CATETAN GURU, Wilujeng Énjing, Bapa …

166355
Ilustrasi "Wilujeng Énjing, Bapa ...", (Foto: Istimewa).

Ku Suryatno Suharma

SAMÉMÉH gerbang sakola muka Pa Guru tos ngajega. Nungtutan barudak gé juljol ti unggal péngkolan. Témbong Jojon lumpat miheulaan baturna. Abong budak, teu pati nolih liliwatan. Sigana téh baé nubruk batur ogé.

Anu diudag ge kitu, patingserebet.

“Sabar!” ceuk Suma bari muka konci gerbang téa.

“Mangga, Bapa ti payun!” sora budak nu bieu miheulaan baturna.

Basa Si Bapa nuturkeun nu muka lawang, barudak rabeng béh tukang. Saban isuk éta téh saméméh sakola pinuh ku pangharepan.

Guru, pagawé, katut barudak niatna sarua, geusan diajar hirup anu bener. Saréréa diajar di jero sakola malah mandar beubeunangan. Kapetik hasilna kaala buahna. Pan kabéh gé hayang nanjeurkeun bebeneran wuwuh hirup leuwih mangpaat.

Teu kudu dicaturkeun kumaha Pa Guru nu tadi ngajega. Ngan umumna guru téh méré conto alus tuladeun barudak sabagé muridna.

“Bapa reueus!” kareungeu sora ti kelas.

Barudak simpé ngaregepkeun.

“Jiga bieu, aya batur hidep nu datang pangheulana nuturkeun Bapa.”

Meureun éta guru niat nyontoan, sangkan datang leuwih gancang saméméh loncéng ditakol. Minangka cara nembongkeun sumanget diajar téh kudu dimimitian ku guru, datang ka sakola pangheulana. Hartina ulah nepi ka elat atawa kabeurangan.

Satuluyna, kabiasaan hadé modél bieu pikeun picontoeun nu séjén. Sabab sakola lain ukur meunang peunteun gedé wungkul, tapi ku cara gancang datang téh, cirining sumanget nu ngabela-bela.

“Wilujeng énjing, Bapa ….”

Tah, kecap nu payus keur budak sakola enggoning ngamimitian diajar basa. Nyarita nu bener luyu jeung kaidah basa. Éta téh kacida hadéna.

Prung! ***

Suryatno Suharno, guru, bumén-bumén di Cihideung, Parongpong, Bandung Barat.