka imah Fat. Bari mawa budak, atawa néang budak. Kadang Mila sok karunya mun Fat nyaram mawa balik budak. Antukna sok ngendong Mila diimah Fat. Jalan kahirupan jalma ukur ngarencana, Allah nu nangtukeun.***
Eha R., Guru Bahasa Indonesia SMPN 2 Sukaraja, Kabupaten Sukabumi.