PUISI Galindeng Asih

107620708 3057917777649064 3767323540731947300 n
Ilustrasi "Puisi Galindeng Asih", (Foto: Facebook).

Kénging Suryatno Suharma

Jentréng kacapi kareungeu kénéh
Gelikna suling marengan endahna poé éta
Rohang 16 teh kaampeuh
kacatet tur nyantél baé
Hamo laas ku jaman
jeung moal bisa ilang
tina implengan

Jungjunan
Anjeun teu maliré lilirna batin kuring
Padahal handaruan sora adzan
kareungeu meuseuh diri
nu haat kajongjonan
Murungkut disimbut kampuh
Subuh ieu teuing nu kasabaraha
satungtung apal
yén dunya muih, buleud
Cacak inyana nguliat gigireun

Kacangcaya binekas aweuhan
jeung enyana betah di dunya téh
Réa ketan-rea keton

Gusti,
Rék naon deui nu kudu dipungpang?
Sidik peuting tadi nataku simpé
Teu pisan sugan aya simeut ngaliwat
Can pati apal rek iraha deui
tangkal sirungan
Bongan kamari kasaput halimun
tuluy muguran
Samoja nyongcolang nenggang
mawa iber majar anjeun miheulaan

Cingogo nagenkeun jeujeur useup
Teu kebat nyarita ka wadya balad
bongan srangéngé elat nembongan

Meungpeung pasini urang can lantis
peupeujeuh teu kudu galideur
Implengan di rohang éta harita
Cacap geura pinunjul
mungguhing lunta midunya
Teu éléh jajaten
nyinghareupan aleutan kahayang
Komo mun kudu hariwang

Mending tandang makalangan
saméméh panonpoé morérét
Teundeun tineung tunda hariwang
Teu kudu ébat ku karudet

Nyinglar hanaang
nu basa éta karasa
lebah pudunan Ciguling
Duaan urang pataréma tangan
Haté nyatet pasini

Duh, mun sulaya
Maenya tunggara kasorang

***

Suryatno Suharma, resep kana sastra. Bumén-bumén di Nyingkir, Cihideung, Bandung Barat.