Kénging Ki Umbara
NU maréntah Basrah harita Wakil Khalifah nya éta Amir Khalid bin Abdullah Al-Qisri.
Hiji poé di majlis Amir, réa jalma keur ngarubung-rubung hiji pamuda ganteng jeung sopan. Eta pamuda téh dideuheuskeun ka payuneun Khalid. Khalid mariksa ka jelema nu nyekelan éta pamuda.
”Naon kasalahan eta pamuda nu matak dideuheuskeun ka kami?”
Jawabna: ”Nun Amir, ieu pamuda téh bangsat, nu kamari wengi kacerek di rorompok abdi.”
Khalid neuteup éta pamuda anteb pisan, anjeunna ngaraos hemeng aya pamuda sakitu cakep jeung sopanna dituduh maling. Anjeunna maréntah ka nu nyekelan éta pamuda,
”Lesotkeun! Tuluy sina deukeut ka ditu diukna!”
Saur Khalid ka éta pamuda, ”Bener manéh maling?”
Témbal éta pamuda, ”Leres, nun Amir.”
“Naon sababna manéh ngalakukeun pagawéan anu hina kitu? Padahal manéh téh teu boga beungeut bangsat.”
”Katipu ku dunya, nu mawi nasib abdi kieu teh, nun.”
”Hanjakal, rupa jeung anggah-ungguh manéh nu taya cawadeunana téh, henteu bisa ngahalangan manéh maling.”
”Teu kedah kapapanjangan, nun Amir… Langkung saé jalankeun baé aturan Allah. Mangga leungeun abdi teukteuk. Gusti Allah tara nanggeuy di bongkokna.”
Amir Khalid ngaheneng sakedap, tuluy miwarang éta pamuda leuwih deukeut diukna.
Saurna, “Kajujuran manéh ngaku kasalahan di hareupeun ratusan jalma, nimbulkeun kahamham ka kami, teu percaya manéh bangsat. Caritakeun terus terang hal naon anu tumiba ka diri manéh salian ti perkara maling!”
”Nun Amir, ulah nyangka nu sanés-sunés. Nu parantos dicarioskeun ku ubdi, éta nu saleresna. Teu aya hal nu sanésna. Abdi lebet ka bumi ieu jalma, abdi maling harta-bandana; abdi kaperego sarta katangkep, terus dibantun ka dieu.”
Ti dinya éta pamuda dipiwarang diasupkeun ka bui, sarta Amir miwarang tukang-bendé ngembarkeun ka sakumna pangeusi kota Basrah, bisi rék narongton palaksanaan hukum teukteuk leungeun, isukan. Sanggeus dipasang ranté beusi dina sukuna duanana, éta pamuda téh narik ambekan panjang sarta humandeuar.
“Khalid rek neukteuk leungeun mun rasiah henteu dibuka. Aing jangji moal haté pancuh lantaran cinta kajeun leungeun pegat diteukteuk ti batan ngaran manéhna goréng.”
Eta syair téh kadengeeun ku nu jaga. Buru-buru manéhna indit ngadeuheus ka Amir nerangkeun nu kadéngéna, Ngadangu kitu, Amir Khalid wuwuh curiga. Anjeunna miwarang supaya éta pamuda tengah peuting dideuheuskeun ka anjeunna.
Amir Khalid pohara katarikna ku anggah-ungguh, budi jeung akalna eta pamuda. Anjeunna miwarang padamelna nyadiakeun kadaharan jeung inuman. Eta pamuda diajak dahar saalas jeung anjeunna. Bari tuang téh ngobrol ngalér ngidul. Tungtungna Khalid sasauran, “Kami nyaho yén manéh ngandung rasiah salian ti perkara maling. Isukan, mun para hakim geus haladir jeung nu rék narongton geus merul daratang; mun manéh ku kami ditanya bener henteuna geus maling, manéh kudu mungkir, yén éta tuduhan teh bohong, teu puguh alesanana. Ku kitu téh manéh bakal dibébaskeun. Bébas tina hukuman, hukum teukteuk leungeun. Kangjeng Nabi kungsi sasauran, ‘Ulah ngahukum jelema anu dituduh kalawan syubhat.”
Geus kitu éta pamuda dibalikkeun deui ka bui.
Isukna isuk-isuk pisan jelema-jelema geus merul daratang, awéwé lalaki kabéh pangeusi Basrah kalaluar rék nyaksian eta hukuman. Khalid ogé geus sumping nitihan kuda, diiring ku gegedén-gegedén Basrah. Hakim-hakim ogé geus haladir.
Tuluy si pamuda disaur asup ka Majlis.
Manéhna asup digénjang ku patugas, leumpangna jajarigjeugan, lantaran sukuna digugusur beurateun ku belenggu.
Suasana jadi ramé ku awéwé-awéwé anu tingaringhak ceurik, tayohna teu tégaeun pamuda sakitu simpatikna rék diteukteuk leungeunna.
Sanggeus jempé, Khalid sasauran, “Yeuh budak ngora, éta jalma-jalma naruduh ka manéh, yén manéh geus asup ka imah sarta maling harta bandana. Bener éta téh?”
”Leres, nun Amir. Abdi parantos lebet ka imah sarta maling hartana.”
”Bisa jadi manéh maling harta bandana téh sahandapeun harga nu diwajibkeun hukuman teukteuk leungeun?” saur Amir deui.
”Sanés, nun Amir. Nu dipaling ku abdi téh langkung ti éta étangan.”
”Bisa jadi manéh keur teu sadar atawa teu ngahaja?”
”Abdi sadar, nun Amir.”
”Bisa jadi manéh nyampuran modal kana usaha maranéhna?”
“Henteu, nun Amir. Abdi henteu babarengan usaha sareng maranéhna.”
Ngadangu kabéh jawaban eta pamuda, Amir Khalid henteu kinten nahan amarahna. Jung anjeunna ngadeg. Habek beungeut eta pamuda diteunggeul ku cameti kudana. Sanggeus leler napsuna, anjeunna ngucapkeun paribasa kuna: — Jalma boga angen-angen pikeun ngahontal cita-citana, tapi Allah ngalakukeun anu dikapalay-Na.
Ti dinya Amir ngarérét ka algojo, méré isyarat supaya sadia ngalaksanakeun hukuman teukteuk leungeun ka éta pamuda téa.
Waktu éta pamuda geus nyodorkeun leungeunna, algojo geus ngalugas pedangna keur nangguan paréntah cekna neukteuk. Ujug-ujug hiji mojang geulis kaluar tina gumplukan nu narongton, ngajerit muru ngarawu suku éta pamuda. Nu réa jadi ribut.
Eta mojang teh tuluy nyorowok, “Nun Amir, kalawan asma Na Allah éta hukuman teh ulah waka dilaksanakeun, saméméh Amir maos ieu serat!”
Buru-buru eta mojang nyanggakeun surat ka Amir, Amir nampanan eta surat, tuluy diaos:
Pahlawan Khalid, panuhun hukuman ulah dilaksanakeun manéhna cilaka, lantaran ieu panon anu seukeut nembus jajantungna.
Manéhna ngaku jadi bangsat unggah ka imah peuting-peuting, nun pahlawan pamuda satiawan manéhna mulya alim budiman katiban cinta tetep iman.
Tamat maos éta surat, Amir Khalid meubeutkeun anjeun, kana korsi. Lila teu sasauran. Tuluy misahkeun anjeun ti nu réa. Si Mojang disaur, dipariksa naon nu geus kajadian.
Si Mojang nyarita, yen manéhna jeung eta pamuda teh geus lila silih asih, tapi kolotna jeung dulur-dulurna teu terangeun. Peuting éta Si Pamuda datang ka imahna téh saenyana rék ziarah. Sanajan geus aya di jero imah, tapi ku lantaran teu nyahoeun lebah-lebahna kamar kabogohna, manéhna méré kode ku malédog ku karikil ti balik panto. Tayohna sora muragna karikil teh kadaréngéeun ku bapa jeung ku dulur lalakina. Maranéhna naék ka luhur. Sanggeus éta pamuda ngarasa yén baris katangkep, kalawan ngahaja manéhna nyokot pakéan anu nyarampay jeung barang-barang perhiasan, dikumpulkeun dina hiji bungkusan. Keur kitu bapa jeung dulurna Si Mojang téa daratang. Manéhna dibangsat-bangsat, tuluy ditarewak, dituduh maling sarta dibawa ka hakim. Waktu ditanya ku hakim, manéhna ngaku geus maling, tetep pancuh pangakuanana teh supaya bapa jeung dulur-dulurna éta mojang, tetep teu nyarahoeun kana rasiah éta mojang. Manéhna leuwih suka diteukteuk leungeunna, pikeun nyimbutan aib bébénéna.
Kitu caritaan Mojang téh.
“Mun kitu, euweuh salahna éta pamuda disebut budiman,” saur Amir Khalid
Ti dinya eta pamuda téh dipiwarang caket ka anjeuna, Tuluy dicium tarangna. Bapana éta Mojang disaur. Ka manéhna Amir sasauran, “Yeuh syékh, tadina kami rék ngaragragkeun hukuman ka ieu pamuda téh. Tapi syukur ka Gusti Allah geus nyabébaskeun kami tina nyieun kasalahan. Ayeuna manéhna rék dibere duit 10.000 dirham réana, sabab manéhna geus nganggap murah leungeunna diteukteuk, pikeun miara ngaran manéh jeung ngaran parawan manéh. Anak manéh ogé rék dibéré 10.000 dirham. Jeung manéh kudu ngidinan maranéhna nikah.”
“Nun Amir, abdi ngawidian,” jawab éta kolot téh. ***
Sumber: Manglé
Ki Umbara, nami aslina nyaéta H. Wiredja Ranusulaksana. Lahir di Kuningan, 10 Juli 1914. Tamatan Normaalschool Sérang 1933 sareng SGA 1954. Kawitna ngawulang di SD. Saterasna diperbantukan salaku Kepala SMP Muslimin III Bandung dugi ka pensiun (1971).
Janten Redaktur Majalah Manglé (ti kawit 1963) sareng Pélét (1965-1967). Anjeunna ogé dipikawanoh salaku pangarang carita sajarah sareng misteri. Carita Ki Umbara nu disadur tina sejarah atanapi carita jurig kentel pisan ku unsur dakwah Islam.
Ki Umbara pupus di Bandung, 24 Désémber 2004.











