KEUR kuliah sok diajar puisi sawér téh, nyaéta rumpaka tembang nu sok dihaleuangkeun ku juru sawér dina upacara adat nyawér. Biasana mun lain guguritan, bentukna puisi sair.
Ari upacara adat nyawér ayana téh dina adat kawinan atawa nyunatan. Baheulana pisan mah cenah, nu maot gé sok disawér. Intina, nyawér téh méré naséhat ku kalimah-kalimah pituah nu aya dina rumpaka téa, bari dihaleuangkeun. Mun di nu kawinan nganaséhatan ngarah nu anyar lakirabi runtut raut, atawa mun di nu nyunatan ngarah budak sunat téh jadi budak soléh anu babakti ka indung bapa.
Ku naon disebut nyawér atawa sawér, ceuk tiorina mah lantaran éta upacara téh sok dilaksanakeun di panyawéran, nyaéta lebah ragragna cihujan tina hateup atawa kenténg. Cindekna di tempat anu sok kasawéran ku cihujan. Tapi éta gé ayeuna mah loba ngésérna, da nyawér téh bisa di mana waé, padu der. Siga mun baheula mah nu rék karawin téh ka bale nyungcung (masjid) ayeuna mah pan bisa di mana baé.
Dina prakna nyawér pangantén awéwé lalaki atawa pangantén sunat téh dipayungan. Selang-selang tina juru sawér nganaséhatan bari ngahaleuang téa, sok aya nu ngawurkeun beas konéng jeung rupa-rupa cacampuranana. Kadieunakeun sok ditambahan ku duit kencring jeung peremén. Kadieunakeun deui duitna maké duit keretas nu dikuwel-kuwel. Leuwih kadieunakeun duit téh diwadahan ku kanjutkundang jeung jumlahna lain saeutik. Éta rupa-rupa barang nu diawurkeun kana luhur payung jeung ka nu lalajo téh, sok diparebutkeun.
Rupana baé ti dinya aya istilah nyawér nu hartina méré duit téh. Ngan ngésérna asa rada jauh, tina nyawér pangantén ayeuna mah bisa nyawér saha baé. Jeung duitna lain diparébutkeun, tapi langsung dihadiahkeun. Duit anu langsung dihadiahkeun téh, baheula mah sok disebut panyecep, utamana keur budak sunat.
Duit nu sok dihadiahkeun téh ayeuna disebut sawéran. Nu kabandungan mah awalna tina kabiasaan bajidoran atawa kiliningan, éta gé kadieunakeun. Da bajidor baheula mah asa tara kawénéhan langsung méré hadiah di panggung atawa di kalang. Ari di luar kalang mah enya sok bro-broan.
Tradisi nyawér téh ngésér kana dangdutan, terus népa kana rupa-rupa pintonan hiburan séjénna. Malah antukna mah masarakat teu bisa ngabédakeun mana nu pantes disawér mana anu henteu. Puncakna kungsi aya kasus di Bantén, majar aya nu keur qiroat Qur’an pada nyawér. Atuh jadi geunjleung.
Aya dua masalah dina istilah nyawér ayeuna. Kahiji, kudu dipaluruh leuwih jauh maké paêlmuan kumaha étimologina. Kumaha jeung iraha usar-ésér istilahna, ma’nana, jeung kontéksna. Sangkaan dina dadaran di luhur can tangtu bener.
Kadua, masarakat urang sigana perlu panggeuing, mana nyawér (dina harti méré hadiah) anu pantes jeung mana anu henteu. Keun baé ari dina dangdutan mah, ku urang dianggap wajar. Tapi anu keur ngaji bari qiroat mah asa teu pantes disawér, asa lain kuduna.
Ari kamari-kamari kaalaman pisan. Kasaksian ku panon sorangan. Dina hiji acara kasundaan, aya budak sakola ti Malangbong nembang pupuh. Jeung sorangan apal éta budak kungsi jadi juara nembang pupuh dina pasanggiri. Sorana tegep jeung halimpu. Keur genah-genah ngaaprésiasi éta budak, ujug-ujug torojol ibu-ibu mawa duit 50 rébuan ka hareup, dihadiahkeun ka budak anu keur jongjon nembang. Atuh budak téh rada grogi, sarta sorangan nu keur ngaaprésiasi asa kaganggu. Teu uyahan, ceuk gerentes haté.
Nepi ka kitu tah nyawér téh. ***
Darpan Ariawinangun, alumni Jurusan Pendidikan Basa & Sastra Sunda FPBS IKIP Bandung (UPI). Kiwari ngawulang di SMAN 1 Garut.