BUDAYA  

Carpon Ngaroncé

Carpon Alit 2774 e1626459033258
(Ilustrasi: Mangle)

Ku Chyé Rétty Isnéndés

USUM halodo gedé angin. Wah, usum langlayangan geus datang. Barudak lalaki mah teu dikomando deui kana langlayangan téh, ngadu jeung ngarucu; ngaroncé di Nagrak mah disebutna. Asyik pisan. Kapegatna ukur ku adan magrib, kakara marulang bari suku tutugar laja, beungeut hideung, panon beureum. Indung waé ngagambréng; asup ti ceuli katuhu, kaluar ti ceuli kenca.

“Iyan, cing atuh, ieu kaméja mani saroéh kieu?” Bi Cicah ngagambréng anakna.

“Tikait, Ma,” ceuk Iyan nyengir.

“Ampun da,” Bi Cicah gogodeg.

Teu lila, bapana, Mang Karja, asup tas ngurilingan lembur. Ma’lum Tua Kampung.

“Nya urang Nagrak mah ti baheula gé kasohor tukang ngadu langlayangan. Teu anéh, Ma,” cenah mairan obrolan Bi Cicah.

“Enya kitu, Pa?”

“Enya. Tuh, di Tanjakan Dérédéd, pan baheula keur usum gorombolan, dipaké ngadu ku Mang Gawi jeung urang Cibadak. Ngan kaburu datang gorombolan, jadi wéh silih témbak gorombolan jeung polisi désa OKD. Nu ngadu bubar katawuran. Matakna di dinya disebut Tanjakan Dérédéd téh, pan kitu sasakalana.”

Iyan colohok waé ngadéngé bapana ngadongéng kitu téh.

Isukna balik ti sakola, Iyan jeung Acép ngadatangan Kang Ii ménta dipangnyieunkeun langlayangan. Kang Ii nyanggupan, ké cenah soré geus asar, da kudu nyayagikeun bahan-bahanna. Kang Ii nitah Iyan meuli keretas wajit jeung aci, ka warung Bi Yuyum, bari song duitna.

“Ké bawa nya geus asar,” ceuk Kang Ii deui, Iyan unggeuk.

Iyan indit, Kang Ii jeung Acép nyieun arkuh, raraga langlayangan. Kang Ii motongan awina, diraut nepi ka lemes. Tuluy ditimbang. Geus kitu disusun jadi arkuh, diweweganna ku benang. Kang Ii nyieun lima arkuh. Geus bérés disimpen wéh. Manéhna nitah Acép balik heula.

Bada asar, Iyan jeung Acép geus di buruan imah Kang Ii. Geuning aya Éman, Ucup, Ééng, Wawah, jeung Cici. Naragog ngurilingan Kang Ii. Iyan datang masrahkeun balanjaanana ka Kang Ii. Tuluy Kang Ii ngaguntingan keretas wajit saluyu jeung gedéna arkuh. Aci ditinyuh ku cipanas, jadi elém keur ngelém sisi-sisi keretas nu napel kana benang. Aya kana opat puluh menitna, Kang Ii nyieun langlayangan lima siki bari dironom ku barudak nu célémbéng, sagala ditanyakeun sagala diomongkeun.

Poé Ahad, nu ngadu langlayangan mani ramé. Di buruan imah Ma Ayi ngajajar barudak lalaki nu ngadu. Nu nyekel langlayangan téh Acép, Iyan, Ucup, Éman, Yadi, jeung Usman. Barudak nu séjénna mantuan ngagulung benang kuin, kitu disebutna ku urang Nagrak mah, pédah cap ratu (Queen).

“Wah gelasan hadé ieu mah, capna gé Cap Kalong atuh,” ceuk Acép bari mulut langlayanganna pédah aya langlayangan ti lembur séjén ngagilek ngadeukeutan.

“Ulur! ulur! Béréan! Béréan!” ceuk Wawah ka Iyan, katémbong langlayangan batur ngudag nu Iyan.

“Angkat! Gilekkeun Cép! Pulut! Béréan!, Puluuut!! Sabet!!! Yaaahh Ajiib! Jeblag siah! Puaasss!!!” barudak ramé keprok bari tingsaruit sagala, nempo langlayangan musuh ngajeblag, kapakan.

“Tuh ka dieu kabawa angin! Hayuu borooo!”

“Roncé, roncé, euy! Mangkaning langlayangan alus tuh, warnana gé mérah putih!”

Barudak nu nyekel benang bérésaneun tingarajleng ka sawah garung Mang Ikin bari marawa gantar nu congona dirokrakan, ditalian ku tali rapia. Langlayang ka dinya ngoléabna kabawa angin. Aya dua tilu langlayangan nu tingkoléab.

“Cici tong milu! Di dieu wé jeung Mamang!” ceuk Acép ka kapialona pédah nyahoeun sok mimilu ngaroncé jeung budak lalaki.

“Iih Mamang mah,” Cici baeud, tuluy ngagulungan kuin nu mamangna.

Ngadu masih kénéh, nu Acép nu Iyan nu Éman masih kénéh jaya. Tapi satengah jam ti harita, langlayangan Acép “Si Jago” nu beunang nyieun Kang Ii, ngajeblag. Acep ngajleng bari nyokot gantarna, ngudag jeung miharep gelasan langlayanganana bisa kahontal ku gantarna. Cici ngudag nuturkeun. Iyan mantuan, milu lumpat. Langlayanganana diasongkeun ka Wawah nu teu milu ngaroncé.

Nu lumpat ngudag langlayangan ngan tanggah waé. Teu nempo tincakeun. Suku rarud, baju tikakarait, tuluy ngudag “Si Jago”. Acép haruhah-haréhoh bari irungna rempih rék ceurik, atuda geus nyaah kana langlayangan.

“Pegat beulah kuloon!!” ceuk Acép ka Iyan. Iyan lumpat, jleng, jleng, kebon Pa Johar diajlengan, langlayangan beuki kokoléaban beuki handap waé. Horéng ti kampung beulah kulon ogé loba nu ngudag “Si Jago”. Acep deg-degan.

“Héy, éta mah nu aing!!!” ceuk Iyan, bari gantarna diajulkeun kana gelasan langlayangan. Nu séjén silih siku bari ngajul-ngajulkeun gantarna. Gelasan langlayangan untungna kaeurad ku rokrak na gantar Iyan. Iyan buru-buru muterkeun gantarna, sangkan gelasan meulit pageuh kana rokrakna.

“Beunang!!! ” ceuk Iyan bari lumpat mawa gantarna.

“Tuh aya kénéh dua ka beulah kidul, buru udag!!!” ceuk Acép ka nu ngudag “Si Jago”. Nu séjén langsung lumpat ka beulah kidul ka mana langlayangan ngoléab.

Acép mani bungah, “Si Jago” beunang ku Iyan, sobatna. Tapi bungahna kaganti ku kareuwas, Cici kacugak beling. Getihan. Untung teu jero teuing. Dampal suku Cici dikumbah ku cai pancuran nu ngérélék sagedé buntut beurit, tuluy dibalur ku daun babadotan meunang nyeuceuh ku Acép, laju ditalian ku gebog cau meunang ngala Iyan. Cici embungeun leumpang, antukna digandong ku mamangna.

“Euh ngaroncé téh kalah beubeunangan, ngagandong nu kacugak,” ceuk Iyan bari seuri. “Si Jago” na taktak kéncana, dua leungeunna nyekelan gantar, nu manéhna jeung nu Acép.

“Heueuh aing mah,” ceuk Acép sarua seuri.

“Matak awéwé mah ulah milu ngaroncé, ngagulung benang wé ké mah nya?” ceuk Acép ka nu digandong.

Cici teu némbalan, kalah baeud wé na tonggong kapimamangna.***

Bumi Siliwangi, 19 Nopémber 2019

Seratan ieu kantos medal di Manglé no. 2774.

Sumber: Mangle.id