Dongéng Pikaseurieun

57451091 10216309967893214 3259981693511008256 n
Ganjar Kurnia, (Foto: Dok. Pribadi).

Kénging Ganjar Kurnia

AYEUNA urang hirup dina jaman anu kacida majuna. Kamajuan éta, lain aya dina telepon pinter, mobil listrik, atawa kecerdasan jieunan, tapi dina hal anu leuwih spéktakulér: loba jelema ngaku Sunda, mikanyaah Sunda, malah siap gelut keur Sunda — tapi teu daék nyarita ku basa Sunda. Lamun maranéhna diajak nyarita ku basa Sunda, létahna mogok, terus ngabigeu. Basa Sunda téh kawas diasupkeun ka gudang, tuluy dikonci. Ti dituna mah meureun sangkan awét. Ngan hanjakal, basa mah lain barang antik. Lamun teu dipaké téh lain jadi  awét — tapi kalahka paéh. Ieu tangtu lain hal biasa. Ieu pérstasi. Ieu inovasi idéntitas. Kumaha hiji sélér dipikanyaah bari basana teu dipaliré? Kumaha hiji budaya dibélaan nepi ka urat beuheung ranteng, tapi unsur pangpokona malah dipiceun. Ieu pasti hasil pamikiran tingkat luhur, anu can kahontal ku peradaban mana waé.

Dina loba acara, urang sok manggihan jalma-jalma anu sumangetna ngagelebug mun nyarita soal kasundaan. Pidatona bisa panjang ngeunaan pentingna ngajaga budaya,  bisa serius nyebutkeun yén Sunda téh warisan karuhun anu luhur, bisa ceurik  lamun nyebut kecap “jati diri.” Tapi kituna téh, nyaritana lain ku basa Sunda. Anu kieu, bisa disebut urang Sunda konseptual. Sundana aya dina idé, lain dina létah. Kasundaanna jero pisan, nepi ka teu katingali. Manéhna mikanyaah Sunda sacara spiritual, metafisik, malah ampir gaib.

Kungsi aya ogé, dina seminar budaya Sunda, nu jadi moderatorna urang Sunda, nu jadi nara sumberna Sunda, nu jadi panitiana Sunda, nu nyieun spanduk Sunda, nu nyitak sertifikat Sunda, tapi basa Sunda ngan cukup diucap dina bubuka acara : “wilujeng sumping”. Kadituna mah lebeng,  saolah-olah basa Sunda téh ngan pantes jadi téma, jeung bubuka wungkul.

Kadieunakeun ramé ogé grup WA kasundaan. Di antarana loba anu jelas-jelas nyebutkeun SUNDA dina ngaran grupna, kalayan tujuanna jadi tempat padungdengan pikeun kapentingan jeung merjoangkeun Sunda. Tapi nya kitu téa geuning, ari basa anu digunakeunna mah seueur anu teu ngagunakeun basa Sunda, kalawan anu diobrolkeuna ogé, sakapeung atawa lolobana sok tara  aya patula-patalina sacara langsung jeung Sunda. Saenyana teu aya pakuat-pakait jeung Sunda ogé teu nanaon, asal nulisna ngagunakeun basa Sunda. Ku cara kitu, urang bisa némbongkeun yén basa Sunda bisa ogé digunakeun pikeun ngaguar hal séjén di luar kasundaan.

Aya deui golongan anu leuwih canggih: “pembéla Sunda musiman”. Biasana mucunghul lamun aya isu budaya, mun aya polémik, mun aya nu dianggap ngahina Sunda, maranéhna sok galak pisan. Beungeutna beureum, statusna panjang, koméntarna sumanget. Tapi dina kahirupan sapopoé, basa Sundana nyumput, siga pejabat lamun ditanya laporan. Anu leuwih pikaseurieun, aya ogé anu boga alesan modéren: “Nu penting mah substansina, lain bahasana.” Tah ieu kalimah geulis, tapi rada bahaya. Sabab ti dinya urang bisa nepi ka kacindekan anyar: nu penting mah cinta, lain jalma-na; nu penting mah agama, lain ibadahna; nu penting mah tatanén, lain sawahna. Logika modél kieu, lamun diteruskeun, lila-lila sangu ogé cukup dibayangkeun, teu kudu didahar.

Lamun urang daék jujur saeutik, naon sabenerna ciri pangutamana kasundaan? Naha raray alias beungeut? Hésé. Beungeut ayeuna geus ampir teu aya bédana, ti mimiti keureutan lokal nepi ka halis global, komo lamun oprasi plastik mah. Terus, naha ciri Sunda téh tina kabudayaan atawa kasenian? Leuwih hésé deui. Budaya jeng seni ayeuna mah  campur aduk. Nu nabeuh kacapi bisa jadi lain urang Sunda, nu make iket bisa jadi ngan keur kontén. Nu ngibing jaipong bisa waé saenggeus jogéd K-pop. Kesenian mah silih injeum, silih campur, silih rémix. Angklung bisa dipintonkeun ku saha waé, jaipong bisa dipelak ku budaya pop, malah kabudayaan kiwari geus jadi prasmanan: saha waé bisa nyokot naon waé. Kiwari musik, pakaian, tarian, jeung rupa-rupa éksprési budaya geus silih pangaruh. Éta hal biasa. Budaya memang hirup ku pasamoan.

Cenah loba ogé nu sieun disebut kampungan lamun nyarita Sunda. Padahal nu matak kampungan téh lain basana, tapi rasa minder ka basa sorangan. Jalma anu teu wani maké basa indungna sorangan, tapi hayang dipikawanoh minangka “pembéla budaya”, éta rada sarua jeung nu teu bisa ngojay tapi ngadegkeun paguyuban panyalamet basisir.

Basa téh lain bungkus. Basa téh eusi sakaligus jalan asup ka eusina. Dina basa aya cara mikir, cara ngarasa, cara silih hormat, cara ngambek, cara heureuy. Basa Sunda miboga lapisan rasa anu teu gampang dipindahkeun. Kecap “mangga,” “punten,” “nuhun,” “atuh,” “enya atuh,” “kumaha damang,” éta lain saukur kosakata. Tapi struktur batin. Éta téh tata rasa, sarta peradaban nu nyumput dina basa.

Loba ogé anu boga alesan klasik. Cenah, “abdi mah Sunda pisan.” Tapi kecap “pisan”-na ngan hungkul dinu Sunda, sésana mah kabur ka basa séjén. Aya deui anu ngomong, “yang penting hatinya Sunda.” Tah ieu ogé matak reuwas. Ti iraha idéntitas budaya cicingna ngan di haté? Mun kitu, kabéh masalah bisa diréngsékeun ku perasaan. Teu kudu nyarita, teu kudu digunakeun, teu kudu ngajarkeun ka budak. Cukup ngarasa. Padahal budaya anu ngan dirasa, tapi teu dipraktékkeun, lila-lila nasibna jadi hiasan pidato.

Di dieu satirna: loba anu hayang jadi pajoang Sunda, tapi nu dijoangkeun téh sok leuwih resep simbolna tibatan napasna. Iket dipaké, pangsi dipoto, kujang dijieun logo. Tapi basa, anu sabenerna urat nadi kasundaan, kalah jadi tamu di imah sorangan. Mun ukur ngandelkeun unsur génétis, getih mah teu bisa dités ku ditanya, “kumaha damang?” DNA teu bisa ngajarkeun budak nyebut “mangga” kalawan hormat. Kromosom teu bisa ngawangkong. Moal aya dokter anu ngomong, “sampel getih anjeun positip Sunda, sanajan anjeun teu tiasa nyebut ‘mangga’ kalayan merenah.” Turunan teu bisa otomatis nyieun hiji peradaban hirup.  Jalma bisa boga karuhun Sunda, tapi lamun teu boga basa Sunda, kasundaanana jadi siga fotokopi nu  burem: wangunna aya, tapi eusi kalimahna hésé dibaca. Lila-lila siga jalma anu jarah ka kuburan. Batu nisanna aya, tapi arwahna mah tangtu teu katingali.

Lamun urang rék enya-enya néangan ciri utama kasundaan, naon deui anu pangjelasna mun lain basa? Basa téh lain ngan alat ngomong. Basa téh cara mikir, cara ngarasa, cara ngahina kalawan lemes, cara muji, cara ambek bari tetep nyésakeun tatakrama. Dina basa aya rasa. Dina rasa aya “peradaban”. Jeung dina peradaban aya idéntitas anu teu bisa dibohongan. Poto profilna maké pangsi. Status média sosialna nyebut “salam budaya.” Bio-na aya kecap “putra tatar Sunda.” Ku kituna, rada lucu mun aya jalma pohara sumanget nyalametkeun Sunda, tapi nyalametkeun basana waé teu daék. Ieu sarua jeung hayang miara lauk, tapi cai balongna dikuras. Hayang ngajaga sawah, tapi taneuhna disemén. Hayang ngamumulé imah karuhun, tapi panto hareupna dikonci ti jero. Padahal ceuk karuhun ogé, kapan basa téh cicirén bangsa.

Anu pikaseurieun deui, aya nu pohara galakna mun Sunda dianggap énténg ku batur, tapi manéhna sorangan unggal poé nganggap énténg basana. Basa Sunda dipaké ngan keur kukulutus di jalan lamun keur macét, atawa keur nyebut ngaran kadaharan, sabangsa loték, karédok … Pikeun mikir serius, diskusi penting, pidato resmi, rapat organisasi, malah keur ngobrol jeung anak sorangan, basana ujug-ujug disingkirkeun, pokna ogé: “Aa nanti kalau mau makan bilang ke mamah ya.” (lumayan masih aya kecap Aa). Basa Sunda téh saolah-olah teu cukup kuat pikeun mawa pikiran anu “bermutu.” Padahal nu remen kurang mutu téh lain basana, tapi mindeng nu makéna. Di dieu satiréna: loba anu hayang jadi pajoang Sunda, tapi sok leuwih resep simbolna tibatan napasna. Basa, anu sabenerna jadi urat  kasundaan, kalah jadi tamu di imah sorangan.

Di tengah-tengah campur adukna pergaulan dunya, basa jadi bénténg anu paling écés. Salila basa masih kénéh dipaké, hiji budaya masih boga imah pikeun mulang. Kasundaan hirup lamun basana dipaké dina kahirupan, di imah, di jalan, di warung, di kampus, di organisasi, di guyonan,  di amarah, di kanyaah, jsbn. Tapi lamun basana eureun dipaké, kasundaan lila-lila tinggal brosur nostalgia. Ku kituna, ayeuna geus waktuna urang rada ngurangan seminar ngeunaan kumaha pentingna basa Sunda, tapi kudu ngamimitian nyarita jeung nulis ku basa Sunda. Sabab basa Sunda moal salamet ku seminar jeung spanduk. Henteu kudu jadi pujangga Cianjuran, tapi sahenteuna basa Sunda dipaké, dihirupkeun, digunakeun dina obrolan sapopoé. Lamun teu kitu, sarua waé jeung hayang nyalametkeun lauk ku cara miceun caina, hayang ngajaga kebon ku cara ngabongkar  akarna,  hayang ngaraksa imah bari hateupna dibongkar, hayang disebut satia, tapi unggal poé ninggalkeun nu pangutamana. Ieu tangtu ironis. Loba anu ngabéla daun, dahan, jeung buahna, tapi poho kana akarna. Basa téh lain asesoris budaya. Basa mah jantungna. Jadi Sunda tanpa nyarita Sunda sarua jeung boga sawah tanpa taneuh. boga imah tanpa panto, boga lauk tanpa cai. ***

Cigadung, 040526

Ganjar Kurnia, Ketua Dewan Pembina Pusat Studi Sunda (PSS) Bandung.