BUDAYA  

Carpon Mangga Teukteuk Leungeun Abdi

Carpon Ki Umbara e1626458843120
(Ilustrasi: Mangle.id)

Ku Ki Umbara

NU marentah Basrah harita Wakil Khalifah nya eta Amir Khalid bin Abdullah Al-Qisri.

Hiji poe di majlis Amir, rea jalma keur ngarubung-rubung hiji pamuda ganteng jeung sopan. Eta pamuda teh dideuheuskeun ka payuneun Khalid. Khalid mariksa ka jelema nu nyekel an eta pamuda.

”Naon kasalahan eta pamuda nu matak dideuheuskeun ka kami?”

Jawabna: ”Nun Amir, ieu pamuda teh bangsat, nu kamari wengi kacerek di rorompok abdi.”

Khalid neuteup eta pamuda anteb pisan, anjeunna ngaraos hemeng aya pamuda sakitu cakep jeung sopanna dituduh maling. Anjeunna marentah ka nu nyekelan eta pamuda,

”Lesotkeun! Tuluy sina deukeut ka ditu diukna!”

Saur Khalid ka eta pamuda, ”Bener maneh maling?”

Tembal eta pamuda, ”Leres, nun Amir.”

“Naon sababna maneh ngalakukeun pagawean anu hina kitu? Padahal maneh teh teu boga beungeut bangsat.”

”Katipu ku dunya, nu mawi nasib abdi kieu teh, nun.”

”Hanjakal, rupa jeung anggah-ungguh maneh nu taya cawadeunana teh, henteu bisa ngahalangan maneh maling.”

”Teu kedah kapapanjangan, nun Amir… Langkung sae jalankeun bae aturan Allah. Mangga leungeun abdi teukteuk. Gusti Allah tara nanggeuy di bongkokna.”

Amir Khalid ngaheneng sakedap, tuluy miwarang eta pamuda leuwih deukeut diukna.

Saurna, “Kajujuran maneh ngaku kasalahan di hareupeun ratusan jalma, nimbulkeun kahamham ka kami, teu percaya maneh bangsat. Caritakeun terus terang hal naon anu tumiba ka diri maneh salian ti perkara maling!”

”Nun Amir, ulah nyangka nu sanes-sunes. Nu parantos dicarioskeun ku ubdi, eta nu saleresna. Teu aya hal nu sanesna. Abdi lebet ka bumi ieu jalma, abdi maling harta-bandana; abdi kaperego sarta katangkep, terus dibantun ka dieu.”

Ti dinya eta pamuda dipiwarang diasupkeun ka bui, sarta Amir miwarang tukang-bende ngembarkeun ka sakumna pangeusi kota Basrah, bisi rek narongton palaksanaan hukum teukteuk leungeun, isukan. Sanggeus dipasang rante beusi dina sukuna duanana, eta pamuda teh narik ambekan panjang sarta humandeuar.

“Khalid rek neukteuk leungeun mun rasiah henteu dibuka. Aing jangji moal hate pancuh lantaran cinta kajeun leungeun pegat diteukteuk ti batan ngaran manehna goreng.”

Eta syair teh kadengeeun ku nu jaga. Buru-buru manehna indit ngadeuheus ka Amir nerangkeun nu kadengena, Ngadangu kitu, Amir Khalid wuwuh curiga. Anjeunna miwarang supaya eta pamuda tengah peuting dideuheuskeun ka anjeunna.

Amir Khalid pohara katarikna ku anggah-ungguh, budi jeung akalna eta pamuda. Anjeunna miwarang padamelna nyadiakeun kadaharan jeung inuman. Eta pamuda diajak dahar saalas jeung anjeunna. Bari tuang teh ngobrol ngaler ngidul. Tungtungna Khalid sasauran, “Kami nyaho yen maneh ngandung rasiah salian ti perkara maling. Isukan, mun para hakim geus haladir jeung nu rek narongton geus merul daratang; mun maneh ku kami ditanya bener henteuna geus maling, maneh kudu mungkir, yen eta tuduhan teh bohong, teu puguh alesanana. Ku kitu teh maneh bakal dibebaskeun. Bebas tina hukuman, hukum teukteuk leungeun. Kangjeng Nabi kungsi sasauran, ‘Ulah ngahukum jelema anu dituduh kalawan syubhat.’”

Geus kitu eta pamuda dibalikkeun deui ka bui.

Isukna isuk-isuk pisan jelema-jelema geus merul daratang, awewe lalaki kabeh pangeusi Basrah kalaluar rek nyaksian eta hukuman. Khalid oge geus sumping nitihan kuda, diiring ku gegeden-gegeden Basrah. Hakim-hakim oge geus haladir.

Tuluy si pamuda disaur asup ka Majlis.

Manehna asup digenjang ku patugas, leumpangna jajarigjeugan, lantaran sukuna digugusur beurateun ku belenggu.

Suasana jadi rame ku awewe-awewe anu tingaringhak ceurik, tayohna teu tegaeun pamuda sakitu simpatikna rek diteukteuk leungeunna.

Sanggeus jempe, Khalid sasauran, “Yeuh budak ngora, eta jaima-jalma naruduh ka maneh, yen maneh geus asup ka imah sarta maling harta bandana. Bener eta teh?”

”Leres, nun Amir. Abdi parantos lebet ka imah sarta maling hartana.”

”Bisa jadi maneh maling harta bandana teh sahandapeun harga nu diwajibkeun hukuman teukteuk leungeun?” saur Amir deui.

”Sanes, nun Amir. Nu dipaling ku abdi teh langkung ti eta etangan.”

”Bisa jadi maneh keur teu sadar atawa teu ngahaja?”

”Abdi sadar, nun Amir.”

”Bisa jadi maneh nyampuran modal kana usaha maranehna?”

“Henteu, nun Amir. Abdi henteu babarengan usaha sareng maranehna.”

Ngadangu kabeh jawaban eta pamuda, Amir Khalid henteu kinten nahan amarahna. Jung anjeunna ngadeg. Habek beungeut eta pamuda diteunggeul ku cameti kudana. Sanggeus leler napsuna, anjeunna ngucapkeun paribasa kuna: — Jalma boga angen-angen pikeun ngahontal cita-citana, tapi Allah ngalakukeun anu dikapalay-Na.

Ti dinya Amir ngareret ka algojo, mere isyarat supaya sadia ngalaksanakeun hukuman teukteuk leungeun ka eta pamuda tea.

Waktu eta pamuda geus nyodorkeun leungeunna, algojo geus ngalugas pedangna keur nangguan parentah cekna neukteuk. Ujug-ujug hiji mojang geulis kaluar tina gumplukan nu narongton, ngajerit muru ngarawu suku eta pamuda. Nu rea jadi ribut.

Eta mojang teh tuluy nyorowok, “Nun Amir, kalawan asma Na Allah eta hukuman teh ulah waka dilaksanakeun, samemeh Amir maos ieu serat!”

Buru-buru eta mojang nyanggakeun surat ka Amir, Amir nampanan eta surat, tuluy diaos:

Pahlawan Khalid, panuhun hukuman ulah dilaksanakeun manehna cilaka, lantaran ieu panon anu seukeut nembus jajantungna.

Manehna ngaku jadi bangsat unggah ka imah peuting-peuting, nun pahlawan pamuda satiawan manehna mulya alim budiman katiban cinta tetep iman.

Tamat maos eta surat, Amir Khalid meubeutkeun anjeun, kana korsi. Lila teu sasauran. Tuluy misahkeun anjeun ti nu rea. Si Mojang disaur, dipariksa naon nu geus kajadian.

Si Mojang nyarita, yen manehna jeung eta pamuda teh geus lila silih asih, tapi kolotna jeung dulur-dulurna teu terangeun. Peuting eta Si Pamuda datang ka imahna teh saenyana rek ziarah. Sanajan geus aya di jero imah, tapi ku lantaran teu nyahoeun lebah-lebahna kamar kabogohna, manehna mere kode ku maledog ku karikil ti balik panto. Tayohna sora muragna karikil teh kadarengeeun ku bapa jeung ku dulur lalakina. Maranehna naek ka luhur. Sanggeus eta pamuda ngarasa yen baris katangkep, kalawan ngahaja manehna nyokot pakean anu nyarampay jeung barang-barang perhiasan, dikumpulkeun dina hiji bungkusan. Keur kitu bapa jeung dulurna Si Mojang tea daratang. Manehna dibangsat-bangsat, tuluy ditarewak, dituduh maling sarta dibawa ka hakim. Waktu ditanya ku hakim, manehna ngaku geus maling, tetep pancuh pangakuanana teh supaya bapa jeung dulur-dulurna eta mojang, tetep teu nyarahoeun kana rasiah eta mojang. Manehna leuwih suka diteukteuk leungeunna, pikeun nyimbutan aib bebenena.

Kitu caritaan Mojang teh.

“Mun kitu, euweuh salahna eta pamuda disebut budiman,” saur Amir Khalid

Ti dinya eta pamuda teh dipiwarang caket ka anjeuna, Tuluy dicium tarangna. Bapana éta Mojang disaur. Ka manehna Amir sasauran, “Yeuh syekh, tadina kami rék ngaragragkeun hukuman ka ieu pamuda téh. Tapi syukur ka Gusti Allah geus nyabebaskeun kami tina nyieun kasalahan. Ayeuna manehna rék dibere duit 10.000 dirham réana, sabab manéhna geus nganggap murah leungeunna diteukteuk, pikeun miara ngaran manéh jeung ngaran parawan maneh. Anak maneh oge rek dibere 10.000 dirham. Jeung maneh kudu ngidinan maranehna nikah.”

“Nun Amir, abdi ngawidian,” jawab eta kolot teh. ***

Sumber: Mangle.id