CARPON Ramadan

Kénging Suryatno Suharma

7133786 1200x675 1
Ilustrasi carpon "Romadon". (Foto: Istimewa)

Ramé. Lain pédah téréh lebaran, tapi budak tilu ulang taun Minggu ieu. Anu cikal Sahuri hayang sapédah. Budak kadua nu nelah Takjil ménta saragam sakola dobel jeung Pramuka. Nu bungsu mah ngarenghik hayang ulin ka lembur Akina. Ngaran budak téa atuh teu digugu kumaha. Romdon nu bungsu mah budak téh.

Keur lalaki wungkul katambah meumeujeuhna. Puguh wé té ha ér taun ieu mah lapur kuring sorangan jigana moal kabagian. Anu penting barudak aman. Puasa mah jalan saréréa oge bari kudu kaangsonan itung-itung pangolo. Sumanget, déh.

Janari leutik kuring nyileuk ngaronda téa. Ras inget ka indungna, boa sarua aya paménta meureun jero haténa mah. Kudu we ari sandal jeung wedak mah. Ngarah gairah téa wé ngurus barudakna. Mun pareng, saréréa rek diajak ka lembur kolot. Geus lila puguh, sono.

Angkanan mah mudik téh lébaran kadua baé. Rék nékad ka Cicaheum sugan kana Budiman nu Pangandaran téa. Limaan rék meakkeun duit ladang ngalembur jeung aya sésa arisan sapérak. Lumayan ongkos mah mahi meureun. Kudu mekel kadaharan baé ambéh teu jajan di jalan. Sok hambur geuning.

“Abah dikasih apa?” tanya nu cikal ka indungna.

“Ada sarung yang pemberian anggota déwan ..!” ceuk indungna.

“Nénék?” tanya nu bungsu.

“Amplop saja…!” euk kuring.

Budak gé apal ari ka lembur téh kudu baé babagi. Rayap budak laleutik. Aya keur ngawurna mah resep.

***

Saur teh rengsé. Barudak sararé deui. Indungna mah ka cai sakalian nyeuseuh rotin tuluy ngepél. Ari sorangan teu ingkah ti rohang tivi.

Eta mah lalajo berita nu arahéng sapanjang Romadon. Ti mimiti kiriminil, nepi ka babagi sembako. Lengkep jeung béja banjir di mana-mendi. Matak watir.

Enya baé. Taun kamari gé sarua. Réa jelema nékad rek lebaran teh. Anu jarahat mah kasempetan. Ngabégal, marabok heula. Anu maok pakéan mah jeung motor. Prah kajahatan tepi ka lembur singkur. Taun tukang sabaraha motor jeung mobil dipaok? Bari pas solat Ied éta téh. Parkir téa. Harénghéng ekonomi mojejes mah. Cara baheula monétér téa.

Kiwari sarua walurat keur jelema leutik mah. Beda jeung ahli korup nu medah-meduh. Moal hariwang maranéhna mah lagu lebaran téh, méwah. Mobil alanyar sarta matak macét gé teu jadi sual. Pan pantar kuring mah sok jadi korbanna. Pasesedek dina beus téh. Karunya ka barudak sok a -é – o … mabok. Tamaha.

Samemeh bring taun kamari mah duit keur ongkos cukup. Aya balas nyumbang. Teu gedé tapi cukup ari sakadar nambahan amplop mah. Ngahaja téa récéh hareuras téa. Nurutan batur wé nun rék mudik téh sasadiaan tamba éra sabrakkeun.

Oléh-oléh nu maneuh, oncom, peuyeum, jeung kuéh kaléng. Raridu sakitu ogé. Sok balangsak dina beusna téa tuda.

***

Aya niat di lembur rek pepelakan. Moal nu aranéh. Hayang diajar ngaliarkeun cau. Rék nitah Mang Hano sugan duaan mah jeung baturna. Nyobaan taun hareup jadi kumaha mun cau téa dipelak di sapanjang wates kebon. Réa bibit mah cau nangka jeung ambon marontok. Bagja jeung cau muli. Mun aya waktu rék nyobaan nyangkok buah jeung rambutan. Sok kabita ku geus jaradina. Lain tamba kesel wungkul tapi lulumayanan da lahan mah aya kénéh titinggal kolot.

Ramadan taun ieu minangka gedé harepan. Salian ti aya niat mekarkeun lembur kuring gé rék ngadaptarkeun barudak ka sakola. Naon deui atuh kolot mah ukur kitu, merhatikeun elmu ka nu pandeuri teh. Resep barudak palinter mah. Reueus ku anak dulur ge maraju. Nu jaradi guru, pulisi, jeung pamaén bola gé aya. Acan nu daragang maraju naker di kota. Aya elmuna mah sagala gé gampang.

“Bisi rek masantrén bisa!” jero haté téh.

Dulur nyiapkeun Yayasan gratis di hiji tempat. Nya lega nya maju da aya donaturna ti kota.
Maenya wé da urang lembur oge ngalarti zaman kiwari mah. Cacakan pantar kuring nu walurat waragad ari kana nyukceuk élmu nyuprih pangarti mah baeu, aya alusna.

“Kitu, sagala gé kudu dibobotohan!” nyumangetan tah Kang Idam ogé.

Mun mudik jiga kieu sarerea miduli hal aralus, moal rugi ongkos mahal ogé. Lembur bisa mekar turta barudak baris maju.

“Satujuuuuu!” ceuk Suhaya basa kuring balaka nepikeun ieu kereteg haté.

“Sok ngarah saréréa malikir!” jero haté.

Enya baé. Ayeuna mah geus réa pangsiunan maruka usaha di lembur asalna. Teu ngagunuk waé di kota nepi ka maraot. Saladar, perlu ngamajukeun padésan nepi ka lembur singkur.

Kaayaan kieu jadi udagan aparat désa. Komo nu resep kana wisata mah di lembur ogé maruka kafe jeung lahan usaha. Ngingu lauk, hayam, domba, sapi. Nambah reaan. Anu ngaput wae geus aya nyarieun saragam. Kitu deui nu muka bengkel. Anu nyieun lapang poli, putsal. Lengkep pokona mah.

***

Hayu!

Lain bungah pédah bisa mudik. Tapi deuih barudak apal kaayaan lembur nu lalega kénéh. Keun perkara gaul mah da geuning sarua urang lembur kiwari teh teu béda ti kota. Malah nya kitu téa barudak kota nu milu ka lembur gé. Kolotna mah pangsiun hayang usaha di lembur. Eh, budakna ngadon marabok. Aya-aya waé.

“Omat, dulur mah kudu asal sasar. Talingakeun masing di lembur pasisian gé nu baong mah aya wae!”

Aya harepan. Taun hareup teu wungkul pamenta budak nu tilu. Tapi kabayang pelak cau geus meujeuhna alaeun.

Sugan. ***

Suryatno Suharma, resep kana sastra, bumén-bumén di Cihideung, Kabupaten Bandung Barat.