CARPON Ucing Tatangga

3236227104
Ilustrasi “Carpon Ucing Tatangga”, (Foto: Budi Riyanto/Galura).

Kénging Aan Merdéka Permana

SABAN poé sok aya ucing ngalanto ka imah. Nyao ucing saha. Kuring mah tara ngukut ucing da. Atuda tong boroning kudu ngukut,  dalah embung ogé ari ucing mah ka imah téh sok aleut-aleutan. Sakapeung datangna sapasang. Sakapeung ukur bikangna, tapi da dituturkeun ku anakna tilu. Réang éong-éongan ménta dibéré parab. Keun lah ari datangna boga adab, ukur nyarayuda mah. Nya maksudna, dibéré heug teu kajeun, sanajan satungtung can dibéré mah angger campego. Éta numbuk di ucing garong, haté dengdamna kabina-bina. Apal nu kumaha nu disebut ucing garong? Enya éta anu cingkleungna béda.

Sampuyang, sampoyong

Sang ucing uang-éong

Pasemon lir wiku

Tur kituna téh palsu

Lamun dipuji osok nyampeurkeun lahunan

Dunungan bongoh, pulang-paling gagancangan

Éong, éong, ku panipuan

Tah, heueuh kitu, ceuk lagu Mang Koko gé. Cacak éta ucing inguan. Komo ucing jarah. Énya ucing  kriminal nu sok ngagarong téa. Sakali mangsa mah mani asa dengdam kesumat.

Kakara pisan meuli deungeun sangu di warung Icih. Opor hayam hiji, pingpingna. Balado endog dua. Jéngkol semur sabungkus plastik sapuluh rébueun. Ukur sakiceup geus leungit. Pasti éta pagawéan ucing. Ngan ucing nu mana, teu apal. Nu jelas, urutna kapanggih di handapeun tangga loténg. Opor hayam euweuh, kari bungkusna. Endog balado euweuh, kari bungkusna. Nu nyésa mah semur jéngkol. Weuteuh kénéh ngan plastikna geus rangsak. Tah éta dengdamna téh. Sanajan enya jéngkol teu cocéng, tapi pan wadahna mah geus rangsak. Jéngkol favorit kuring kudu jadi hakaneun wadah runtah.

Saha oknumna, da ucing nu sok ngalanto téh lain hiji dua. Aya ucing bulu hiris, aya ucing orén, ucing hideung gé aya. Ucing  coréléng gé aya.

Wayah asar, jol anak ucing satilu-tilu.

“Boa ieu …,” ceuk haté ambek.

Geuwat ngajéwang sapu nyéré, jebrot dipaké ngagebug bujurna. Nu digebug mah ukur hiji, tapi nu bingbrit tiluanana.

“Tuman siah …,” cekéng téh.

Deuk téréh ka magrib, manggihan ucing coréléng ngadakom dina tangga loténg. Kakara rentang-rentang nénjo kuring ngan beretek lumpat ka luhur bari ngagerem tarik. Tapi bingbrit teu balik deui.

Saluncatna ucing nu éta haté jadi mikir. Moal mah mangkeluk bangsat opor téh ucing nu ngagerem luncat téa?

“Deuh aing geus mitenah anak ucing nu tilu kaya kieu mah …,” ceuk haté.

Ah, mun anak ucing nu tilu téa nganjang deui, kuring rék ménta hampura. Babari da minangka tanda ménta hampura mah, méré hakaneun wé.

Ngan baé sabada bujurna diceprét, anak ucing anu tilu téh tara kungsi ngalanto deui ka imah. Nu sok nganjang mayeng mah ukur indungna, nyaéta ucing warna orén téa.

Datangna sok sopan. Tara wani asup ka  jero imah, ari lain cempego di tepas mah. Kituna téh bari uluk salam uang-éong. Ngan kuring geus paham. Éta mah ukur basa-basi. Sabab tujuan utamana mah ménta sihpiwelas dibéré alas.

Bener ari saridona sapaméréanana mah. Tara sosontrol tara rorontok. Ngan éta sok gumedé olo-olo. Kahakanan anu ditampana téh pinilih pisan. Maenya geura, aya ucing néhi dialungan hulu  peda. Tong boroning hulu peda, dalah hulu pindang bandeng gé mumul. Heug mangkaning kuring mah resep kana sabangsa huhuluan téh. Hulu peda, hulu pindang, diingkeun piparagieun ari euweuh deungeunna. Ngeunah sanajan jeung sangu poé gé. Malah lamun Si Orén nolak dialungan hulu peda, kuring mah sok kasigeung. Nya kasigeungna téh da éta, hanas dibikeun ka manéhna ari pék ditolak. Padahal pan kuring mah butuh.

Ngan baé saprak anakna anu tilu tara mimilu nyaba, Si Orén téh jadi ngadadak sagala tumarima. Dialungan hulu peda ditampa. Dialungan roti teu ditampik. Ka sampeu-sampeu ayeuna mah diheungheum. Anu anéhna, ayeuna mah saban dibéré hakaneun tara dihékak di dinya, tapi digunyunyut dibawa ingkah. Enya, éta téh saban-saban.

“Ucing saha sabenerna manéhna téh, Ineu?” ceuk kuring tumanya ka incu nu cikal.

“Duka nu saha tah ucing nu sok ceceremed téh …,” témbal incu.

“Lain ucing garong nu éta. Ieu mah ucing orén téa.”

“Nu tatangga. Namung duka saha. Da apanan aya sababaraha urang anu garaduh ucing téh.”

Ku sabab teu nampa inpormasi anu akurat, atuh hiji waktu mah maké pangangguran nuturkeun ka mana éta ucing léosna.

Tétéla asupna mah ka imahna si Coan. Si Coan téh Cina balangsak. Usahana kana nyieunan kadaharan jajaneun budak. Lain nyieunan kétah da barangna mah balanja ti pasar. Meuli sukro satengah kilo, dibungkusan laleutik dina plastik. Meuli peremén satengah kilo, sarua dibungkusan laleutik da sangkan bisa dijual murah anu pangajina kahontal ku budak. Teu pati payu, sabab pan masing di lembur ogé tapi da geus loba jajanan budak buatan pabrik mah. Leuwih pikatajieun keur budak da bungkusna aralus, batan bungkung plastik buatan Si Coan mah.

Si Coan téh cicingna nunggelis. Barudakna aya tilu, geus mencar dibarawa ku salakina. Ngan sarua cenah najan dikawin ku bangsana sorangan, tapi da Cina miskin deuih.

Nu matak disebut nunggelis  téh sabab Si Coan di imah ngan sorangan. Pamajikanana si Ci Béng geus lila maot. Maotna ogé ampir jadi urusan. Kieu: Si Coan ménta idin sangkan layon pamajikanana dikurebkeun di pajaratan umum. Alesanana mah kaharti.

Kahiji makam si Ci Béng ulah jauh teuing ti imah, da pajaratan umum téh ukur saratus méter ti imahna. Kaduana, ku sabab Si Coan mah teu hirup-kumbuh jeung sasamana, atuh teu kadaftar di kelompok étnikna. Ngurebkeun di makam husus teu mampuh da waragadna mahal. Disebut maotna pamajikan Si Coan jadi urusan téh, sabab kalolobaan warga teu satuju aya layon béda agama ménta dikurebkeun di pajaratan umum bogana warga. Ngan untungna Pa RW daék dititah capé. Inyana satékah-polah ménta kawijakan ka perkumpulan éntik Cina sangkan merenahkeun layon Si Ci Béng. Alhamdulillah hasil. Résikona, Si Coan kudu boga ongkos lamun sakalina hayang nadran ka kuburan pamajikanana téh.

Sabenerna kuring mah teu wawuh bener jeung Si Coan téh. Pan Kawawuhan kuring mah ukur anu sok karumpul di masjid. Hartina,  Si Coan mah teu jadi batur sakulah-sakolih. Ongkoh manéhna ogé sok tara campur jeung tatangga.

Si Coan sabenerna mah tara nyieun perkara jeung batur. Ngan tetep wé sok jadi perkara. Contona baé, salila usum BLT, Si Coan mah tara kadaftar. Nu jadi masalah, urusan dokumen kependudukan. KTP leungit, KK leungit. Tapi nguruskeun mumul. Alesan mah euweuh waktu jeung teu boga duit jang iinditanana. Padahal, nurutkeun pasaratan, Si Coan meujeuhna nampa bantuan sosial ti pamaréntah.  Imahna ngupuk lanté taneuh. Nya mungguh di pilemburan atuh, aya kénéh imah panggung, aya kénéh imah ngupuk. Loba anu geus nampa bantuan rénovasi imah. Tapi leuwih loba deui anu acan. Nya kaasup imah Si Coan. Teuing Si Coan embung nguruskeun, teuing pangurus anu embung nguruskeun.

Basa lebaran haji bulan kamari mah, malah Si Coan geus nimbulkeun perkara deui di sasama warga. Masalahna, basa saréréa nampa jatah daging kurban, Si Coan mah henteu. Ceuk anu hiji, Idul Qurban kaasup tradisi babagi daging kurban, éta mah tradisi muslim. Tapi ceuk anu séjénna deui, tradisi babagi daging kurban, kudu dibarengan ku sipat sosial, leuwih deukeut kana urusan sosial, nyaéta nulungan jalma anu mibutuh anu sapopoéna tara ngambeu daging. Pamustunganana, dicokot kawijaksanaan siger tengah. Si Coan kakara bisa nampa jatah daging kurban lamun anu leuwih hak geus narampa.

”Ah, éta mah kasus lama Pa. Pan ti babah heula ogé saban ganti panitia kurban, saban muncul masalah éta mah,” ceuk Jang Dana.

Tah, ayeuna balik deui kana perkara kuring nutur-nutur ucing warna orén téa. Enya tétéla Si Orén katut anak-anakna anu tilu téh, cicingna mah marengan Si Coan. Atawa bisa disebutkeun Si Orén sakulawarga téh bogana Si Coan. Ngan meureun ku sabab Si Coan teu sanggup ngurus ucingna sacara bener, kapaksa si ucing téh uang-éongna di imah batur. Si Orén anu biasana séléktif kana hakaneun, ayeuna mah sagala anu dibikeun ku kuring, pasti ditampa kalawan kabingahan. Ngan ayeuna mah, hakaneun naon baé anu dibikeun ku kuring, sabenerna mah sampakeun anak-anakna anu tilu. Meureun ari barudakna mah geus dilatih sangkan sagala beuki, ulah pipilih, nu penting kadaharan.

Sabada nyaho Si Orén usaha néangan pangupajiwa téh sabenerna mah jang makayakeun anak-anakna, atuh kuring gé jadi beuki haat ngasongkeun hakaneun. Naon baé da ku Si Orén gé ayeuna mah tara ditampik.

Ngan anu kuring sok neuteuli mah, éta salakina Si Orén, bangkawarah pisan. Hobina ukur nyieunan budak bari tara ngurus. Ucing jaluna mah sasat cul léos teu tanggungjawab ka turunan.

Hiji deui anu jadi pikiraneun kuring téh. Kieu, nya. Saban poé ngajamugakeun ucing sangkan hirup waluya. Ari Si Coan diantep sina terus miskin jeung kalantar? Heueuh, asa kumaha kituh. Ucingna diurus, ari Si Coanna diantep. Tapi deuih lamun diurus duanana, meureun kuring ripuh? Beuh! ***

Sumber: Galura Edisi II Juni 2024

Aan Merdéka Permana, lahir di Bandung, 16 November 1950. Kénging penghargaan Samsoedi tahun 2009 ti Yayasan Kebudayaan Rancage kanggo karya novel Sasakala Bojongemas. Tahun 2026, anjeunna kénging Hadiah Jasa di Yayasan Kebudayaan Rancage. Penghargaan éta mangrupikeun apresiasi ka individu atanapi lembaga nu dinilai ngagaduhan jasa dina pengembangan bahasa sareng sastra daérah.

Salian ti janten sastrawan Aan Merdéka Permana kantos janten wartawan di Manglé, Sipatahunan, sareng Galura.

 

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *