BUDAYA  

CARPON Keusik Basisir

Kénging Maman, M.Pd.

Gambar1 2
Maman, M.Pd.. (Foto: Dok. Pribadi)

NYA kitu, ngahaja nyésakeun waktu. Ulukutek waé di imah mah kuriak matak nambah-nambah kasakit. Eukeur mah eukeur ….,” ceuk Euceu. Ih, aya ku bubudakeun, maké jeung ngagundukkeun keusik. Diemplé-emplé, dijieun iistanaan, istana keusik. Kétang, mending kénéh bubudakeun batan kokoloteun. Pan béh awét anom.

“Eukeur mah eukeur naon, Ceu?” kuring panasaran.

“Ah, sok kura-kura dalam perahu,” ceuk Euceu, bari ngurug-ngurugkeun deui iistanaan. Jéh, ku euweuh gawé nya ari Euceu. Ari rék diruag deui mah atuh tong teuing dijadikeun iistanaan. Kétang mémang senina kitu, keusik basisir digulanggapér jadi naon boa, laju diancurkeun deui. Diteumbrag deui ku ombak nu nyéot ka basisir.

“Naon kura-kura dalam perahu téh, Ceu?”

“Enya, kura-kura dalam perahu, sudah gaharu cendana pula.”

“Ih, beuki panjang geuning. Lebeng ah, teu ngartos.”

“Aduh, ieu mah. Baruk guru basa Indonesia. Pura-pura tidak tahu, sudah tahu bertanya pula,” ceuk Euceu, bari anteng ngaguar-guar keusik. Basisir horéng euyeub ku jelema geuningan, Ceu. Pan téa keur ngarasasakeun nikmatna ningali panonpoé nu rék surup ti tebéh kulon.

“Oh, kitu. Aya ku bisaan si Euceu, bongkéna lulusan basa Indonesia IKIP Bandung,” ceuk kuring. Tapi, Ceu, masih lebeng da. Naha si Euceu lir maparin tarucing cakra. Sesah neguhna. Nya nuju mikiran naon atuh Euceu téh? Pan katingalina mah bérag marahmay, tebih tina karungsing kapusing.

“Cing sok balaka, Ceu. Sugan baé kuring bisa mairan,” ceuk kuring deui. Ngan si Euceu katawis rada ngahuleng, jiga nu nyidem rusiah. Tong rusiah-rusiahan sareng sim kuring mah, Ceu. Kawas teu apal baé, pan urang téh kungsi babarengan, tilu taun malah mah, ti kelas hiji nepi ka kelas tilu és ém pé. Bangku ogé pan tara patebih. Si Euceu, calik téh pan sok payuneun bangku kuring. Si Euceu sabangku téh jeung Euis baé. Kuring nya jeung si Ujang baé. Tara pindah pileumpangan. Da ari geus nyobat téh sok alim pukah. Pukah téh waktu SMA baé, Euceu ka SMA, kuring ka SMEA. Ngan apan kuliah mah di IKIP Bandung, boh kuring boh Euceu ogé, sarua deui di jurusan Bahasa Indonesia.

Geuning batur mah nyaréwa paparahuan, ngojay, pagaliwota jeung ombak nu neumbrag basisir, Ceu. Éh, tapi Euceu ogé pan keur babaraseuhan nya, keur nyieun istana keusik, nu tuluy ancur ku cai laut nu teu bosen neumbragan.

“Nuhun, Kang Déd, Akang ngiringan réuni. Asa aya batur keur nembrakkeun bangbaluh,” ceuk Euceu. Ah, biasa wé, Ceu. Asa jadi gé-ér yeuh. Jadi tempat nampung bangbaluh.

“Bangbaluh, kumaha, Ceu?” wayahna kuring nyusul tepus ku tumaros.

“Naha dosa mun kuring midua haté?” ceuk Euceu.

“Midua kumaha maksad Euceu téh?”

“Salaki kuring, Kang. Geus teu bisa diandelkeun,” ceuk Euceu.

“Teu bisa diandelkeun kumaha, Ceu? Pan sidik Kang Gugun téh sakitu satiana ka Euceu. Kana usaha rajin, duit medah-meduh, tukang insinyur téa atuh. Kana ibadah ogé tekun,” hé hé, wayahna kuring milu mairan, Ceu.

Apan katingalina mah Euceu téh bagja liwat saking. Jadi guru, guru basa Indonesia, sarua jeung kuring nya. Pan urang téh, lian ti babarangan di és ém pé téh, ogé sakampus di Bahasa Indonesia IKIP Bandung. Boga anak saopat-opat Euceu mah. Kuring mah ukur tilu, kitu ogé geus galaledé. Tapi Euceu mah baruk boga kénéh nu alit? Baruk téh nu alit mah nembé tilu taun?

“Nya enya ari kana kituna mah. Tapi pan kuring ogé butuh ku éta. Lain embé baé nu butuh kikituan téh, kuring ogé butuh, Kang. Hé hé,” ceuk Euceu. Jih, sugan téh sanés ka dinya losna. Nya atuh kantenan, Ceu. Da Euceu téh kawilang anom kénéh. Masih kénéh gersang, seger dan merangsang. Sami sareng sim kuring, anom kénéh. Ceuk raraosan kitu soténan, da geuning rambut mah tos pabuis jeung huis. Hé hé.

“Lajeng kumaha, maksad midua téh, Ceu? Naha Euceu deuk milarian gentosna kitu?” wayahna deui baé kuring tetelepék. Da mingkin panasaran Euceu mah cacarios téh. Sok aya-aya baé. Baruk téh midua haté, baruk téh si Kang Gugun geus teu bisa kikituan.

“Tos aya kana sapuluh taun mah sugan, Kang Gugun téh teu sanggup ngabayuan batin. Enya ari napkah lahir mah teu dileuleungit. Da kuring bisa ngurus anak, ngurus rumah tangga, bisa dangdan luis téh pan ti saha ari lain ti nu jadi salaki mah. Mobil ogé meunang manéhna, diajangkeun keur kuring. Paragi kuring indit ka sakola baruk téh,” ceuk Euceu, “ngan ka ayeunakeun si Kang Gugun téh, lian ti leuleus gagaduhan téh, katerap struk pisan, Kang.”

Aduh, bet ku dua ku tilu geuningan. Karunya teuing.

Eh, tapi punten, Ceu. Tos sapuluh taun nya teu tiasa kikituan? Ari éta si bungsu, atuh kénging saha? Pan baruk nembé tilu taun umur si bungsu téh? Tapi patarosan ieu mah rék disidem wé, Ceu, na lebeting ati wening. Rék dikedalkeun, karunya ka Euceu, kedah mikir pijawabeunnana.

“Adina Kang Gugun, Kang, Dé Gagan, nu getén ngalongokan téh. Malah ti saprak Kang Gugun struk mah, nya manéhna nu sok masihan waragad téh. Waragad keur barudak. Pajar téh karunya ka si Euceu,” ceuk Euceu. Uluh, boro mah kuring téh rék ngarusiahkeun, moal deuk betus patarosan. Tapi ningan Euceu nyalira nu balaka. Kalapa bijil ti cungap. Atuh boa-boa nu leutik ogé kénging Dé Gagan, raina Kang Gugun, Ceu? Aih, bet ku panasaran hoyong dikedalkeun patarosan téh. Képo béh ditueun ti képo.

“Tapi da Kang Gugunna ogé teu bisa nyarék, Kang. Malah jiga nu mupujuhkeun. Baruk téh, jung baé rék milarian nu kitu mah. Asal ulah katingali ku uing, kitu cenah, Kang. Matak basa nu bungsu lahir ka alam dunya ogé, diaku wé ku manéhna téh. Enya, diaku anak déwékna,” ceuk Euceu.

Ombak masih kénéh gebar-gebur, Ceu, basa Euceu rurusuhan ninggalkeun basisir.

“Wayahna, Kang Déd. Kuring moal bisa nyarengan nepi ka pungkasan. Ieu aya wé-a ti Dé Gagan. Baruk téh salaki kuring geus teu bisa majar. Kuring rék uih ti payun nya. Ulah wawartos ka sasaha, cukup Akang baé nu terang. Bisi ngagareuwah ka saréréa. Béjakeun waé kituh kuring rék nyimpang ka dulur kuring nu di Banjar,” ceuk Euceu. Laju Euceu rurusuhan muru wisma. Ngan untung wisma téh keur suwung, da batur-batur apan sarua keur sukan-sukan di sisi basisir. Sawaréh aya nu tumpak sesepédahan. Aya nu keur tuang sipud. Euceu rurusuhan nyandak tas, rurusuhan muru mobil. Rururusuhan ninggalkeun basisir, ninggalkeun kuring jeung batur-batur reuni. Ih, aya ku ludeungan si Euceu, nyetir sorangan, bari pangawak awéwé, nyorang peuting pisan. Istri binangkit Euceu mah.

Isuk-isuk kuring nampi we-a ti Euceu. “Kang Gugun tos tilar, Kang”. Kantenan kuring reuwas liwat saking. Kabayang, kuring jeung sapada batur mah keur sukan-sukan di dieu, keur réunian és ém pé, di basisir Pangandaran. Ari Euceu kalah manggih kasedih. Inna lillahi wa inna ilaihi roji’un. Muga tuang raka ditampi iman Islamna, dihampura noda dosana. Tapi kuring ogé hampura nya, Ceu. Tos kumawantun tumaros, “Iraha kuring diulem kana acara ijab kobul Euceu jeung Dé Gagan?” ***

Maman, M.Pd., Guru Basa Indonesia SMAN 1 Kadugede, Kabupaten Kuningan, Jawa Barat. Ogé minangka Ketua MGMP (Musyawarah Guru Mata Pelajaran) Bahasa Indonesia SMA Kabupaten Kuningan