Jamparing Asih nu Mentangkeun Harepan

15384
Ilustrasi guru, (Foto: Kemendikdasmen).

Ku Suryatno Suharma

Réa nu inget ka guru lantaran jasa-jasana. Teu saeutik alumni nu sok migeuykeun kalakuan guruna jaman sarakola. Jeung loba carita lucu geusan dongéng lalakon saréréa basa tolabul ilmi. Pangpangna mah sok inget kana pasipatan guru nu dianggap pantes mun digunemkeun mangsa réunian.

“Harita, kuring sok diheureuyan ku guru A!” ceuk babaturan awéwé.

“Enya, puguh… urang gé sieun ari kitu téh?” témbal balad nu séjén.

Aya deui nu kungsi dicarékan ku guru lantaran tara migawé péér.

“Uing mah resep ka Bu X,” batur kuring nu séjén nembal.

“Salian ti bageur téh geulis tuda!” nu lian milu nimbrung.

Biasana gé kitu. Teu béda guru gé. Sok inget baé ka murid nu baheulana bangor, pinter, atawa geulis. Ari ka murid réréana mah umumna biasa baé. Tara jadi carita ieuh.

Saprak amprok jeung batur sakola baréto teu weléh aya saurang baé mah guru nu jadi puseur obrolan.
Upamana guru pinunjul téh kaasup inyana nu basajan, bageur, tur nyongcolang. Sakur alumni mah minangka muridna kudu inget baé ka guru modél kitu téh.

Ngan mémang béda jaman sok béda wé caritana. Béh ditu mah amprok jeung guru téh maké jeung éra tur mamandapan. Komo mun murid kapanggih ngaroko atawa bobogohan. Majar teu kitu jaman kiwari mah. Robah pisan kabiasaan barudakna teh, ka guru wani ngalawan, cenah.

Tah, pangalaman jiga kieu téh kapanggih ku nu sok rajeun miluan réunian. Rupaning paripolah jaman sakola kakobét deui sarta jadi bahan carita éndah.

Parandéné kitu tetep ari rasa hormat mah kudu dijaga. Ari sabab urang kieu ayeuna teh lantaran jasa guru.

Sakumaha suksésna urang kiwari ulah nepi ka mopohokeun apingan sarta kahadéan guru urang baheula. Da dihenteu-henteu gé unggal guru miboga tarékah alus sangkan para muridna nyongcolang jeung jadi gaganti nu baris nuluykeun talajakna. Geus kaérong alumni nu suksés tangtu maranéhna nu ngarasa hormat tur teu poho kana tuladan para guru téa.

Sapuk mun atikan jadi bagian hirup utama pikeun ngawisik diri geusan nanjungna warga bangsa. Taya bosenna enggoning riksa budaya, utamana nanjeurkeun ajén-inajén guru pinunjul.

Saméméh elat, saha deui nu kudu mulasara ieu bangsa mun lain urang nu nuluykeun talajak guru urang jaman éta?

Guru téh gaganti kolot urang nu ngawarah saréréa sangkan jadi jelema nu pinuh tuladeun, bari teu leupas tina tetekon hirup salalawasna. Jamparing asih nu mentangkeun harepan.

Genah, merenah, tur tumaninah mun jaga urang nuluykeun hanca guru-guru pinunjul. ***

Suryatno Suharma, guru, bumén-bumén di Cihideung, Parongpong, Bandung Barat.