BUDAYA  

CARPON Keun Baé

Kénging Suryatno Suharma

Lembar Uang Terakhir ilustrasi Rendra Purnama Republika 1
(Ilustrasi Carpon Keun Baé: Ruangsastra.com)

KUMAHA, nya? Sakapeung sok hemeng. Unggal ngontak batur sok hésé dijawab. Padahal ari batur ngontak …

“Oké atawa siap!” kuring maneuh ngajawab kitu.

Tapi keun baé kétang da kitu jadina. Piraku kuring kudu ngambek atawa pundungan mah asa kacida. Pan geus biasa sual kuciwa teh, pagawéan baku.

Sebel tuda.

Mun keur perelu pisan tapi teu diwaro. Asa di jaman baheula. Ngirim WA poé ieu karék dibales isuk deui. Saha nu teu keuheul? Manasina jaman breto. Nungguan surat nepi waé saminggu. Acan saminggu deui karek dibales. Leuheung mun eta balesan teh ngeunah luyu jeung harepan. Kumaha mun balesan téa leuwih goté. Geus elat, musingkeun.

Lieur, ah!

Kalah we jaman canggih majar sagala gampang, téréh, kilat. Téréh maraot alatan garering mah teuing. Téréh atawa gancang kumaha. Masing mawa mobil weuteuh, duit, réa nu geulis, lagu macét mah, cét!

Kumaha?

Hapé anyar, mahal, pulsa pinuh, ginding deuih, pék téh taya sinyal. Bisa dipake éta HP android téh?

Aya mobil mewah weuteuh indit rusuh ngebut. Ces, ban kempés bari jauh ka tukang tambal. Murah ngompa atawa nambalna mah. Ari euweuh, can hudang.

Teu bisa iinditan. Matak leumpang baé. Jiga harita indit jeung mulang ulin ka Cimahi téa. Anu dipiharep meunang dollar, ari pék teu dibéré. Anu aya gé dipaké dahar emih tea. Mie ayam, enak. Lagu balik… Hayang apal?

Ti imah téh muru UPI. Balad pareré kénéh. Ngadon ngahuleng. Inget boga baraya di Cimahi. Untung hapé pulsaan kénéh.

“Aya?” Cekeng ngahaja ngonték.

“Aya!”

Jawabna tandes.

“Tungguan!” Jawab téh.

Leumpang ti UPI ka Gerlong Hilir via KPAD. Sugan téh téréh jol angkot. Ieu mah…

Lila ngobrol jeung tukang ganas. Leumpang tamba tunduh. Jol téh. Padahal méh peunggas harepan, méh baé bolay. Tapi kagok geus jangji téa.

“Cimahi!” Cekéng bari naék. Panumpang ukur duaan katilu kuring.

Lebah Cihanjuang luhur turun saurang. Atuh kuring duaan jeung mahasiswa bangunna mah. Teu patanya da anggang.

Sanggeus nepi ka pengkolan Cihanjuang handap, kuring kadua mahasiswa turun rék mayar.

“Punten!” Cekéng bari ngasongkeun duit salambar 50 rébuan.

Barang supir milihan récéh, tembong ngan saeutik. Ari mahasiswa téa sarua ngaluarkeun 50 rebuan. Supir ngahuleng. Spontan éta mahasiswa namprak ménta pamulanganna tiheula.

“Biar sekalian bapa ini saya bayar!” pokna.

Rusuh meureun jeung kacirieun pamulanganna moal picukupeun duaaneun mah.

Supir jeung kuring gé ngahuleng.

Song mahasiswa dipulangan. Kuring dibéré deui ku supir nu salambar téa tadi ti kuring kénéh.

“Makasih, A!” Spontan kuring nganuhunkeun ka nu ganteng. Saprak kuring meuntas eta budak jangkung ngaléngkah geus jauh.

Ceuk jero haté, “Cerdas jeung bageur éta budak!”

Leumpang baé nepi ka Alun-alun sakitu panas poé ogé. Nepi wé ka Gang Banten. Tuluy keketok. Tilu kali bari uluk salam karék panto sada ngulutrak.

Kuram-kireum Wa Adang muka tulak bieu bari ngalindur.

“Saré?”

“Enya, wayah kieu mah ngeunah ngagolér!”

Nya, karunya.

Mana euweuh cai meureun matak buru-buru naheur oge. Nyaho aya tukang ngopi. Duaan di pawon bari naheur saeutik dua gelaseun.

Kuring ngarasa hanaang pisan pan bieu nikreuh tea.

“Aya citiis?”

“Euweuh!” Walon Wa Adang bari ceg kana teko.

Untung aya sacangkireun palastik. Leguk nginum bari ngarérét kana cikopi nu geus ngajagrag di hareup di rohang tamu.

Cape ogé. Geus kolot meureun matak ngarasa lumayan téh. Tuman kétang urusan leumpang mah.

Lila ngobrol diselang ku dahar. Rek ménta duit tetep moal dibéré tuda sigana téh.

“Teu boga duit!” Ceuk Wa Adang deui.

Baé. Pan niatna ge silaturahmi. Cukup ngobrol jeung ngopi. Jaba daang ongkoh. Pan geus tara ngaroko ieuh.

Lagu mulang pamitan heula. Sasadu geus ngaganggu nu keur héés.

“Leumpang deui!” Rék uji nyali maksud téh.

Bener nepi ka Alun-alun. Alus anyar dibangun suasana éndah di lebah Masigit téh. Cimahi téa bebenah terus.

Geus reureuh karék muru Cihanjuang deui. Hariwang paur béakeun angkot ka Ledeng. Enya baé lila.

Geus peunggas deui harepan angkot mah. Barang nanyakeun ka nu di kios. Aya kénéh cenah. Ah, lila.

“Hayu, ka Cihideung!” Hiji sora ti nu maké hélem.

Ditelek-telek, bener. Inget.

“Macan?”

“Muhun!”

Kuring nyéngclé diboncéng. Majar mulang ti Kotabaru Parahiyangan.

Nya, gampil.

“Nuhun, Gusti!” Jero naker rasa bungah bari kedal.

“Alhamdulillah!”

Sajajalan ngobrol jeung Si Macan mantan ojeg langganan dua puluh taunan ka tukang.

“Ayeuna janten RT, Pa… tidak dua periode!”

Pokna bari nineung ka alam harita jaman ngojeg.

Nepi bae ka lembur. Ceuk saha ongkos naék?

Geuning ieu na saku aya kénéh salambar biru 50 rebuan.

Keun baé! ***

Suryatno Suharma, resep kana sastra, tumetep di Parongpong, Bandung Barat