Pangurus Anyar PATREM Diistrenan ku Popong Otje Djundjunan

WhatsApp Image 2026 04 27 at 07.04.58
Dina dinten Ahad, 26 Februari, kamari, tos diistrenan pangurus anyar PATREM ku paraji PATREM Hj. Popong Otje Djundjunan, di bumina, Jalan Cipaganti 128 Bandung, (Foto: Dok. PATREM).

ZONALITERASI.ID Dina dinten Ahad, 26 Februari 2026, tos diistrenan pangurus anyar PATREM ku paraji PATREM Hj. Popong Otje Djundjunan, di bumina, Jalan Cipaganti 128 Bandung.

Istrenan digedeng ku kasepuhan Prof. H. Yus Rusyana, Hj. Naneng Daningsih Saini K.M., sareng H. Amir Suryatna (dosen Pendidikan Basa & Sastra Sunda FPBS Universitas Pendidikan Indonesia/UPI manten).

Prof. H. Ganjar Kurnia (Panantayung PATREM) sareng Hj. Yooke Tjuparmah, teu tiasa hadir, margi nuju aya agenda nu sanes.

PATREM diadegkeun kaping 4 November 1982. Panaratas PATREM nyaeta sastrawati Tini Kartini, Ningrum Djulaeha, sareng Ami Raksanagara.

Para pupuhu nu kantos mingpin PATREM nyaeta Tini Kartini, Ami Raksanagara, Naneng Daningsih, Aam Amilia, sareng Yooke Tjuparmah.

Anapon pangurus nu diistrenan: Chye Retty Isnendes (Pupuhu), Eulis Hendrayani Saputra (Wakil), Hena Sumarni (Sekretaris), Sri Teti Herawati (Bendahara), Cucu Unisah (Wakil), sareng Tiktik Rusyani (Humas).

Ieu kapangurusan teh periode kadua dina kapamingpinan pupuhu nu kiwari.

Ngaran PATREM dipasihan ku Prof. Yus Rusyana, ngalap kana pakakas cucuk gelung nu digunakeun ku Citraresmi Dyah Pitaloka nu pupus di Palagan Bubat.

Patrem bertransformasi jadi PATREM: pena, pakakas para wanoja Sunda kiwari dina mateakeun pajamanan, milu nyerdaskeun kahirupan bangsa tina ranah literasi nu jadi salah sahiji superstruktur bangsa Sunda. ***