Ku Bah Yatno
NYA kitu tea, urusan sakola mah teu saukur boga duit wungkul. Sabab dina emprona mah kudu bae tumali jeung rupaning perkara.
Soalna aya nu datang ka sakola. Majar eta bapa teh rek mindahkeun budakna. Alesanna mah jauh teuing. Meureun nuturkeun kolotna.
“Muhun!”
Ceuk eta bapa.
Tadina jeung akina di lembur. Ari ayeuna hayang ka kota ngarah ngahiji jeung kolotna, indung-bapa bari ngadeukeutan gawe jaga. Hayang diajar ngumbara, cenah.
Eta pedah kolotna ge kitu, lila di kota. Satadina sugan budak mah betaheun di lembur. Geus gede bet boga pamilih. Nya kumaha deui.
“Muga we cocog di ieu sakola mah!”
Kitu ceuk Si Bapa teh.
Sarat nu tangtu niley ahirnya rapot tea. Foto katut katerangan pindah ti alamat asal.
Ari sakola mah narima wae, asal niatna bener rek diajar nu soson-soson. Mo burung ditarekahan ku sakola oge.
Ku kolot dijeujeuhkeun mah baris sumanget ka budakna oge. Biasana kitu.
“Hatur nuhun!”
Basa budak geus datang ngamimitian sakola, kitu mimiti mah budak teh siga nu nyemah. Tapi lila-lila mah wanter cara nu lian. Kana kagiatan aktip sakitu mah.
Tah, loba budak cara kitu teh. Pindah sakola alatan nuturkeun kolotna. Teu saeutik oge nu balukar indung-bapana pipisahan. Aya we alesan mah. Leuheung bara mun budakna teh bageur tur suhud nyuprih elmu. Pan sok pareng aya nu baong.
Tapi dalah dikumaha, tamaha pihak sakola mah tetep rek ngupayakeun sangkan hak barudak kacumponan. Keur nu niat diajar tea.
Tah, wayahna keur nu males mah. Komo deui geus males teh baong kacida. Antukna sok mawa teu bener ka nu lian. Lebah dieu, sakola mindeng katempuhan.
Meusmeus ka BP nu resep heureuy mah. Teu sarua pan budak teh. Kasobaran guru pasti gede ujianana. Aya oge budak ngalawan mun dilelempeng. Anu pasea wae jeung padabaturna.
Keuna ka nu saruana mah, mindeng kajadian.
Nurun ti kolot boa.
Basa nu sejen mindeng kapireng. Kecap turunan teh sok dibabawa.
Keun sual kitu mah da uyah mah tara tees ka luhur. Ngan tetep sakola kudu bisa ngalayanan budak model kumaha bae. Tadi ge, tamaha.
“Kumaha?”
“Alhamdulillah.”
Sok bungah mun budak tea balageur. Sakola ge lancar taya karudet. Kagiatan walatra unggal widang da guruna naptrap. Atuh waragad lancar ari keuna dina pakeunna mah. Entong soteh mengkol salah sok.
Bener, kudu kitu.
Jadi geuning kudu bareng sarerea nalingakeun budak teh. Teu cukup ukur nitip ka guru.
Kade ah…. ***
Bah Yatno, alumni Jurusan Basa & Sastra Sunda FPBS IKIP (UPI) Bandung, ngokolakeun Yayasan Insan Basajan, Cihideung, Parongpong, Bandung Barat.