Ku Suryatno Suharma
YEUH…
Ieu mah bubuhan kalakonan. Inget keneh pisan nepi ka bubuk leutikna. Masing nepi ka iraha oge bakal jadi catetan hirup. Notes lah.
Cing geura.
Ngendong teh di Piadeuk Banjar. Gandeng sora kareta. Hareudang karasana awak teh.
“Enjing daftar, Mang!”
Ceuk pribumi.
Nya peuting eta mah teu tibra sare teh. Isukna siap tuluy bae ka sakola.
Motor eureun, kuring ge turun. Daftar antri jiga batur. Jongjon tah. Tinggal nungguan waktu tes. Wuihhh, rea nu hayang ditarima di eta sakola. Alesanna rupa-rupa. Aya nu milih pedah negeri. Aya oge lantaran imahna teu anggang ti dinya.
Mulang ka lembur nyiapkeun sagalana luyu jeung sarat umumna. Dicatet dina notes.
Lembur simpe hate rineh. Kuring rek nuluykeun sakola.
“Sok sing getol diajar sakola nepi ka Fakultas!”
Kitu ceuk Oyot di lembur.
Ibur atuh, kuring rek sakola deui ka kota.
Waktu tes. Sababaraha poe lancar. Mulang deui bae ka kembur nungguan pangumuman.
“Kumaha kira-kira?”
Tanya kolot harita.
“Mudah-mudahan lulus.”
Tembal teh.
Harepan gede.
Bener tah lulus. Aya ngaran sorangan ngajeblag dina lambaran kertas nu diembarkeun dina bor di eta sakola.
Moal kacaturkeun gambaran bungangangna hate kuring. Bungah kacida.
Atuh kolot ge beuki sumanget ngongkosan. Waragad sakola zaman harita. Deuh…
Biasa we duit mah kaladangan. Aya tina pare, cengkeh, kopi, kalapa, lauk. Atawa hasil kebon sejenna.
Biur ka tempat kos. Indekos di Jalan Kaum. Aya ngaran gang di dinya. Gang Sawo Hejo.
Naek kelas. Eta teh sarengsena diajar taun kahiji di hiji C. Aringet keneh babaturan oge. Kabayang puguh paripolahna. Sarua we sok hareureuy cara kuring.
“Asyiiikk!”
Ceceng ka kosan.
“Hayu!”
Cekeng.
Biasa bisnis.
Kos oge geus ka Olpado harita mah. Sisi jalan raya pisan. Anu di buruanna aya tangkal rambutan geuning. Mr. Rius batur sakosan teh. Bageur urang Ciganjeng. Aya oge dulurna sakola di ST. Cuhdi ngaranna.
Asa tara ngaprak tapi jadi arapal lelewek Banjar mah. Ti Jalan Merdeka tug ka Jalan Pamarican kaubek. Jero kota mah harianeun ti Pasar keneh ge ngidul Jalan Kantor Pos anjog ka Jalan Buntu. Rel kareta stasion. Ti alun-alun ngulon jalan Cimaragas parat ka kampus panineungan. Mipir kaler ti Kaum ka Cimenyan nuluy ka SMP 3. Ti terminal ngulon ge ayeuna mah rame tur gegek ku paimahan.
Harita mah Lapang Bakti rame wae. Komo ti alun-alun ngetan nuju Rumah Sakit. Jalan Pagadean. Tuluy ka Jelat. Inget ka Maman. Di mana nya ayeuna?
___________
Kaitung anyar ti Banjar basa rombongan ulin. Biasa grup atrok. Tilu tempat pangendongan, Parungsari, PDAM, jeung Terminal Lama. Bareto mah di Jalan Gudang sok dipake pangreureuhan. Dasar atuh lalakon hirup. Mutuh pikabetaheunna teh ku guyub rea batur. Mun mapay, pabalatak balad.
Najan kitu, salila sakola di ieu kota teh aya we acara kaluar saperti mapah ka Pangandaran. Kemping di Emplak Kalipucang lembur Anwar. Ngulon ka Cimaragas. Malah parat ka Manonjaya ka bumi Uu. Aya Yuyu pan di Balokang oge. Mun ngetan ka Langensari lembur Subianto. Inget ngala duwegan reupreupan lagu magrib. Can amprok jeung Opik mah di Banjarsari. Padahal kungsi lila di Dede.
Balakecrakan harita disuguhan sagala.
Mun tugas ti sakola nu anggang mah ka Mergo jeung ka Solo. Waas deui bae naek kareta. Arulin di Pasar Klewer. Caritana nawar batik ngarah murah. Ah, nyobaan nyarita ku basa Jawa.
“Dupi encep ti mana?”
Hah siah. Era abi.
“Banjar, Bu!”
Tukang dagang batik seuri.
“Ibu ge ti Tasik!”
Tah,
Geus kitu mah, era deui bae. ***
Suryatno Suharma, alumni SMEA Negeri Banjar awal tahun ’80-an.