REG karimun eureun di buruan kantor. Parkir handapeun jajaran tangkal palem nu iuh. Tilu urang kaluar tina mobil. Salasaurang leumpang pangheulana. Ti jauhna ogé geus katempo ringkangna. Leumpang bari ngagandong leungeun. Ditutur-tutur ku dua urang ajudan nu saurang mawa kaméra, saurang deui nyoréndang tas. Barang nu pangheulana nepi ka lawang reg eureun. Tenga-tengo. Niténan ti juru ka juru. Imeut.
“Mana lurah?” pokna bari ngaléngkahkeun suku kénca asup ka jero rohangan.
Para staf kelurahan gura-giru munjungan bari nunjuk ku jempol leungeun ka hiji rohangan. Camat masih ngagandong leungeun. Ki lurah nu telat mapag kaluar ti rohanganna tuluy nyampeurkeun.
“Abdi, Pa Camat. Hapunten nembé téh pameng méréskeun padamélan heula,” cek Ki Lurah bari nyolongkrong nyodorkeun dua leungeun. Camat unggut-unggutan. Gap pataréma tangan.
“Aya kamajuan. Leuwih hégar rohangan téh. Betah meureun, Rah?” pokna matak ngagedéan haté nu keur bumetah ngabébérés lembur. Nu béjana tinggaleun pangwangunana dina sagala widang. Nu unggal usum halodo sababaraha titik blok pasawahan teu weléh kakurangan cai nepika sawah angar. Dipelakan palawija hasilna teu sabaraha. Geus puguh pelak paré mah kuduna kacaian terus.
Ukur sawah Bah Wirya, kokolot lembur, sawahna héjo ngémploh tur panénna mucekil. Méh unggal taun panén tilu kali. Di jero panghéléranna mangratus-ratus karung gabah mani numpuk. Jadi pangjugjugan nu rék mareuli béas atawa huut.
Blok pasawahan nu deukeut kabuyutan kaasup pangsuburna. Kawantu terus kacaian sabab deukeut ka sumber cai téa. Hiji patempatan nu teu meunang kasaba ku modél manéhna, lurah jeneng. Puguh ogé ngarasa ahéng mun teu apal asal-usulna mah. Najan manéhna boga kawasa di ieu lembur. Geuning nyanghareupan perkara ieu mah teu walakaya tur teu bisa sagawayah mawa karep sorangan. Komo pagedrug jeung kayakinan nu geus hirup di masarakat mah. Cenah mun dirempak bakal ngadatangkeun mamala. Ti kalaparan nepika bencana alam.
Pahlawan. Enya kecap éta nu tuluy ngaganggu dina sirahna matak kandeg rencana manéhna. Sang Pahlawan anu dikurebkeun di kabuyutan nu kungsi nyingkahkeun balai basa harita lembur dijorag ku penjajah Mataram. Ngerid warga lembur sangkan ngungsi. Meuntas walungan nu caina keur umpalan. Nu matak hélok tur dongéngna mashur ti generasi ka generasi nyaéta cukang awi nu palid téh diganti ku lubang sagedé gulungan kasur nu béjana ingon-ingon Sang Pahlawan. Basa warga nyalametkeun diri sedengkeun manéhna sabatur-batur ngalawan kalayan tutumpuran toh jiwa raga nepika balatentara mundur. Katawuran di wates lembur.
Mireng béja Sang Pahlawan bisa ngusir perjurit Mataram, warga bungah kacida. Ngagedur sumangetna keur ngabéla. Hanjakal ukur sakeudeung. Sang Pahlawan aya nu mergasa! Bejana diculik pasukan demit langsung diéksekusi harita kénéh kucara digantung dina tangkal asem. Matak kukurayeun waktu mayitna diturunkeun. Tatu gudawang ti lebah jajantungna tembus nepika tonggong balas ditobros ku sabangsa tumbak.
Tuluy beja sumebar, Sang Pahlawan bisa dicerek lantaran dihianat ku lurah jeneng nu biluk ka Mataram. Sabada kajadian éta lurah jeneng ngahiang teu puguh laratanna. Sang Pahlawan dikurebkeun ku warga tug nepika kiwari dipihurmatna. Makamna sakral kacida. Jadi kabuyutan téa. Nya, Bah Wirya turunan kalima nu teu weléh mulasara éta makam. Sakurilingna di lingkung pager jangkung. Méh buni. Arang kasaba ku jalma.
Bah Wirya umurna ampir tujuh puluh taun. Najan tangtungan kolot awak kasebut seger, dangong simaan sarta capétang. Basa Ki Lurah nepikeun usul sangkan cai ti sawahna dikamalirkeun ngarah nu lian kabagian, manéhna teu panuju.
“Ih, teu bisa kitu, Jang Lurah! Di dieu baé samporét komo mun diduumkeun. Matak gamblung pelak paré. Pan ti kabuyutan ogé caina leutik. Ngilitir. Can pada ngala keur kabutuhan nginum. Kulah teu weléh pagegelek kunu ngarala cai. Hiji deui nu kudu jadi perhatian Jang Lurah! Bakal jadi bahan panyéréwédan alatan parebut cai. Paséa waktu ngandir cai! Leuheung basa mun ukur paréa-réa omong. Kumaha mun bari mesat pakarang?” pokna panjang lébar.
Ngan karasana ku Ki Lurah mah lain, omongan Bah Wirya bangun nyingsieunan. Manéhna ngarasa yakin leutik kamungkinan wargana modél kitu.
“Idinan kuring asup ka kabuyutan, Bah. Cuang paluruh susuganan aya sumber cai nu leuwih gedé. Mun aya, kuring rék ngerahkeun warga sangkan ngagali tuluy maké jétpam disedot. Keur kamaslahatan saréréa. Kabuyutan mah moal diganggu.”
Reup geuneuk ray pias téh lain bobohongan. Bah Wirya katémbong amarahna muncer.
“Mun ayeuna ditedunan kahayang Ki Lurah, mangka bakal meredel paménta nu lianna atas nama kamaslahatan balaréa. Naha teu kapikir ku Ki Lurah, ngerahkeun warga tuluy ngagali tanah di jero téh kapan ngaganggu, ngagunasika? Montong sakali-kali deui boga réncana kitu! Lamun teu hayang datang mamala keur ieu lembur. Sing kumaha ogé, kami jeung tujuh turunan nu bakal datang moal ngidinan lurah jeneng asup ka kabuyutan!”
Ti harita manéhna teu akur jeung Bah Wirya téh. Najan masih patanya mah. Masih aya rasa hormat keur kokolot lembur. Ku manéhna kaharti mun kabuyutan ruksak. Kaayaan bakal robah. Mémang ukur kabuyutan nu katémbong héjo ngémploh. Tatangkalan rajeg. Dapuran rupa-rupa awi mikat sasatoan sabangsa manuk daratang tur baranahan. Toéd, jogjog, cangkurileung, jeung réa-réa deui, racét patémbalan. Mun usum panén jeung macul kuntul tinggayabag tuluy aleuntreup dina pucuk gayam. Taya nu wani ngaganggu. Pada ngantep.
Mangpaat lianna sabangsa hama bisa dikadalikeun. Dihakanan ku sato prédatorna. Ku kituna Ki Lurah teu wani ngutik-ngutik aturan lurah-lurah saacanna ngeunaan lingkungan mah. Lian ti éta aturan geus nerap di masarakat. Misalna, sual teu meunang maké racun keur maéhan hama.
“Geus nepi ka mana ngawangun téh, Rah?” cék Camat nu diuk ngadengklang bari tumpang kaki. Sabatang roko bodas dicapit ku curuk jeung jajangkung. Tuluy dikenyot bangun ni’mat. Serebung. Serebung.
Sabada déhém Ki Lurah tuluy nyarita, pokna, “Infrastruktur tos ampir tujuh puluh persén badé réngsé. Janten anggaran bakal kaserap sadaya. Tos diancokeun kanggo pangwangunan. Kantun hiji deui pasualan téh, Pa Camat.”
Camat tuluy ngetrukeun calacah roko kana asbak. Batuk dua kali. Gap kana ceuli cangkir kopi. Regot.
“Sual naon?” pokna bari ngadengklang deui.
Ki Lurah déhém deui. Tuluy menerkeun sambléh kaméjana, pokna, “Perkawis pengairan.”
Derekdek nyaritakeun perkara rencana rék néangan sumber cai ka jero kabuyutan hanjakal teu lungsur-langsar sabab meunang hahalang ti kokolot lembur. Padahal cara nu panggampangna tur moal ngabutuhkeun waragad gedé. Ngagali sumber cai di kabuyutan. Éta cara hiji-hijina sangkan kabéh blok pasawahan kacaian.
Camat ukur unggut-unggutan.
“Sok baé béréskeun ku sorangan. Ngan ulah maké kekerasan. Mun embung jadi masalah gedé. Sakitu baé papagah ti kami mah. Kami moal lila. Loba kénéh jugjugeun,” pokna bari ngesek-ngesek kuntung roko.
Jung nangtung. Memeres baju jeung calanana. Léos baé indit. Salasaurang staf kelurahan nu rada kolot ngadeukeutan ajudan, ngeupeulan.
“Hatur lumayan,” cenah. Nu dikeupeulan langsung nuturkeun dununganna nu dijajap Ki Lurah. Basa balik deui tuluy ngadeukeutan staf bari gogodeg. “Tos ilahar, Pa Lurah.”
___________________________
Munjungan deui ka Bah Wirya. Meredih sangkan léah méré idin rék nyieun tempat nampung cai di deukeut sawahna.
“Teu bisa! Ieu sawah lain sawah désa tapi milik kami. Jadi rék naon alesanna ogé moal diidinan!” cék Bah Wirya keukeuh kana pamadeganna.
Matak gegetun. Ki Lurah tiba gogodeg. Taak ku sikep ngurat batuna. Rarasaanna mah kabéh pagawéanna keur kapentingan balaréa. Utamana sangkan kabutuhan pangan teu jadi pasualan nu terus-terusan ménta bantuan ka pusat. Disebut miskin pada embung tapi mun aya bantuan meni haripeut. Nu karasa ku Ki Lurah lembur téh narikolot. Nu ngorana ngadon ngumbara nyiar kipayah ka kota. Teu héran mun ti waktu ka waktu lembur kakurangan budak ngora. Kaputusan Ki Lurah hayang ngawangun lembur téh wening. Teu katumpangan maksud lian.
“Jang Lurah ulah kumawani ngutik-ngatik naon nu geus lumangsung di ieu lembur. Kabéh ogé geus biasa. Nu kolot tinggal di lembur, nu ngora ngalumbara. Geus kitu ti generasi ka generasi ogé. Atuh ayeuna Ki Lurah ngarasa katoél haté hayang ngawangun ieu lembur, kami angkat topi, sabab pagawéan mulya. Ngan tetep kudu inget paribasa di mana bumi dipijak maka di situ langit harus dijungjung. Kudu bisa ngahargaan kayakinan pribumi. Kami ngarti anjeun mah lain pituin urang dieu, ukur katalian lantaran boga pamajikan urang dieu! Perkara ieu geus nepika ka Camat. Anak kami!” kitu obrolan pamungkas jeung Bah Wirya nu nyeceb kacida dina haténa.
Bener-bener ngaruntuhkeun sumangetna. Baruk Camat téh anak Bah Wirya? Paingan basa tepung tuluy nepikeun perkara ieu béda romanna. Aing téh urang asing nu micinta ieu lembur. Aing téh urang asing nu kasarung di ieu lembur. Bumén-bumén mangtaun-taun di ieu lembur nepika baranahan tapi tetep dianggap urang asing. Naha teu kapikir ka dinya, urang asing? Ulah hayang micinta ieu lembur keur urang asing mah. Komo pipilueun hayang ngawangun mah. Komo aing téh Urang Wétan turunan Mataram!
Asa nongtoréng kénéh omongan Camat, “Sok baé béréskeun ku sorangan. Ngan ulah maké kekerasan. Mun embung jadi masalah gedé.”
Paingan bangun mangmang ngarojong rencana manéhna. Camat jeneng nu ayeuna turunan kagenep nu moal ngidinan lurah jeneng asup ka kabuyutan.
Jigana garapeun nu kaluli-luli kudu gancang dibéréskeun. Sangkan euweuh tuntutan jaga. Rencana kahareup kucara mekelan diri daptar Pakét C kudu jadi nyata. Ngarojong generasi muda neruskeun sakola jadi salasahiji rarancang gawé satuluyna. Hayang ngarobah pola pikir sangkan teu kawas generasi kolot ayeuna.
Isuk-isuk manéhna ngilikan hapéna. Bréh WA ti Camat, “Datang ka kantor, aya obrolkeuneun.” ***
Pamoyanan, paro Oktober 2022
Kantos dimuat di Majalah Mangle edisi 2916, tahun 2022.
Aris Kumetir lahir di Blok Kebonjati, Dusun/Desa Cileungsir, Kecamatan Rancah, Kabupaten Ciamis. Resep maca jeung nulis ti bubudak. Karesep carponis nu resep ngalintrik ieu kana maca jeung nulis, tambah mekar sabada inyana ngumbara ka Kota Bandung awal tahun 1990-an. Teu aneh mun carpon-carpon karya Aris nu maneuh terbit di Majalah Mangle boga ciri nu mandiri. Leubeut ku saripatina kulawadet bacaan, diadu manis jeung jero-jerona pangalaman hirup .