BUDAYA  

Carpon Nyekar Bada Asar

Kénging Us Tiarsa R.

nyekar
Ilustrasi, (Foto: Today.line.com).

TIKTIKBREK papih téh. Saditinggalkeun ku mamih wé kituna téh. Opat kali diopnameuna ogé. Ari ceuk dokter mah, diabétna teu turun-turun. Ti keur digawe kénéh gé geus leuwih ti 200 kadar gulana téh. Sarua jeung jenatna mamih. Komo mamih mah leuwih parna, saban tilu poé sakali kudu disuntik insulin. Geus tara ku dokter atawa suster disuntik insulin téh, ku sorangan wé. Teu paur-paureun mamih mah.

Kawasna lain pédah kadar gula naék nu matak papih mindeng ka rumah sakit téh. Kagegeringan ku mamih wé, meureun. Eta wé sadugna mamih, papih mindeng pisan karugrag. Iwal ti kadar gulana naék téh, katarajang struk sagala sanajan teu parna-parna teuing. Kaluar ti rumah sakit, ukur bubulanan jagjagna téh, geus brek deui. Kréatininna naék téa, urat kajepit téa. Geus karuhan ari asam urat atawa patuangan bunghak mah. Teu kaop salah barangtuang, pudegdeg wé sampéanana téh bareuh. Ramona geuneuk semu hideung. Jajantungna gé kaganggu, kardio vaskuler. Acan ari tepi ka kudu diring atawa dibalon onaman.

Teu meunang capé teuing. Nu tadina resep pisan kana ténis jeung badminton téh, ti harita mah tara pisan ka lapang ogé. Lapang tenis nu ngahaja meunang nyieun mamih di palataran tukang villa, nganggur wé. Kitu deui lapang badminton, mindeng poék. Sasarina, boh tenis boh badminton, keur papih jagjag mah, tara towong ku nu narepak sanajan papih mah salséna téh ukur poé Saptu jeung Minggu. Sok ngahaja ngondang kleub ti jauhna. Teu beurang teu peuting, nu badminton téh ramé waé. Ari ténis mah mimindengna mamih. Méh saban poé Saptu jeung Minggu, keur jagjag mah, sok ngondang baladna papada nu resep tenis.

Ayeuna mah papih téh leuwih mindeng ngalamun. Kuring jeung Aang—kuring nyebut ka Kang Iksan téh sok Aang– teu bisa ngurus papih saban poé. Boh kuring boh Aang, paturenggang. Papada boga gawé deuih. Papih téh nyalira wé, sakapeung sok dibaturan ku Si Pégo, réncang papih jeung mamih ti baréto. Ngan kuring sakulawarga nu apal kana adat-adatan Si Pégo mah. Bubuhan ti leuleutik milu ka mamih. Purah diutah-étah, bari mimindengna mah teu pikahartieun batur, sagala rupa ku pepeta. Satia pisan, can kungsi kadéngé hayang gawé di batur. Mun euweuh Si Pégo, pareng papih katarajang galingging panas tiris, lapur moal aya nu ngaladénan. Aya supir, Mang Uju. Tapi da tara mondok. Datangna téh ari ku papih ditelepon wé, mun papih ménta dianteur ka dokter atawa ngalongok incu. Sok aya Bi Mi’ah tukang nyeuseuh jeung beberesih. Datangna dua poe sakali. Dibayarna ge poean.

Panceg sataun mamih maot téh. Teuing kumaha, meunang tilu bulan mah, bet asa aya waé mamih téh. Sagala rupa lampah paripolahna, kanyaahna, kahémanna, teu daék leungit tina haté. Paingan ceuk kolot, budak mah ulah sok lalangiran, bisi ditinggalkeun maot ku indung. Nyaan asa nyeri pisan ditinggalkeun maot ku indung mah. Paribasana, jajantung gé asa didudutan. Beuki lila, lain beuki lipur, kalah asa beuki karasa, aya nu leungit. Mun ngagugu napsu mah, hayang unggal poé cicing di makam. Tapi da teu kalis ku jarah saban usik, kanyeri téh asa kanceuh deui kanceuh deui, asa teu weléh aya nu ngagerihan haté.

Moal teu kitu, meureun papih ogé. Malah kawasna leuwih parna batan kuring. Pokna gé asa diheulang, padahal henteu ngadadak maotna mamih téh. Apan papih gé wareg ngarasanan mamih keur teu damang sakitu lilana. Mun diopname, da tara keresa mulih, tugur wé di rumah sakit. Basa geletukna mamih, papih mah kawas nu teger. Nangis, nangisna mah tapi teu kawas sorangan nu teu kuat nahan piceurikeun tepi ka sababaraha kali kapaéhan ogé. Papih mah kalah ngupahan. Kuring jeung Aang ditatangkeup diusapan. Pokna gé, karunya ka mamih, diceungceurikan waé mah.

Ari kadieunakeun papih nu enyaan kabungbulengan téh. Kuring jeung Aang mah geus rada leler, malah geus iklas mamih dipundut téh. Kari ngadoa wé saban tas solat, sangkan mamih pinarinan rahmat kubur, ditampi iman Islamna, dihapunten samukawis kalelepatanana. Kuring yakin pisan, mamih mah istri soléhah. Baris dicaangkeun kuburna. Di yaomil hisab baris lulus banglus, jadi ahli sawarga.

Papih mah geuning kawas nu seuseuiteun ka reureuhnakeun. Cul naon cul naon. Tara pisan ruang-riung jeung babaturan nu tadina sakulah-sakolih ogé. Sagala rupa téh ngan keur mamih. Rék barangtuang gé, tara elat ngajak mamih. Paribasa, hadiah ka mamih Tara kaliwat nyayagikeun sambel héjo jeung témpé mendoan, kaseneng si Jenat, cenah. Ari tuang téh papih mah sok ngarantang. Dua kali sapoé dikiriman ku katering.

Kulantaran kudu saban poé nyekar ka makam mamih, calikna ogé papih téh ngalih ka lembur. Nu biasana mah ukur Saptu jeung Minggu ayana di lembur téh. Sabulan sabada mamih tilar mah, cul imah nu deukeut kantor pausahaanana, milih calik di villa di lembur. Ka makam mamih téh kari ngaléngkah Ayana di kebon tukangeun imah, ngan kahalangan ku bénténg, ngahaja maké dora.

Salaki jeung Kang Ikhsan mah, ngeukeuhan sangkan kuring léah, mikeun papih nikah deui. Kuring keukeuh teu mikeun. Nyaan asa teu leungit-leungit kainggis, sieun papih kagoda ku awéwé séjén. Sieun tempat mamih dina manah papih, kalindih ku nu séjén. Asa teu mikeun mun papih kudu kagungan deui istri. Lain pédah kasebutna indung téré, keun wé perkara éta mah, da kuring jeung lanceuk geus kurenan, geus misah ti kolot. Ieu mah asa mangnyerikeun haté indung. Enya ari geus béda alam téa mah, geus euweuh patula-patalina mamih jeung papih téh. Tapi pan cék ustad gé, asih nu bener mah, baris terus nganteng teu kalangan ku geus misah alam.

Asih nu kitu cenah, nu baris nepungkeun deui salaki jeung pamajikan di ahérat téh. Jauh teuing kudu tepi ka dinya mah. Ieu mah nu déét wé, kuring teu panuju mun papih kudu nikah deui, kudu hirup babarengan jeung wanoja nu lain mamih. Mun aya awéwé nu ngadeukeutan papih ogé, dada téh asa nyongkab. Panas, pinuh ku rasa timburu. Mangmanaskeun mamih nu geus taya di kieuna.

Pantes, mun aya nu ngadeukeutan ogé papih mah. Umur 70 taun keur lalaki mah kaasup bisa kénéh begér. Lain pédah ceuk anakna, boga rupa papih téh. Asa piraku euweuh nu naksir, katambah-tambah, sakitu mah kaasup boga wé papih téh. Imah aya dua tiluna, mobil gé, aya tilu, taun ngora kénéh. Acan kebon jeung sawah. Saban taun meunang devidén ti pausahaan badag. Sataunna téh aya ratusna juta. Ngan nyakitu, haté kuring aya di pihak mamih.Ngabatu, cék Kang Ikhsan téa mah. Tapi da papihna ogé teu keresaeun dijangjaruhkeun ogé.Teu weléh jejebris. Pokna gé moal deuk midua haté. ”Sésa umur téh rék dibéakkeun keur ibadah jeung ngurus makam si Jenat.”

Ari ras ka papih, euweuh nu ngurus, jadi teu paruguh haté téh Kumaha mun brek teu damang wales? Di imah ukur diladénan ku Si Pégo, pangawakan lalaki bari boga katuna deuih. Sorangan jeung Aang, pimanaeun, papada boga uruseun jeung paanggang wé, teu bisa nalingakeun saban waktu. Si Aang mah ngeukeuhan sangkan mayar suster nu bisa ngurus papih beurang peuting. Papihna teu keresaeun, kararagok ari lain muhrim téh, cenah. Inggis kalah matak ngadatangkeun pitenah.

Saptu, papih ngirim ésémés ka Kang Ikhsan. Sesek, teu kaduga cengkat-cengkat acan. Rék ka rumah sakit, euweuh nu nganteur. Mang Uju aya halangan. Kuring purat-pérot meunang béja ti Aang kitu téh. Kasampak papih gulinggasahan. Ambekanana ngahégak. Mindeng, papih mah, katarajang eungap téh. Bronshitis asmatis. Teu kaop katiisan. Ongkoh, meureun, maling-maling, nyesep. Da barétona nyandu pisan kana nyesep téh. Geus leuwih ti sataun, tara ngaroko, da dicaram ku dokter. Tapi ari aya sémah nu mekel roko mah, sok pipilueun, mimitina roko téh diambung. Lila-lila mah teu kaampeuh, nyot wé. Mindeng kituna téh. Kamari gé kawasna aya kapiua ngalongok. Eta mah disebutna gé si Gombar, da kawas karéta api ududna téh. Piraku wé papih teu kabitaeun téh. Pasti nyesep. Ditanyakeun ka Si Pégo, kalah balabab-belebeb.

Salaki gura-giru néangan oksigén mini. Ari Aang, enya Kang Ikhsan, nelepon dokter kawawuhanana. Geus dioksigén mah teu sakara-kara, papih seger deui. Dokter datang gé, papih teh ukur diténsi, distétoskop, dipasang infus wéh. Dada jeung tonggongna diketrokan ku ramo. Teu nanaon, cék dokter téh, ngan kudu sayagi wé oksigén mah. Bisi sawaktu-waktu katarajang eungap deui.

Ngahaja teu buru-buru balik ti lembur téh. Aang ngajak badami, cenah. Tiluan wé ngariung téh, kuring, salaki, jeung Kang Ikhsan. Teu ninggang saminggu sakali bisa ngariung kitu téh. Papih atoheun pisan. Papih nu nelepon katering gé, ménta dikirim dahareun keur limaaneun. Si Pégo dititah meuli bungbu rujak coél ka kios Bu Oyoh di pasar. Karesep kana rujak téh. Buah kari ngala, si manalagi keur meujeuhna meuhpeuy, balingbing bangkok rantuy, jambu aér mah kari ngahilian wé ka Ma Éja peuntaseun jalan Ngahaja ceuk Aang. Papih mah teu diajak ngariung, sina kulem.

”Kari Irma nu kudu milih téh. Akang mah teu bisa mastikeun,” cék Kang Ikhsan. ”Ambéh papih aya nun ngurus, atuh urang teu marojéngja, papih téh mending sina nikah deui. Éta kahiji, nu kadua, piliheun Irma téh, kumaha mun papih urang pihapékeun di panti jompo?”

Asa teu asup kana pipikiran kuring mah, papih kudu asup panti jompo. Apan papih téh kagungan putra sadua-dua, piraku euweuh nu daék ngurus?

“Teu! Irma mah teu panuju papih kudu cicing di panti jompo.”

”Aang ngahaja datang ka panti jompo nu béda jeung ilaharna panti asuhan. Ieu mah pangeusina gé para sepuh nu lain joré-joré. Aya pangsiunan dirjén sagala. Di pantina gé teu pacampur jeung para jompo nu teu puguh kulawargana. Ieu mah kuma wé hotél. Rohanganana gé misah. Kudu mayar. Sabulan téh pangmurahna lima juta.”

”Kumaha waé ogé Irma mah teu mikeun.”

”Ari kitu mah, kumaha mun papih sina nikah deui? Urang rérémokeun ka raina mamih wé. Sina turun karanjang.Tanteu Pingkan mah pasti keresaeun. Papih gé moal teu keresaeun. Rupina gé apan sarimbag pisan jeung mamih.”

Kuring ngahuleng, ngadéngé caritaan Aang kitu téh. Duanana gé teu kapilih ku kuring mah. Cicing di panti ulah, nikah deui entong. Kuring teu panuju papih nikah ka Tanteu Pingkan téh. Ganjor teuing umurna gé, béda 30 taun. Ongkoh Tanteu Pingkan mah, randa teu kagungan putra nu hirupna kawilang jétsét. Resep pisan abring-abringan jeung géngna. Samemena ulin ka ditu ka dieu. Bali, Singapur, Bangkok téh kawas jalan ka cai. Rék iraha ngurus papih, ari kitu mah? Teu! Teu panuju papih nikah ka Tanteu Pingkan. Kuring teu mikeun sanajan papihna keresaeun ogé.

”Enya rék kumaha atuh?” Si Aang rada nyereng.

”Kumaha mun papihna wé urang taros,” cék salaki.

”Entong,” cék kuring. ”Papihna nuju teu damang.” Nolak sotéh kuring mah inggis, papih milih salah sahiji tina karep Aang. Kuma mun milih daék cicing di panti, kuring teu téga. Mun seug milih nikah jeung Tanteu Pingkan, kuring teu mikeun.

”Kieu wé ayeuna mah. Irma jeung barudak rék cicing di dieu maturan papih. Kari kumaha Kang Réza, naha ngidinan atawa henteu? Rék di dieu sakulawarga hayu. Ka kantor mah da bisa didugdag, teu pati jauh ieuh. Mun teu kitu, mangga wé Kang Réza calik di ditu, saminggu sakali ka dieu.”

Villa papih téh ublug-ablag, opat kulawarga mah asup bari laluasa.

”Teu nanaon, rido akang mah, kudu matuh di dieu ogé. Keun wé si Cikal sina nyicingan imah di ditu, ambéh teu jauh teuing sakola. Itung-itung indekos wé.”

Angger keneh geuning solehna salaki téh. Sugan téh ari geus boga anak galedé mah, luntur. Nuhun Gusti!

”Sukur ari kitu onaman, da Aang gé piraku ngantep,” ceuk Kang Ikhsan.

“Keun wé papih mah tong waka digareuwahkeun, nuju tibra pisan.”

Buah ngora gé asa amis pisan, dicoélkeun kana bungbu rujak téh. Mangkaning bungbu rujak Bu Oyoh. Lada, kuled ku gula beureum, asem jawa, dipurulukan wijén meunang nyangray. Hanjakal euweuh bangkuang, tapi da aya hui beureum. Kawasna, kabawa ku haté bungangang, rujak teh karasa pisan amis haseumna, ladana matak reumbay cimata.

Engké bada asar kuring saréréa rék nganteur papih, nyekar ka makam mamih. ***

Sumber: Majalah Mangle

Us Tiarsa R. lahir di Bandung, 1 April 1943. Kantos kenging panghargaan Hadiah Sastra Rancage 2011. Salian sastrawan, Us Tiarsa puluhan tahun janten wartawan. Ayeuna mancen tugas janten Pemimpin Redaksi Bandung TV. Anjeunna oge kantos diamanahan janten Pemimpin Redaksi Galura (Group Pikiran Rakyat) sareng Redaktur Harian Umum Pikiran Rakyat.

Respon (159)

  1. The short-deck poker game, also known as six-plus hold ’em, has gained rapid popularity in the high-stakes games through the last few years. Poker players from around the world play cash games and tournaments in the short-deck poker format. Short-deck poker is a fun alternative for Texas Hold’em as it offers a lot of action and big hands.  Short deck poker rules are to be understood and followed before diving into the game. If you play No Limit Holdem or Texas Hold’em, mastering the short-hand poker game would be easy for you. The variation in the rules makes short deck holdem a fun format where a flush can beat a full house. Just like there are different strategies for winning each game, Short Deck poker real cash game is also a game that has different strategies in the form of rankings that will be helpful to players to use as a reference and improve their gameplay over time. The rankings have been classified as best to worst:
    https://wiki-coast.win/index.php?title=Las_vegas_slots_online_free
    Replay Poker is a free-to-play poker site with a live and vibrant community. It offers players a chance to learn several poker variants and improve their game in a safe and secure environment. No cash deposit is necessary for playing on Replay Poker. Content on pokerfuse may contain affiliate links to legal regulated online gaming providers. When you use the affiliate links on our site, we may earn an affiliate commission. Paste your hand history Discuss both online and live cash game poker strategy for Texas Hold’em poker games, Omaha, Stud etc here Contact Golf Replay Poker offers free poker online in a package that very much resembles the world’s top real-money poker sites. The platform features a variety of “cash game” stakes that allows you to practice your bankroll management skills, with the site’s most skilled players awaiting at the top tiers of the play-money cash game ladder.

  2. 10bet Casino No Deposit Bonus Codes For Free Spins 2024 Picture this: You’re exploring the Scottish Highlands or waiting for your train in London, and you’ve got the excitement of online casinos in your pocket. Thanks to mobile-friendly online casinos offering 100 free spins with no deposit required, you can dive into the thrill of gaming wherever you are in the UK. Whether you’re chilling in Wales or out in Manchester, these casinos bring the fun right to you. It’s no secret that no deposit bonuses are mainly for new players. However, some real money and no deposit sweepstakes casino sites offer special no deposit bonuses for their existing players. Usually these are sent via email to players who’ve been idle for a while as an incentive to come back to the casino. Another way for existing players to take part of no deposit bonuses is by downloading the casino app or signing up to the mobile casino.
    https://directoryrelt.com/listings419438/best-online-casino-for-australian-players
    WinStar Casino is known for its variety of casino game options, and Mini Baccarat is a standout among its extensive offerings. The Mini Baccarat tables are located at Beijing Gaming Plaza, offering an exciting setting for players. Whether you’re a regular visitor to the casino or trying it out for the first time, you’ll find plenty of excitement at the Mini Baccarat tables. The cards are taken from the shoe by the dealer. Two cards referred to as “the player’s hand”, are extended to the player’s side and two cards are dealt to the banker’s side. The dealer announces the point counts. If either hand has a point count of eight (8) or nine (9), it is a natural and no additional cards are drawn. If neither hand has a natural, an additional card is drawn face up for the player’s and banker’s hand based on the hit stand rules. The hand with a point count closest to nine wins. If both hands total the same number, it is a tie. 

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *