BUDAYA  

Carpon Jajap Nu Mulang

Kénging Usép Romli HM

ideologi 980x400 1
Ilustrasi, (Foto: Infokekinian.com).

TEU burung datang nu lila didagoan téh. Layon Obin ti Bandung. Dibawa kana ambulan. Sora héong sirineu geus kadéngé ti kajauhan. Blus ka jalan pilemburan. Heureut. Ukur asup samobileun. Bari garenjul ku batu. Leuheung usum halodo. Mun usum hujan nyeblok. Pinuh ku leutak.

Beuki tarik sora sirineu. Komo lebah tanjakan. Sora nu nambang kana lamping kénca katuhu, lir janeritkeun hariring peurih nu lila kapendem satukangeun lulurung waktu.

Tapi éta mah ngan rarasaan Apin sorangan, nu harita milu mapag di sisi jalan. Bareng jeung urang lembur séjénna. Réréana dulur baraya Obin nu kaamanatan ngurus layon. Pikeun Apin, datangna Obin nu geus ngababatang satukangeun boéh, asa nyabit-nyabit tatu nu geus lawas lipur. Tatu nu kungsi gudawang opat puluh lima taun katukang.

“Saha nu hayangeun Obin dikurebkeun di dieu?” Nurdin, batur sakulah-sakolih Apin, nanya semu panasaran.

Apin ukur ngajawab ku gideug. Kawas nu embung kaganggu, duméh pipikiranana keur kumalayang ka mangsa-mangsa ka tukang. Sanajan geus maot, Obin asa ngingetan Apin pikeun éling kana bingbilangan umur.

“Sabaraha taun umur, Jang?” opat puluh tujuh taun ka tukang. Obin kungsi nanya. Dibarung nyéréngéh, rada nyengir sautik. Nepi ka tembong huntu carahemna nu dilapisan pérak.

Saenggeus ngahuleng sakeudeung, Apin nembalan, “Tilu belas taun.”

“Tilu belas? Akang dua lima. Béda dua belas taun,” Obid nyéréngéh deui, kawas hayang nembongkeun huntu pérakna.

Dua lima tambah opat tujuh, harita nepi ka maot téh, umur Obin tujuh puluh dua taun. Apin genep puluh taun.

“Geus papada kolot,” Apin ngagerendeng. Bareng jeung anjogna ambulan. Jalma-jalma pahibut. Rék milu ngagotong layon. Patugas ambulan mukakeun lawang tukang. Metot brangkar sina nolol gagangna. Ku duaan, urang lembur nu geus pangdeukeutna kadinya, dibetot deui. Duaan asup ka jero.

“Siap?” cék nu ti luar.

“Siap!” jawab nu ti jero.

Regeyeng gotongan layon dijungjungkeun.

“Ka mana ieu téh?”

“Ka masjid jami wé,” salah saurang dulur Obin némbalan. “Da geus dimandian, diboéhan. Tinggal nyalatkeun.”

Haté Apin ngageter. Uteukna pinuh ku rupa-rupa wangwangan ka jenatna Obin.

“Tungtungna mah teu burung asup ka masjid. Teu burung disalatkeun, da basa lahir dina kaayaan Islam. Naha keur hirupna kungsi Islam, jeung maotna Islam? Tapi salila mangsa opat puluh tujuh taun, bisa jadi Obin ngalaman parobahan kajiwaan.”

Sanajan geus liwat opat puluh tujuh taun basa mimiti pisan tepung jeung Obin, Apin inget kénéh pisan. Umur dua puluh lima pikeun Obin harita, kacida pisan hargaanana. Manéhna nyicingan imah panggung ukuran sedeng, sisi susukan irigasi. Pamajikanana, tara ka mamana. Béda jeung kabiasaan awéwé pilemburan, nu sok indit ka sawah ka kebon. Jongjon baé ngasuh budak umur tilu taunan. Keur meujeuhna pikalucueun. Bohono donto. Mun keur kikilitikan, ku Apin sok dijéwang. Dicium pipina nu tembem. Najan semu-semu hanyir jeung basuh ku aday, teu jarijipen teu sing. Geugeut wé nu aya.

Imah téh pagigir-gigir jeung tajug. Émpérna, dipasangan ontob. Di dinya Obin muka tempat cukur. Atuh mindeng kaseudeuhan ku nu lalar-liwat. Pangpangna lalaki nu rék ka carai. Ngadon niiskeun heula awak, dina bangku awi nu ngahaja dipasangan dina sisi émpér kénca-katuhu. Boh nu rék dicukur, boh sakur milu ngawangkong, mindeng ngagelek.

Kawilang mindeng Apin datang ka tempat pangcukuran téh. Diuk dina bangku awi salila-lia. Sakapeung ngahaja dicukur mun buukna geus rogok pisan. Mimindengna mah ngadon milu maca. Sanajan hirup di pilemburan, jeung ukur gawé nyukur nu hasilna teu sabaraha, di imah Obin téh réa bacaeun. Buku, suratkabar, majalah. Buku-bukuna dijréngjéngkeun dina méja tengah imah. Suratkabar jeung majalah mah, dibarakkeun dina erak panyukuran. Mun Apin datang, geus hideng deui Obin ngasongkeun suratkabar atawa majalah nu kasebut anyar kénéh.

“Ngahaja ti Bandung kamari, Akang mawa majalah jeung suratkabar anyar bacaeun Jang Apin,” kawas sasari Obin nyéréngéh. Nembongkeun huntu caréham ngaborélak warna pérak.

Unggal poé Jumaah Obin sok indit ka Bandung. Balik-balik Saptu sore atawa Minggu pabeubeurang. Nepi ka tara kungsi kapanggih jumaahan di lembur. Ti barang datang sapiri umpi, kurang leuwih dua taun, tacan sakali-kali acan Obin salat jumaah di lembur. Da sok nyaba téa. Ku dulur-dulur jeung barayana sok diaromongkeun, Pajah téh, ngeunah Obin mah, digawéna saminggu sakali. Unggal jumaah. Tapi teu kungsi nyarahoeun, gawé naon sabenerna.

Apin gé teu kungsi tatanya, gawé naon Obin unggal jumaah di Bandung. Nu sok ditanyakeun téh, ukur aya euweuhna koran atawa majalah anyar. Ku Obin salawasna dijawab, aya. Nu matak, unggal poé Minggu pasosoré, Apin sok ngahajakeun datang. Ngadekul maca bari sidéngdang dina bangku awi. Teu maliré Obin keur nyukuran batur, atawa pamajikanana cilingcingcat ti imah ka luar, atawa sabalikna, bari ngéngéngklék budak. Keur anteng maca mah, Apin gé teu hayang pangangguran nyium pipi budak nu tembem, sanajan budakna ngaléndotan kana suku ogé.

“Jang Apin mah resep maca, nya?” Obin ngebing-ngebing lawon paranti nutupan awak nu keur dicukur tina lawang ontob.

“Resep, Kang,” Apin ngarérét sakeudeung. Gancang neruskeun deui hanca.

“Aya perpustakaan di sakola?” Obin nanya deui. Gék diuk dina korsi paranti nyukur. Cekés, cekés, ngahurungkeun bénsin. Nyeungeut udud pahpir nu tadi geus dijieun, tapi karék kaburu dikenyot saenggeus bérés nyukur.

“Aya gé kurat-karét. Ukur sababaraha judul buku.”

“Boa pepek kénéh nu Akang, nya,” Obin nyéréngéh. Némbongkeun huntu caréham pérak.

“Rupina mah. Nu Akang, buku-buku naon baé?” Apin panasaran. Najan mindeng milu maca suratkabar jeung majalah di dinya, tacan kungsi dibéré nginjeum maca buku mah.

“Rupa-rupa wé, Jang. Sastra, kabudayaan, politik, élmu pangaweruh. Sabaraha taun umur téh, Jang?”

“Tilu belas.”

“Akang dua lima. Béda dua belas taun. Ceuk aturan mah, karék meunang maca buku-buku sastra, pangpangna roman, lamun geus tujuh belas taun.”

“Opat taun deui atuh?” Apin kerung.

“Nya kitu, lah. Geus di SMA. Ayeuna Apin kelas hiji SMP?”

“Kelas dua.”

“Tapi da di kampung. Hésé bacaeun. Kawasna meunang budak kelas dua SMP maca buku-buku roman atawa politik, ari jang Apin daék mah,” Obin ngojéngkang ka jero imah.

Puguh wé Apin giak. Diasongan buku Tenggelamnya Kapal van der Wijck karangan Hamka jeung Subuh karangan Pramudya Ananta Toer.

“Baca ka dieu wé, satamatna nepi ka iraha. Ulah dibawa mulang”

“Naha?” Apin ngajenghok.

“Dibawa mulang mah sarua jeung nginjeumkeun”

“Naha ari nginjeumkeun, ulah kitu, Kang?”

“Ulah pisan. Sabab, jalma nu nginjeumkeun buku sarua jeung belegug.”

“Kutan?”

“Leuwih belegug deui, jalma nu mulangkeun buku beunang nginjeum.”

Apin nyalakatak. Obin neruskeun caritana.

“Nu matak langka jalma mulangkeun buku meunang nginjeum da sieun dianggap belegug mun nginjeumkeun buku ka jang Apin.”

Jadi unggal poé, Apin idek liher di émpér imah Obin. Namatkeun buku Hamka jeung Pramudya, saminggu campleng. Ti barang balik sakola, nepi ka liwat asar. Salat lohor jeung asar gé di tajug gigireun imah Obin wé. Sakapeung sok diajak dahar. Karasa daréhdéh soméahna salaki-pamajikan téh. Budakna gé milu apét. Geus teu asa-asa nirilik mapagkeun mun nénjo Apin datang. Hayang dirawu dipangku. Hayang dicelengok pipina nu tembem semu baseuh jeung hanyir. Geus rada capétang nyarita deuih. Mindeng ngaganggu kaantengan maca ku pertanyaan-pertanyaan nu teu pikahartieun. Sok gancang dicokot ku Indungna, atawa ku bapana bari diomonganan.

“Ulah ngaganggu Mamang Apin. Keur maca.”

Tamat Hamka jeung Pramudya, réa deui buku séjén nu kapapay kabaca. Henteu kudu ngadagoan deui. Obin ngahempékkeun milih sorangan.

“Resep kana politik, Jang?” Obin nanya, biasa bari nyéréngéh, barang nénjo Apin muka-muka buku “Doktrin Politik” susunan Comite Central Partai Komunis Indonesia, nu jilidna beureum. Maké gambar “Palu Arit”.

“Ah, hayang terang wé, Kang,” jawab Apin bari pipikiranana ngabanding-bandingkeun jeung buku nu kungsi katénjo dina méja bapana. Buku nu jilidna héjo, make gambar “Bulan Béntang”. Bapana nyaram. Ngajéwang éta buku. Bus kana laci. Jeprét dikonci. Apin teu ngarti, naha bapana kawas nu ulah kailuan maca. Béda jeung Obin nu terus-terusan méré sumanget sangkan réa maca.


Sataun kalarung. Biasa, minggu pasosoré, Apin keur jongjon maca di émpér panyukuran imah Obin. Suratkabar “Warta Bandung” jeung “Harian Rakyat” nu medal tilu opat poé saméméhna, geus réngsé dipapay. Obin ngasongkeun suratkabar “Warta Bhakti”.

“Tah, Jang kitu geuning kabuktianana mah,” Obin nyarita daria.

“Naon, Kang?”

“Éta roman karya Hamka nu dipikaresep ku Ujang téa?”

“Tenggelamnya kapal van der Wijck?”

“Enya. Sihoréng meunang niron éta téh geuning…!”

“Kutan?”

Tacan béak kahéran Apin, Obin nuduhkeun tulisan dina rubrik “Lentéra” suratkabar “Warta Bhakti”. Di dinya aya tulisan Abdullah Said Patmaji nu nétélakeun yén buku Tenggelamnya Kapal van der Wijck karya Hamka, mangrupa plagiat tina roman Magdaléna karya pangarang Mesir, Luthfi al- Manfaluthi.

Balik ka imah, Apin gancang cacarita ka bapana ngeunaan pamanggihna bieu. Wani jeung daék sotéh cacarita, lantaran Apin nyaho, bapana sok katénjo macaan karangan-karangan Hamka. Nu kungsi kapanggih, bapana anteng pisan maca buku “Bohong di Dunia”. Mun tas dibaca buku téh gancang disumputkeun.

Bari rada nyureng, bapana ngaenyakeun.

“Pagawéan jalma nu ngéwa ka Hamka jeung ka Umat Islam éta mah,” jawab bapana tandes.

Hanjakal ogé Apin enggeusna mah. Sabab isukna basa rék indit ka imah Obin, bapana nyalukan.

“Ulah idek liher teuing jeung si Obin!”

“Naha?”

“Kominis si éta mah.”

Sakitu-kituna. Taya penjelasan nanaon deui. Nambah panasaran dina diri Apin.

Tapi teu dipaliré. Angger baé datang. Babakuna kataji ku bacaeun. Lantaran geus omhang, selang-selang tina maca téh, basa tempat panyukuran geus suwung, jeung Obin katingal salsé, Apin lah-lahan tumanya.

“Kang, ari Akang muhun kominis?”

“Ari kitu?” Obin nyéréngéh. Némbongkeun huntu caréham pérak. Cirining keur lugina.

“Ah. Henteu. Aya wé nu nyarios.”

“Mun enya rék kumaha, mun henteu rék kumaha?” Obin nyéréngéh dui. Malah dituluykeun ku ngahahah.

“Moal kukumaha. Rék angger wé milu maca.”

“Alus, Jang,” Obin nepakan taktak Apin. “Kudu kitu tah. Boga jiwa progrésip revolusionér. Henteu heureut deuleu jeung sumpek pamadegan. Enya, ku urang dieu Akang dianggap kominis. Pédah tara salat. Ka tajug tara, salat lima waktu unggal poé tara, jumaahan ka masjid jami tara. Da enya akang mah kominis. Anggota partéy. Malah jadi anggota pengurus “Pemuda Rakyat” di Bandung.”

Karék harita Obin terus terang. Tapi teu matak ngarobah sikep Apin. Malah beuki osog kana maca. Komo geus ku Obin dibébaskeun maca naon baé, jeung meunang mawa buku nu can tamat dibaca dibawa ka imah.

“Sajaba ti réa maca, urang kudu bisa nulis. Nulis naon baé nu aya dina kereteg haté jeung pikiran urang,” cék Obin hiji poé, bari némbongkeun suratkabar mingguan nu dieusi tulisan ngeunaan kahirupan di pakampungan. Nu nulisna Obin.

“Akang gé sok ngarang?” Apin rada colohok.

“Pasti atuh. Apan kudu téa. Kudu maca, kudu nulis. Pikeun ngabuktikeun diri urang téh aya. Lain ukur aya ku jentul wungkul. Tapi ku karya. Ku kabisa nu katangar ku balaréa. Carana, nulis dina suratkabar, majalah, atawa buku. Ujang hayang jadi pangarang? Hayang jadi wartawan?”

Apin unggeuk. Obin asup ka kamarna. Teu lila kaluar deui. Mawa dua buku. Nu kahiji Dunia Jurnalistik karya Jawoto. Nu hiji deui Salam dari Kawan Mao. Song ka Apin bari nerangkeun pinuh kareueus:

“Jawoto téh wartawan kahot. Ayeuna Kepala Lembaga Kantor Berita ‘Antara’ di Jakarta. Sakeudeung deui rék diangkat jadi duta besar di Tiongkok. Ari Mao téh, Mao Tse Tsung, pamingpin kominis Tiongkok. Duanana barisa ngarang, nulis gagasan-gagasan, di sagigireun pinter nyarita dina podium-podium rapat raksasa.”

Buku ditampanan, bari ménta idin rék dibawa ka imah. Obin nyaluyuan.

Sajajalan muru balik ka imahna—rada anggang ti imah Obin, misah lembur tapi natangga kénéh—. Uteuk Apin asa mepeg. Hémeng ku rupa-rupa hal. Naha bapana, nu saimah sagulung-sagalang, henteu brukbrak. Mun teu penting-penting teuing, ngobrol gé langka. Ari Obin mani sagala dijéntrékeun. Kepi ka kayakinanana ogé dibalakakeun. Teu lebar ku kaboga deuih. Buku, majalah, suratkabar, teu diempét-empét dikokorét. Malah dibukbrakeun.

Loba méré béja anyar jeung pararenting deuih. Pangpangna dina ngeunaan kamekaran kabudayaan jeung kasusastraan. Apin jadi wanoh pisan ka Obin ngaliwatan karangan-karanganana nu jadi mindeng kabaca. Boh artikel, sajak, carita, boh bahasan. Obin némbongkeun raga katineung anu gedé pisan kana karaharjaan rahayat. Dina hiji tulisanana Obin ngungkab nasib rahayat di pasisian nu hirupna koréh-koréh cok. Réa nu dahar sore, henteu isuk. Padahal di sisi-sisi lemburna ngaplak lega pasawahan. Subur tur mucekil. Saban panén ngahasilkeun pare mangketon-keton. Tapi rahayat mah ukur kahieuman bangkong. Da nu baroga éta sawah ayana di kota. Atawa aya ogé di désa, ngan kumed, pedit. Teu daék babagi kalawan adil. Ukur méré garapan nengah mertelu nu leuwih matak ripuh patani tinimbang nu bogana.

“Ieu nu disebut ‘setan désa’ bungkeuleukan. Guntayangan nyerot getih rahayat. Ieu nu kudu dibabad dibasmi, sangkan rahayat bagja raharja. Bébas tina panandasa para juragan tanah. Ieu nu kudu diléléd ku révolusi sosialis. Révolusi rahayat leutik, kawas révolusi Bolsjewik di Rusia!” kitu eusi tulisan Obin dina hiji suratkabar mingguan wedalan Jakarta, nu kungsi kabaca ku Apin. Nu ngajurung sumanget Apin pikeun bisa nulis kawas kitu.

Béda ti sasari, hiji poé bapana nyalukan. Ngajak nyarita daria.

“Ari manéh getol-getol teuing macaan buku kominis. Ti Obin?”

Apin unggeuk. Moal bisa ngahélah, sabab bapana geus nyekel buku Salam dari Kawan Mao nu karék kabaca dua lambar kamari.

“Pulangkeun gancang. Mun hayang maca, bacaan buku-buku bapa nu aya dina peti. Pék ludang tuh dina peti. Tah koncina.”

Geus bapana ngaléos, indit méré pangajian partéy “Nahdlatul Ulama” di désa séjén, Apin gancang ngagusur peti di goah padaringan. Mani pinuh ku kebul, tapi eusina mah beresih kénéh. Bangsaning buku jeung majalah Islam. Di antarana beundeul majalah “Al-Imtsal” wedalan Tasikmalaya, beundeul majalah “Al-Hikmah” wedalan Masumi, jeung réa-réa deui buku karangan para kekentong Masyumi.

Teu apal pisan Apin ogé. Ukur sasangkaanana dumasar kana ingetan jeung béja hawar-hawar. Baréto inget-inget poho, ku bapana kungsi digandong ka alun-alun kacamatan. Nyaksian kampanyeu “Masyumi”. Nu pidatona Isa Ansyori, jeung “Ajengan Cilik”. Saenggeus “Masyumi” dilarang ku pamaréntah Sukarno—basa Apin karék asup ka SMP taun 1960—bapana aktip di NU. Malah jadi pangurusana di kacamatan.

“Mun ti baréto nitah macaan buku téh. Ari geus dibaladah ku Obin kakarék engeuh,” Apin rada kukulutus. Tapi bungah ogé meunang idin muka peti jeung ngamangpaatkeun eusina. Hartina beuki réa bacaan, jeung lain ti sapihak.

Geus aya bacaan di imah mah, ka Obin teu noron teuing. Heuleut tilu atawa opat poé. Mulangkeun bari nginjeum deui buku anyar. Geus ningkat deui obrolan gé. Henteu ukur tukang narima béja wungkul. Tapi bisa méré béja, nu engkéna bakal dipadungdegkeun jeung Obin.

“Naha ari sakur kominis kudu athéis. Teu percaya ka Gusti Alloh?” Apin nyoba-nyoba ngasongkeun masalah ka Obin. Pertanyaan meunang nyutat tina buku ipis “Hati-Hati Terhadap Ideologi Komunis” wedalan “Front Anti Komunis” Jawa Barat 1954.

Saperti biasa Obin nyéréngéh. Némbongkeun huntu caréham pérak. Terus ngajawab kalem pisan.

“Ah, henteu. Aya nu kominis tapi teu athéis. Kitu deui, aya nu athéis, tapi lain kominis.”

“Ari Akang?” Apin semu panasaran.

“Lantaran Akang mah hayang jadi kominis saéstuna, nya Akang mah athéis wé. Nu matak tara salat ogé. Ieu nembongkeun sikep jujur. Henteu munapék atawa lolondokan.”

“Jujur?” Apin kerung.

“Tangtu, jujur. Sabab dina kahirupan mah, Jang, ukur aya dua pilihan. Halal-haram. Salah-bener. Jujur-hianat. Munapék, hipokrit, mangrupa sikep jahat pisan. Leuwih jahat batan hianat. Tah Akang mah hayang jujur. Embung munapék atawa hianat. Akang komunis. Risikona Akang kudu athéis. Kudu kapir. Teu ngigama jeung teu boga agama. Sabab dina Islam ogé, ukur aya dua pilihan. Falyu’min awu falyakfur . Iman atawa kapir.

“Lantaran Akang kominis, teu iman, Akang kudu kapir. Kudu athéis,” Obin nerangkeun bari terus nyéréngéh. Huntu pérakna beuki katémbong boborélakan.

“Hébat, Kang!” Apin muji.

“Akang embung jiga karéréaan umat Islam,” Obin neruskeun kalawan tatag. “Ngaku Muslim, ngaku iman, tapi teu panceg kamusliman jeung kaimanana. Isuk-isuk iman, sore kapir. Peuting tahajud, ti beurang nganiaya rahayat. Réa babaturan Akang ngaraku Islam. Tapi tara salat, tara jumaah, puasa gé tara. Réa nu ngaku Kristen, ka geréja tara nincak-nincak acan. Akang kataji ku kominis, ku PKI, lantaran jalma-jalmana jalujur. Maranéhna athéis. Kapir. Atuh tara salat, tara puasa, tara ngalakonan ritual ibadah. Cirining jujur étah.”

Ngabandungan logika nu diasorkeun ku Obin, Apin kataji. Sanajan nolak kana bebeneranana. Sajajalan muru balik, haténa nganuhunkeun ka bapana nu geus ngeuyeuban pangaweruhna ku cara méré bahan bacaan nu béda tina bacaan-bacaan Obin.


Geus lulus SMP, Apin neruskeun ka sakola guru di Garut. Milu ilubiung dina rupa-rupa kagiatan, kaasup politik jeung kabudayaan. Jeung Obin mineng panggih lamun kabeneran di Garut aya kagiatan kabudayaan nu diluluguan ku Lembaga Kebudayaan Rakyat (Lékra). Obin teu weleh ngajak hadir. Sanajan réa kader-kader PKI, pangpangna “Pemuda Rakyat” jeung “IPPI” (Ikatan Pemuda Pelajar Indonesia) nu tingdarilak jeung tingharéwos mun nénjo Apin milu pajemuhan kaum kominis, teu dipaliré. Asa dijamin ku Obin nu tétéla di lingkungan éta mah, lain si itu di eta. Kungsi aya budak IPPI ngaharéwos tarik ka Obin, yén Apin mah aktivis Gerakan Pemuda Anshor, murid KH Anwar Musaddad, naha bet disina aub kana kagiatan PKI?”

“Di luar GP Anshor sotéh. Di dieu maha “kawan”, nya Jang?”

Obin malik. Biasa dibarung nyéréngéh. Nu ngaharéwos tadi. Teu ngemék deui.

Terus terang Apin kataji ku cara kagiatan urang kominis nu teu panta-panta. Harita nyaksian, anggota Lékra ti pasisian Garut Kidul, meunang kasempetan cacarita hareupeun gegeden Lékra ti Jakarta, Hesri Setiawan jeung Hr. Bandaharo nu geus kasebut sastrawan hébat. Tulisan-tulisanana réa kabaca ku Apin. Ampir unggal poé aya dina suratkabar “Harian Rakyat”, “Warta Bhakti”, majalah “Zaman Baru” jeung sajabana. Éstuning produktip pisan. Éta urang pakidulan Garut téh, cukup ku nyebut “Kawan Hésri”, “Kawan Bandaharo”. Teu kurang teu leuwih. Atuh Hésri jeung Bandaharo teu asa diunghak. Malah leleb pisan nyebut “Kawan pedésaan” ka anggota Lékra nu aktip dina seni réog téh.

Hiji hal nu teu kapanggih ku Apin dina lingkungan partéy Islam. NU cacarita téh para kiyayi jeung pangurus wungkul. Anggota kuricakan samodél Apin mah, nu kasebut budak kénéh téh, ti awal nepi ka ahir, ukur semet ngeluk ngabandungan. Kungsi Apin usul ka salah saurang kekentong partéy Islam Jawa Barat, sangkan para mustami nu ngarora kénéh, dibéré kasempetan ngaluarkeun pamanggih di hareupeun forum, kawas nu sok kapanggih di lingkungan PKI.

Ngajawabna singget pisan, “Justru di didinya bédana partéy Islam jeung PKI.”

Keur kelas dua Apin téh, basa kajadian reuwah-reuweuh Gerakan 30 Séptémber di Jakarta, nu diluluguan PKI sabalad-balad. Inggeungna karasa ka sakuliah naraga. Kaasup ka padésaan-padésaan.

Ti bapana, Apin meunang béja, yén di Pasir Geulis kapanggih lombang badag anyar meunang ngali. Ditalungtik, aya nu ngaku, cenah diparéntah ku Kuwu Samad. Geus kitu mah teu hésé matula-matalikeun. Apan Kuwu Samad téh PKI. Sarua jeung Obin. Sarua jeung Hunang, jeung Ajut, nu sok ngaréog jeung nyalung.

Teu reuwas teu sing meunang béja kitu téh. Dina suratkabar gé kabaca. Ti mimiti jéndral-jéndral diculik terus dipaéhan di Lubang Buaya. Mayitna digebruskeun ka sumur. Béja ngeunaan kakacowan pamaréntahan deuih. Bung karno ngungsi ka Halim Perdanakusumah. Mayor Jéndral Soeharto, Panglima Kostrad tandang makalangan ngababad karaman.

Sabulan tas kajadian, Apin teu ngahaja panggih jeung Obin di péngkolan. Awakna begang. Seurina henteu suranyeh. Malah diajak nyarita, biwirna semu-semu balem. Nepi ka teu katémbong naha dina huntu caréhamna aya kénéh lapis pérak atawa geus euweuh.

“Akang mah keur tunggara,” Obin semu ngalengis. Matak water nu ngadéngé.

“Abdi ngama’lum, Kang. Sing Atos-atos wé,” Apin ngupahan. Ras inget ka budakna. Nu pipina tembem. Nu baseuh jeung semu hanyir. Meureun geus lima taunan. Téréh disakolakeun.

Bisa disebut tepung panungtungan. Sabab saminggu ti harita, Apin kadatangan bapana nu tas rapat di kantor NU Garut.

“Imah Obin diduruk,” béja pangheulana nu katarima, matak ngajewaw.

“Kumaha buku-bukuna?” ujug-ujug éta nu dipikainget ku Apin.

“Lapur teu nyésa. Malah tajug gé milu kaduruk.”

“Ari Obin?”

“Salamet. Da didurukna peuting. Isuk-isuk Obin ditéwak. Dibawa ka kodim. Anak pamajikanana mah diungsikeun ka imah dulur-dulurna.”

Nyoba-nyoba Apin datang ka kantor kodim. Hayang ngalongok. Tapi ku nu jaga dilarang. Sakur tahanan anyar anggota PKI, masih kénéh diisolasi. Tacan didaptar saha-sahana jeung ti mana-manana. Jadi hésé néanganana.

“Jeung kudu ati-ati, ulah dapon hayang tepung,” kopral patugas jaga ngingetan. Bisi hayoh énté kabawa di-pé-ka-i-keun. Daék?”

Apin nu harita mamaké jakét KAPI—Kesatuan Aksi Pelajar Indonesia—gideug. Haténa murengked. Kawanina pétot. Gura-giru kaluar ti buruan kantor Kodim. Muru pos komando nu jadi panonoban anyar salila kaayaan gunjang-ganjing.

Pleng les teu aya béja teu aya carita. Basa meneran balik, ngalanglang ka urut imah Obin. Tinggal ruruntuk sésa ngahuru. Kabéh geus rénghék géhéng. Nu gampil kateureuy seuneu, tinggal kekebul mangrupa lebu hideung. Meureun pasésaan buku-buku , suratkabar, jeung majalah bogana Obin. Kacipta ku Apin, sut hurung téh enyaan. Asa disuluhan ku keretas.

Tajug gigireun imah Obin milu kaduruk. Bubuhan kawilang antel pisan. Ceuk Mujab, babaturan Apin nu nyaksian éta kajadian, tajug mah teu tuah teu dosa. Bet angger kababawa.

“Imah katut eusina sapuratina ogé teu dosa. Mun rék disebut dosa, meureun Obin sorangan, da manéhna nu jadi kominis. Naha mani kudu jeung imahna disina ledis?” Apin ngaheruk.

Teu nyaho urang mah. Sakabéh urang dieu gé teu nyaho. Ujug-ujug datang saabrulan jalma. Bada Isa harita téh. Tinggorowok “ganyang PKI, ganyang PKI”. Gur baé imah Obin. Imah Kuwu Samad sarua. Ngan imah Hunang jeung Ajut nu henteu téh. Bubuhan ukur kominis pepetékna meureun.

“Urang dieu teu nyaho, komo urang jauh, teu nyaho pisan. Naha wani-wani ngaduruk nya? Lain nanaon urang mah, euy. Kahayang téh ulah dapon émosi. Keun wé imah jeung eusina mah, teu kudu digunasika. Cukup ku jelemana, nu kuminisna, ditéwak.”

“Teuing atuh. Pédah usum dudurukan wé meureun. Ilu-iluan.”

Nepi ka opat puluh dua taun pleng les. Apin ukur meunang béja saliwat-saliwat. Cenah, Obin dipindahkeun ka panjara Kebon Waru. Ti dinya ka Nusa Kambangan. Terus ka Pulo Buru.

Aya deui béja kamari. Di pangjumaahan. Yén Obin gering ripuh di Bandung. Keukeuh meredih, mun puput umur hayang dikubur di lembur. Aya titahan kulawargana datang ka Ajengan Muhlas. Nyaritakeun kahayang nu keur nyanghareupan ajal.

“Ari Emang mah, pék téh teuing. Dikubur di mana-mana ogé, sarua jalma mah. Nu béda téh amal-amalanana di dunya, nu baris kabawa ka alam nu bakal datang,” putusan Ajengan Muhlas nu jadi cecekelan kulawarga Obin.

Ayeuna layon datang. Apin milu mapag. Mun bisa hayang muka heula boéhna lebah beungeut. Hayang nyaho rurupaan pamungkas Obin nu kungsi sagulung-sagalang opat puluh tujuh taun ka tukang. Dina henteuna rék milu nyalatan. Sanajan kungsi apal, yén Obin ngaku kapir. Ngaku athéis. Piraku sugan dina mangsa ampir satengah abad, tur ngalaman rupa-rupa pait peuheur kahirupan nu pangpait-paitna jeung pangpeuheur-peuheurna, taya parobahan pamadegan jeung pamanggih. Bari Obin mah ukur saurang pribadi. Sajarah geus ngabuktikeun, kominis nu mangrupa ideologi internasional, jadi anutan nagara jeung bangsa, bisa runtag sapisan. Bangsa-bangsa jeung nagara-nagara kominis réa nu ancur lebur. Uni soviet, Yugoslavia, Jerman Wetan, Rumania, Hungaria, jeung sajabana. Komo deui ukur sadirieun Obin nu geus kaluar asup panjara, pangbuangan, terus hirup deui di pakumbuhan nu geus barobah ku perjalanan jaman.

Ti sisi jalan, layon digotong ka masjid jami. Patempatan nu baréto teu weléh disingjahan ku Obin. Sabab unggal poé Jumaah, manéhna indit waé ka Bandung. Apin apal pisan. Sabab kungsi jadi tukang ngarep-ngarep sangkan Obin gancang mulang poé Saptu atawa Minggu. Hayang geura moro oléh-oléhna. Suratkabar, majalah atawa buku bacaeun anyar.

Datang deui mobil séjén. Sababaraha urang turun. Aya nini-nini kolot. Aya awéwé tengah tuwuh umur lima puluhan. Apin geus teg. Nini-nini kolot, moal salah pamajikan Obin. Ari nu tengah tuwuh, anakna, nu baréto bohono, pipina tembem, baseuh ku aday jeung semu hanyir ari dicium. Ayeuna jiga geus dituturkeun ku incu-incuna. Aya nu bohono di antaranana. Ngan pipina beresih hadé urus. Henteu baseuh ku aday jeung moal semu hanyir. Malum hirup di kota.

Teu lila di masjid téh. Layon gancang dibawa ka pakuburan nu geus réngsé dikali ti tadi. Bada ngurebkeun, Apin teu buru-buru balik. Ngahaja mandeurikeun manéh. Itung-itung jarah sakalian tafakur. Neuteup hiji-hiji tutunggul perentul. Neuteup patempatan nu isuk pagéto jaganing jaga, baris jadi panonoban dirina.

“Kitu gé lamun ku Gusti Alloh ditakdirkeun maot di dieu, di lembur, tur aya kasempetan dikubur di dieu. Kawas Obin. Nganclang ka mamana dina kaayaan nandangan lara tunggara, jasadna bisa kénéh mulang ka sarakan baligeusan,” Apin ngaheneng. Rét ka kuburan anyar nu dieusi layon Obin. Nu opat puluh dua taun katukang kungsi nyarita yakin pisan. Yén hirup di dunya mah ukur dua pilihan. Kaasup dina soal akidah. Mun teu kapir, nya iman. Ulah satengah sapotong. Sakapeung iman, sakapeung kapir.

Apin sorangan teu nyaho. Naha dirina boga pamilih nu panceg kitu? Atawa mindeng luak-léok pucuk wian? Atawa kawas éngkang-éngkang? Rumasa, sapanjang hirup genep puluh taun, tacan boga pamilih nu luyu jeung kanyataan. Ngaku iman, padahal ukur wawayagon. Disebut kapir, nolak entang-entangan.

Obin mah, ti opat puluh tujuh tau ka tukang geus boga pamilih tur wani ngabuktikeunana dina kahirupan sapopoé. Malah geus deukeut ka maot ogé, wani nangtukeun panonoban pamungkas pikeun ragana nu geus ngababatang. Henteu di Nusa Kambangan, henteu di Pulo Buru. Tapi di lembur, nu kungsi jadi pamatuhanana baheula.

Angin nebak ti lebak. Muragkeun kembang-kembang samoja nepi ka mayak dina astana. Sora situncuing lir nurih langit. Apin ngagerentes:

“Kang Obin, Akang geus tinemu jangji ahir. Pék sing tagen nyanghareupan tanggung jawab pribadi Akang ka Gusti Alloh nu ku Akang baréto dianggap euweuh. Mugi-mugi baé salami akang ngumbara di dunya, kungsi anjog ka lahan nu nganyatakeun ayana Dzat Nu Maha Kawasa, tur jadi kayakinan anyar nu ku Akang bisa dibuktikeun sabada nyawa katut amal-amal pegat, jeung awak nyangkorah dina logak sacangkowak.”***

(Dimuat dina Manglé No. 2133. Pinilih katilu Hadiah Sastra LBSS 2007 Kategori Carita Pondok)

H. Usép Romli HM, guru nu ganti cabak jadi wartawan, tur kungsi indit ka pangperangan di Afghanistan, Timur Tengah jeung Bosnia. Pangrang produktif, nulis sajak, carpon, éséy, boh basa Sunda boh basa Indonesia. Karyana nu geus medal dibukukeun di antarana Si Ujang anak Peladang (1973), Pahlawan-Pahwalan Hutan Jati (1974), Pahlawan tidak dikenal (1980), Nyi Kalimar Bulan (1982), Bambu Runcing Aur Kuning (1984), Désa Tercinta (1984), Berlibur ke Kaki Gunung (1982), jeung lain-lainna. Ari sajak, roman, jeung antologi carponna, nu geus medal nyaéta Sabelas Taun (1979), Ceurik Santri (1985), Nganteurkeun (1966), Jiad Ajengan (1991), Nu lunta jauh (1922), Paguneman Jeung Fir’aun, Béntang Pasantrén, Saenggeus Umur Tunggang Gunung, Sapeuting di Cipawening, Péngkolan Jalan Cikajang, jrrd.

Usep Romli pupus dinten Rebo, ping 8 Juli 2020, di Klinik Al Yamin, Kecamatan Limbangan, Kabupaten Garut.

Respon (52)

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *