Ku Kang Yatno
TAK ada yang gratis di dunia ini. Apalagi zaman kiwari yang serba waahhh…
Waahhhh, keur naon menta, meuli!
Bade ka toilet? Bade parkir atawa bade ka masigit? Piraku teu mekel duit.
Ongkos ojeg, angkot, balayar, pesawat? Tolabul ilmi, oge awis.
Beya hirup teh mahaaalll.
Tipoporose neangan rejeki nyiar kipayah. Tisuksuk tidungdung. Jungkir jumpalik. Silihsegag silihsiku. Parebut kalungguhan jeung kasempetan. Miapah?
Demi duit.
Gidig ringgit lengkah perak. Nyanghunjar dollar nyarande peser. Lieuk ratus lumpat miliar. Langkah seribu berburu nyatu.
Buka rekening. Kartu ATM, gampil. Sarwa mudah, deh.
Anu haratis?
Teu usum.
***
Poe eta. Sorangan teu boga duit sapeser menyon. Indit ti imah teu wani anggang bisi lapar, lapur. Sieun hanaang.
Mapay pudunan nurugtug. Ngadoa ka Gusti Alloh Nu Murbeng Alam.
Alhamdulillah.
Bisa keneh ngarenghap, jalan-jalan nyeuseup hawa seger.
“Kang, hayu …!”
Turun tina motor. Ngajanteng juru terminal Ledeng. Cangkeul. Gek diuk deukeut Abah nu maca koran. Milu maca. Rame iber dunya kiwari. Aheng. Rea beja.
Jol babaturan. Ngajak ka Arcamanik. Hareudang moyan dina angkot. Nepi. Meuntas. Gek di warung. Bangku kai seseg naker. Song cai jeung lotek. Seuhah nimat oge.
***
Salam. Sup ka kantor. Song kopi jeung rokona. Balad mawa goreng pisang. Dekul deui.
Ngobrol ngalor-ngidul.
“DI DUNYA JAMAN GINIH… MANA ADA YANG GRATIS!”
Pek bae!
Jero hate. Anu sejen ngengklokkan. Sarua sapamadegan. Paduli amat.
***
Jam satu mulang. Nepi deui ka Setiabudi peuntaseun Terminal Ledeng. Geus Negla Hilir bras ka Cilimus.
Cape teu sing karasa. Pan tadi reureuh di masigit. Batur ge geus nepi deui ka Cikole.
“Hayu!”
Tatangga ngajak.
Cle numpak. Biur …
Nepi ka imah. Dekul ngawadang.
Alhamdulillah!
Cing poe isuk. Aya keneh nu haratis? ***
Kang Yatno: alumni Jurusan Basa & Sastra Sunda FPBS IKIP Bandung (UPI), kiwari ngokolakeun Yayasan Insan Basajan di Nyingkir, Cihideung, Parongpong, Bandung Barat.